Lini Pasundan 2009

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Lini Pasundan 2009
2009-September-Java-quake-shake-map-USGS.jpg
Titimangsa 2 Séptémber 2009 (2009-09-02)
Magnitudo 7,3 M_\mathrm{w}
Nagara nu keuna Indonésia
Korban nepi ka denget ieu 60 urang tiwas

Lini Pasundan 2009 nyaéta lini téktonik anu kajadian dina tanggal 2 Séptémber 2009 dina pukul 14.55 WIB kalayan puseur lini di 142 km beulah kulon kidul Tasikmalaya, Jawa Kulon anu kakuatanana 7,3 SR.[1] Lini téktonik kasebut lumangsung alatan lémpéng Indo-australia nabrak lémpéng Eurasia. Lini anu ngoyagkeun ogé dirasakeun nepi ka pulo Bali.[2]

Daptar eusi

[édit] Korban

Puluhan urang tiwas sarta ratusan urang séjénna ngalaman tatu-tatu, dilantarankeun ieu lini.[3]

[édit] Karuksakan

Puluhan rébu wangunan imah atawa gedong pakantoran di Bandung, Cianjur, Garut, sarta Sukabumi ruksak.[4][5]

[édit] Lini susulan

  • Lumangsung lini susulan anu kakuatanana 4.9 SR dina pukul 16.28 WIB dina tanggal 2 Séptémber 2009.[6]

[édit] Rujukan

Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa