Pita Frékuénsi Ku

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Pita frékuénsi Ku (Inggris: Ku-band) nyaéta kelas kahiji tina K-band. Ku-band nyaéta bagian tina spéktrum éléktromagnét kalayan frékuénsi 11,7 nepi ka 12,7 GHz (frékuénsi downlink) sarta 14 nepi ka 14,5 GHz (frékuénsi uplink). http://www.tech-faq.com/ku-band.shtml

Ku-band atawa Kurtz-under band utamana dipaké dina satelit komunikasi, hususna pikeun nyiarkeun televisi satelit atawa Direct Broadcast Television. Ku-band ogé dipaké pikeun sinyal telepon sarta layanan komunikasi bisnis. Grant, A.,& Meadows, J. (2004). Satellites Communication. Communication Technology Update (ninth edition). Burlington: Focal Press.

Ku-band dibagi kana sababaraha ségmén anu dumasar kana pembagian géografis anu ditetepkeun ku International Telecommunication Union (ITU).

Jaringan televisi komérsil kahiji anu ngagunakeun Ku-band minangka média pikeun saluran uplink-na nyaéta NBC, nyaéta dina taun 1983.

Pembagian Wewengkon ITU[édit | sunting sumber]

Wewengkon 1[édit | sunting sumber]

Wewengkon 1 ngawengku Éropah sarta Afrika kalayan wengkuan frékuénsi 11,45 nepi ka 11,7 GHz sarta 12,5 nepi ka 12,75 GHz anu disayogikeun pikeun layanan satelit tetep (fixed satellite service/FSS) kalayan frékuénsi uplinkna antara 14,0 jeung 14,5 GHZ.

Wewengkon 2[édit | sunting sumber]

Wewengkon 2 ngawengku Buana Amérika kalayan wengkuan frékuénsi 11,7 nepi ka 12,2 GHz anu disayogikeun pikeun layanan satelit tetep (fixed satellite service/ FSS). Aya leuwih ti 21 satelit FSS pita Ku anu ngorbit di Amérika Kalér.

Samentara wengkuan frékuénsi 12,2 nepi ka 12,7 GHz disadiakeun pikeun layanan satelit siaran (broadcasting satellite service/BSS).

Kaleuwihan Ku-Band[édit | sunting sumber]

Sistem Ku-band ngabogaan énergi anu leuwih badag pikeun nyegah interférensi (campur aduk) jeung sistem gelombang mikro bumi dibandingkeun jeung sistem C-band, sarta gedéna énergi pikeun ngririmkeun balik sinyal ka bumi ogé masih bisa leuwih dironjatkeun. Dina sistem ieu, énergi pangiriman sinyal babandinganana kabalikan jeung ukuran piringan (anteneu) nu nangkep sinyal. Jadi, beuki gedé énergina mangka ukuran piringan anu diperlukeun pikeun nangkep sinyal kasebut baris beuki leutik. Mirabito, M.,& Morgenstern, B. (2004). Satellites: Operations and Applications. The New Communication Technologies (fifth edition). Burlington: Focal Press.

Sistem Ku-band nawarkeun fléksibilitas anu leuwih géde. Sajaba ti éta, Ku-band ogé leuwih tahan kana hujan dibandingkeun jeung Ka-band. Sistem Ku-band ogé leuwih kahontal lamun ditingali tina sagi waragad alatan ngan maké hiji piringan waé sarta bisa ngagunakeun anteneu anu leutik. http://en.allexperts.com/q/Satellite-Communications-2436/Advantage-Disadvantages-1.htm

Kakurang Ku-Band[édit | sunting sumber]

Sistem Ku-band kacida uduhna ku gangguan cuaca, utamana mangsa hujan gedé. Hujan nu dibarengan ku angin puyuh bisa ngaganggu jalanana prosés panarimaan sarta pangiriman sinyal pikeun satelit anu maké sistem Ku-band. Tapi pikeun panarimaan sinyal televisi, sinyal bisa kagamah lamun curah hujan leuwih ti 100mm pér jam.

Sajaba ti éta, waktu usum salju prosés panarimaan sarta pangiriman sinyal sistem Ku-band ogé gampang kagamah ku ayana fénomena anu disebut snow fade, nyaéta mangsa akumulasi jumlah salju sacara signifikan ngarobah titik fokus piringan anteneu.

Sajaba ti éta, lamun dibandingkeun jeung sistem C-band, sistem Ku-band merlukeun leuwih réa energi pikeun ngirimkeun sinyal.

Rujukan[édit | sunting sumber]