Kabuyutan Astana Gedé

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Kabuyutan Astana Gedé Kawali mangrupakeun situs sajarah titinggal Karajaan Sunda. Sawatara ahli malah ngaduga-duga yén ieu situs téh mangrupakeun situs penting ti saméméh karajaan Sunda. Situs ieu ayana di Kawali, kaléreun Kota Ciamis.

Di kabuyutan ieu aya sababaraha prasasti (katelah prasasti Kawali) titinggal Karajaan Sunda mangsa Prabu Niskala Wastu Kancana. Salahsahiji tulisan dina prasastina, nyaéta "Mahayunan Ayunan Kadatuan", dijadikeun motto juang Kabupatén Ciamis.

Lian ti prasasti, di kabuyutan ieu aya sababaraha artéfak séjénna:

Palangka minangka singgasana atawa kaprabon anu sapopoe gunana pikeun sinewaka atawa narima semah, utusan boh ti jero atawa luar nagara. Dina awal pamarentahan raja nya ieu batu sok dipake ngistrenan atawa ngalantik raja sabada eta pirajaeun teh lulus tina rupa rupa ujian nu ditangtukeun ku baris kolot.

Ngeunaan batu ukir can aya kacindekan ti para ahli sajarah, ngan numutkeun kana panalungtikan Saleh Danasasmita basa maluruh naskah Sanghyang Siksakanda Ng Karesian, rupana tapak leungeun kenca teh ngalambangkeun diri luareun eta raja, da lamun ngagambarkeun inyana mah tangtu ku leungeun katuhu. Hartina raja jauh leuwih mentingkeun saluareun dirina batan dirina sorangan.

Ari tapak suku dua mah ngagambarkeun adeg adeg raja nu panceg kana tetekon sarta kayakinan dirina. Garis garis mah sigana ngan ukur ornamental kawas buleudan buleudan dina prasasti Batu Tulis Bogor atawa dina prasasti Ciaruteun.

[édit] Baca ogé

Arjuna Wayang.jpg
Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot