Péstisida
Pestisida nya éta substansi kimia jeung bahan séjén sarta jasad renik ogé virus anu dipaké pikeun ngadalikeun sagala rupa hama.[1] Anu dimaksud hama di dieu téh pohara legana, nya éta serangga, tungau, gulma, kasakit tutuwuhan anu disababkeun ku fungi (jamur), bakteria jeung virus, saterusna nematoda (bentukna kawas cacing nu miboga ukuran mikroskopis), kéong, beurit, manuk sarta sato séjén anu dianggap ngarugikeun.[1]
Daptar eusi |
Sifat [édit]
Saban péstisida miboga sipat anu béda.[1] Sipat péstisida anu mindeng kapanggih nya éta daya, toksisitas, rumus empiris, rumus bangun, formulasi, beurat molékul sarta titik didih.[1]
Cara Gawé Pestisida [édit]
Péstisida miboga cara gawé anu béda-béda.[1] Aya opat rupa cara gawé péstisida nya éta nu kahiji péstisida kontak, hartina miboga daya maéhan sanggeus péstisida keuna kana awak hama.[1] Kadua, péstisida fumigan, hartina miboga daya maéhan sanggeus péstisida anu mangrupa uap atawa gas keuna kana awak hama.[1] Katilu, péstisida sistemik, hartina bisa disalurkeun kana sagala rupa bagian awak tutuwuhan ngaliwatan jaringan, hama bakal paéh lamun nyeuseup cairan anu aya dina tutuwuhan.[1] Pamungkas, péstisida lambung, hartina miboga daya maéhan sanggeus péstisida kadahar ku éta hama.[1]
Jenis Péstisida [édit]
Dumasar kana fungsi atawa sasaran pamakéanana, péstisida dibédakeun jadi 6 rupa, nya éta inséktisida, fungisida, bakterisida, rodentisida, nematisida, jeung herbisida.[2]