Kaca Eunteung
|
|
Eusi ieu kaca keur diropéa saheulaanan. Ngarah henteu pagedrug, salila ieu tangara aya kénéh mah ulah waka ngédit. Ieu kaca panungtungan dirobah jam 12:58, 11 Maret 2013 (UTC) (2 kaliwat). Mangga hapus ieu citakan mun ieu kaca teu diédit salila sababaraha jam. Mun anjeun anu nambahkeun ieu citakan, mangga hapus atawa ganti ku {{diropéa}} lamun keur teu ngédit. |
Kaca eunteung, nya éta geblegan kaca nu sabeulahna diulasan sabangsa cét pikeun ngeunteung, sok disebut ogé eunteung.[1] Nangtung hareupeun eunteung bisa nyaho kana rupa sorangan.[1]
Salila rébuan taun, kaca-kaca anu dipaké ku manusa dijieun ti logam anu geus digosok kuningan, parunggu, pérak, atawa emas.[2] Kira-kira dina taun 1300, para pengrajin di Venice manggihan hiji cara pikeun nyieun eunteung-eunteung ku kaca ku cara ngabeuleum lapisan cai raksa sarta timah.[2] Kalayan pohara gancang, eunteung-eunteung ti kaca ieu ngagantikeun eunteung-eunteung ti logam.[2] Tapi eunteung-eunteung kaca ieu téh jauh ti sampurna.[2] Dina taun 1691, di Perancis kapanggih hiji cara pikeun nyieun kaca lempengan.[2] Alatan kaca lempengan leuwih beurat sarta cemerlang, kaca éta jauh leuwih luyu pikeun eunteung-eunteung tinimbang kaca-kaca biasa.[2]
Kamajuan saterusna nyaéta dipakéna lapisan pérak ipis dina bagian tukang eunteung sarta lain tina campuran timah cai raksa.[2] Lain ukur ngan uap cai raksa anu picilakaeun pikeun para pagawé, tapi lapisan pérak anu anyar éta ogé mantulkeun leuwih loba sinar-sinar lampu sarta leuwih alus pikeun dipaké minangka eunteung.[2] Ieu ogé ngarah kana beuki gancangna prosés pembuatan sarta nyieun eunteung leuwih murah.[2]
Dewasa ieu, kaca lempengan anu kandelna saparapat inchi dipaké pikeun nyieun eunteung-eunteung kelas hiji.[2] Kaca dipotong nurutkeun ukuran anu dipikahayang kalayan ngagunakeun pemotong diamond.[2] Di "pabrik pengasahan", tungtung-tungtung kaca dikokolakeun ku keusik sartacai.[2] Saterusna, dilicinkeun jeung batu keusik lemes sarta digosok kana lawon-lawon penggosok anu dilapis ku gincu.[2]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |