Diuk

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bule keur diuk cingogo

Diuk nya éta birit sina cicing dina batu, taneuh, bangku, dadampar. Lemesna calik atawa linggih.[1]

Rupa-Rupa Diuk[édit | sunting sumber]

  1. Andegléng : diuk ajeg tumaninah dina korsi. [2]
  2. Andeprok  : emok rakep (awéwé).[2]
  3. Anjeucleu : diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur (dina tonggong munding, kuda,jst).[2]
  4. Campego  : diuk sababaraha lilana kawas nu didagoan.[2]
  5. Candeluk  : diuk sababaraha lilana kawas aya nu didagoan.[2]
  6. Cangogo atawa cingogo : nagog, peta saperti nu keur bubuang.[2]
  7. Émok  : diuk awéwé, sukuna duananaditikelkeun semu ka gigir ditindihan ku dua pingping.[2]
  8. Nagog  : cingogo.[2]
  9. Nangguey gado : diuk biasana ngan leungeun sabeulah dipaké nanggeuy gado, diuk nanggeuy gado biasana keur ngalamun atawa baringung pipikiran. [2]
  10. Ngabaheuhay  : diuk nyangunjar bari suku direnggangkeun, biasana lantaran capé.[2]
  11. Ngabebengkong atawa ngalegeday : diuk lila rada semu bengkung, bari nganggur.[2]
  12. Nyanghunjar  : diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah.[2]
  13. Nyanghunjar  : diuk bari ngalonjorkeun suku duanana.[2]
  14. Lembar  : diuk bari ngalonjorkeun suku duanana.[2]
  15. Nyangsaya  : diuk bari nyarandékeun awak kana tempat nu disarandéan.[2]
  16. Sidengdang  : diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah panggung nu aya kolongan).[2]
  17. Sideuha  : diuk emok atawa sila bari leungeun sabeulah dipaké nulak awak.[2]
  18. Sila  : diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didengkakkeun.[2]

Rup-rupa Sila[édit | sunting sumber]

  1. Sila andekak : sila semu rubak, biasana bari nyanghareup kadaharan.[2]
  2. Sila ipis  : sila ruabk, tuur anggang pisan tepi ka jébrag.[2]
  3. Sila mando  : sila bari leungeun duanana aya di antara dua suku nu ditumpangkeun, awak biasana semu doyong ka hareup.[2]
  4. Sila tumpang : sila bari dampai suku duanana numpang dina pingping kénca katuhu.[2]
  5. Sila tutug  : suku nu sabeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun.[2]

catetan[édit | sunting sumber]

  1. Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w [Hadi,Ahmad.1991.Peperenian (Kandaga, Unak-unik, Rusiah Basa Sunda.Bandung: Geger Sunten]