Keane
Keane nya éta grup musik asal Inggris anu sering disebut nganut aliran piano rock[1]. Personil Keane diantarana: Thomas Oliver Chaplin (Vokal, piano, organ, gitar), Timothy James Rice-Oxley (Piano, keyboard, bass, vokal latar), jeung Richard David Hughes (Drum, perkusi, vokal latar)[2].. Keane dibentuk di Battle, Sussex Wétan taun 1995 kalayan ngaran The Lotus Eaters[1]. Ngaran The Lotus Eaters diganti jadi Cherry Keane, nya éta ngaran hiji wanoja anu sering ngasuh Timothy jeung Thomas nalika leutik kénéh[2]. Terus ngan Cherry Keane ieu disingkat jadi Keane[2].
Diskografi [édit]
Keane mulai aktip taun 1997, sanggeus Tom asup ka grup[2]. Sabudeureun taun 1999-2001, Keane ngarilis single maké label indepénden ( label Keane sorangan) Zoomorphic[2]. Single-single anu dirilisna nya éta: Call Me What You Like (kalayan lagu-lagu Call Me What You Like, Rubbernecking, jeung Closer Now) sarta Wolf At The Door (kalayan lagu-lagu Wolf At The Door, Call Me What You Like, jeung She Has No Time)[2]. Sanggeus loba ngarilis single, ahirna di Taun 2004, Keane ngarilis albumna kalayan judul HOPES AND FEARS[1]. Ieu album pernah jadi jawara dina tangga lagu musik Inggris[1]. Diteruskeun kun album kaduana nya éta UNDER THE IRON SEA taun 2006[1]. Ieu album ogé bisa jadi jawara tangga lagu[1]. Anu pamungkas, Keane ngarilis album katiluna PERFECT SYMMETRY dina bulan Oktober 2008[1].
Référénsi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |