Munara Pisa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Munara Pisa*
Loka Warisan Dunya UNESCO

Leaning Tower of Pisa.jpg
Nagara Italia Italia
Tipeu Budaya
Kriteria i, ii, iv, vi
Rujukan 395
Wewengkon Amérika Utara jeung Éropa
Sajarah inskripsi
Inskripsi 1987  (Sési ka-15)
* Ngaran saperti nu diterangkeun dina Daptar Warisan Dunya.
Wewengkon saperti nu diklasifikasikeun ku UNESCO.

Munara Pisa nya éta ngaran munara anu jadi kareueus urang kota Pisa, Italia.[1] Minangkana mah jadi landmark na kota Pisa.[1] Luhurna Munara Pisa téh 56,70 méter, kalayan lébar bagian handapna 4,09 méter.[1] Saupama rék ngajugjug ka luhur munara kudu mapay titincakan anu lobana 294 umpak.[1] Nu nyababkeun ieu munara kasohor dimana-mana nya éta kusabab éta munara téh déngdék.[1]
Munara Pisa diadegkeun tanggal 9 Agustus 1173,[1] tur diadegkeun dina tilu jirangan. Jirangan kahiji di mimitian dina taun 1178, ngabéréskeun nepi ka tingkat tilu.[2] Ieu pangwangunan téh kungsi eureun dina taun nu kalima alatan ieu munara geus mimiti doyong nyanghareup ka kidul.[2] Pangwangunan ieu munara dieureunkeun kira-kira salila 100 taun, sarta saméméh taun 1272, luhur munara ditambah jadi 4 umpak kalayan nyanghareup ka arah anu patukang tonggong jeung saméméhna, tur dipiharep éta munara téh bisa ajeg deui kawas rarancang anu sabenerna.[2] Tapi pangwangunan éta di eureunkeun deui, alatan taneuh anu aya di sabudeureun wangunan munara henteu stabil, nepi ka pamustunganana pangwangunan dituluykeun dina taun 1360 - atawa 80 taun saterusna.[2] Déngdékna Munara Pisa téh kusabab diadegkeunana éta munara téh di luhureun urut walungan heubeul anu taneuhna beyé tur keusik hungkul, sedengkeun pondasi munara teu pati jero, padahal éta munara beuratna 14.500 ton.[1] Waktu Musolini keur nanjeur, kungsi ditarékahan kucara disuntik semén pondasina, mémang aya hasilna tapi teu nyugemakeun pisan.[1] Taun 1990 kungsi ieu munara téh kaayaanana pikasalempangeun pisan, malah kungsi ditutup pikeun turis nu hayang ka éta munara.[1] Najan angger déngdék, tapi kiwari mah éta munara téh leuwih seseg teu pikamelangeun.[1] Malah ceuk para ahli, éta munara téh teu kudu dipikahariwang paling copél 300 taun ka hareup. [1]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k Galura.edisi III Desember 2010.Hal. 07
  2. a b c d Menara Pisa (id) (Diakses ping 5 November 2011)