Siaran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Siaran nyaéta distribusi sinyal sora (audio) jeung/atawa gambar (vidéo) anu ngirimkeun program-program ka para pamiarsa atawa kaum dangu.

Aya rupa-rupa sistem siaran. Sistem siaran anu paling loba nyaéta siaran lokal sawates sahiji wewengkon kota jeung wewengkon anu leuwih heureut ti batan kota. Contona siaran nu maké daya listrik leutik anu mancarkeun program-program radio atawa televisi di hiji kota. Conto liana, sistim siaran public address institusional, anu ngirimkeun pesen-pesen nonverbal jeung musik di jero hotél, pasar swalayan atawa rumah sakit pikeun para tamu. Kalayan ngagunakeun pamancar repeater, sistem satelit, malah kabel, pamancar siaran radio jeung televisi nasional bisa boga cakupan dina skala nasional. Pamancar siaran radio jeung televisi ogé bisa ngawengku wilayah anu leuwih lega, saperti benua. Channel Internet malah bisa ngadistribusikaeun téks atawa musik ngamalir (stréamed) ka sakuliah dunya.

Siaran anu dipancarkeun ka sajumlah leutik pamiarsa kaum dangu anu geus ditangtukeun disebut siaran nu kawates atawa narrowcasting.

Program-program televisi jeung radio didistribusikeun ngaliwatan siaran radio atawa siaran kabel, atawa mindeng ogé duanana sakaligus. Ku cara ngagunakeun alat anu ngodekeun sinyal di stasiun pamancar jeung alat panarjamah kode di imah, kiwari dimungkinkeun hadirna layanan-layanan program langganan jeung layanan bayaran-per-program tontonan.

Siaran ngawangun ségmén média massa anu kacida gedéna.

Sacara ékonomi, dumasar kana métode kumaha hiji lambaga panyiaran miboga waragad, aya sababaraha cara supaya kalangsungan lambaga panyiaran bisa sinambung:

  • sumbangan waktu jeung kaahlian ti para sukarélawan (ilahar pikeun siaran komunitas)
  • pangmayaran langsung ti pamaréntah ka lambaga panyiaran pikeun publik
  • pangmayaran ti pamaréntah sacara henteu langsung saperti mangrupa ijin
  • hibah ti unsur-unsur yayasan atawa badan usaha
  • panjualan iklan atawa advertising atawa sponsorship
  • biaya langganan atawa kaanggotaan

Loba lambaga panyiaran anu ngagantungkeun hirupna kana gabungan tina modél usaha ieu. Contona, National Public Radio, hiji jaringan non-komérsial di Amérika Sarikat, narima hibah ti Corporation for Public Broadcasting (anu dina gilirannana narima waragad ti pamaréntah AS), narima bayaran ngaliwatan kaanggotaan publik, jeung ogé ngajual "extended credits" ka pausahaan-pausahaan.

Siaran rekaman jeung siaran langsung[édit | édit sumber]

Urang bisa siaran ngagunakeun rékaman jeung siaran sacara langsung. Siaran ngagunakeun rékaman ngamungkinkeun koréksi kasalahan jeung ngaleungitkeun materi anu kaleuleuwihan atawa teu dipikahayang, nyusun ulang, nerapkeun slow-motion jeung pangulangan, sarta téknik-téknik lain pikeun ningkatkeun pidangan program. Sanajan kitu, sabagian siaran langsung ogé, saperti siaran olah raga jarak jauh, bisa ngasupkeun sababaraha aspék kasebut saperti klip slow motion asupna bal kana gawang dina siaran langsung kasebut.

Kakurangan tina siaran rékaman nu kahiji nyaéta pamiarsa kaum dangu bisa nyaho hasil tina hiji kajadan ti sumber lain. Anu kadua, siaran rékaman nyegah panyiar pikeun nyimpang tina hiji script resmi.

Loba kajadian anu diiklankeun sabagé siaran langsung padahal ngandung rékaman (kadang-kadang disebut sabagé "live-to-tape"). Contona, tontonan artis musisi anu tandang ka sahiji stasiun radio pikeun midangkeun konser jero studio. Dina ha lieu, artis diwawancara langsung tapi musik anu dimaénkeun mangrupa rékaman.

Hiji siaran bisa didistribusikeun ngaliwatan sababaraha alat fisik. Lamun datangna langsung ti studio sahiji stasiun pamancar radio atawa tv, siaran bener-bener dikirim ngaliwatan air chain ka transmiter jeung terus ti antene nu némpél dina munara ka sakuliah dunya. Program siaran, langsung atawa rékaman, ogé bisa datang ngaliwatan hiji satelit komunikasi. Stasiun-stasiun pamancar siaran bisa babarengan mancar simulcast dina waktu anu babarengan ngaliwatan tumbu gelombang mikro atawa satelit.

Diibusi materi ka stasiun pamancar ogé bisa ngaliwatan média fisik, saperti videotape analog atawa digital, CD, DVD, jeung kadang-kadang format liana.

Di sisi pamiarsa kaum dangu, sinyal program bisa datang ngaliwatan jomantara persis saperti stasiun pamancar radio atawa stasiun TV ka antene jeung panarima (receiver), atawa bisa datang ngaliwatan TV kabel [1] atawa radio kabel (atawa "wireless cable") ngaliwatan stasiun atawa langsung ti hiji jaringan. Internét ogé bisa mawa program siaran radio atawa TV ka panarima, husuna ngagunakeun multicasting anu ngamungkinkeun sinyal jeung rubakpita dibagi ka pamiarsa kaum dangu.

Siaran Radio di Indonesia[édit | édit sumber]

Sajarah[édit | édit sumber]

Dina tanggal 17 Agustus 1945, waktu Indonésia ngaproklamasikeun kamardékaannana, proklamasi kamerdékaan kasebut dipancarkeun ka sakuliah Indonésia ngagunakeun hiji pamancar jieunan saurang amatir radio anu ngaranna Gunawan. Jasa Gunawan diaku ku Pamaréntah. Sabagé panghargaan, pamancar radio jieunannana dipintonkeun dina muséum Nasional Indonésia.

Dr Abdulrachman Saleh jeung Jusuf Ronodipuro ogé nyieun pamancar radio anu ditempatkeun dibagian Faal Sekolah Tabib Tinggi Jakarta (anu satuluyna jadi FKUI) sarta dina tanggal 22 Agustus 1945 ngajomantarakeun “The Voice of Free Indonesia”. Dina peuting tanggal 11 Séptémber 1945, di imahna Adang Kadarisman, Dr. Abdulrachman Saleh mingpin rapat anu nandakeun ngadegna Radio Républik Indonésia (RRI). Para hadirin rapat ngawengku utusan daérah urut stasiun panyiaran Jepang. Satutas hasil ngawasa gedong urut stasiun siaran radio Jepang, Hoso Kyoku, Pamaréntah ngajadikeun ieu gedong salaku gedong siaran RRI Jakarta. Stasiun radio kasebut ngajomantara terus tepi ka lumangsungna “Agresi Militer Belanda kahiji” tanggal 21 Juli 1947. Ti mimiti harita, para pamingpin RRI kaasup Jusuf Ronodipuro ditangkep Walanda. Gedong jeung alat siaranna masih bisa dipaké tapi digunakeun sabagé alat siaran radio NICA Walanda. Sacara nasional, RRI ngajomantara ti Yogyakarta jeung sajumlah stasiun lianna anu masih dina kakawassan Républik Indonésia.

Daftar Siaran Radio anu nyiarkeun kandungan lokal kasundaan[édit | édit sumber]

  1. Radio Pertanian Ciawi (RPC); 95,3 FM, 846 AM Stéréo
  2. Radio Républik Indonésia 2 Bogor

Siaran Televisi di Indonesia[édit | édit sumber]

Sajarah[édit | édit sumber]

Dina taun 1961, Pamaréntah Indonésia mutuskan pikeun ngaasupkeun proyék média massa televisi kana jero proyék pangwangunan Asian Games IV anu dikoordinasikeun ku Urusan Proyék Asian Games IV.

Dina tanggal 25 Juli 1961, Menteri Penerangan ngaluarkeun SK Menpen No. 20/SK/M/1961 ngeunaan pambentukan Panitia Persiapan Televisi (P2T).

Dina tanggal 23 Oktober 1961, Presidén Soekarno anu keur aya di Wina ngirimkeun téléks ka Menteri Penerangan mangsa harita, Maladi, pikeun gancang-gancang nyiapkeun proyék televisi kalayan jadwal:

  1. Ngawangun studio di urut AKPEN di Senayan (TVRI ayeuna).
  2. Ngawangun dua pamancar: 100 watt jeung 10 Kw kalayan munara anu jangkungna 80 méter.
  3. Nyiapkeun software (program jeung tanaga).

Dina tanggal 17 Agustus 1962, TVRI mimiti ngayakeun siaran percobaan dina acara HUT Proklamasi Kamerdékaan Indonésia XVII ti buruan Istana Merdéka Jakarta, kalayan pemancar cadangan anu kakuatannana 100 watt. Tuluy dina tanggal 24 Agustus 1962, TVRI ngajomantara pikeun munggaran kalayan acara siaran langsung upacara pambukaan Asian Games IV ti stadion utama Gelora Bung Karno.

Dina tanggal 20 Oktober 1963, dikaluarkan Keppres No. 215/1963 ngeunaan pambentukan Yayasan TVRI kalayan Pimpinan Umum Presidén RI.

Dina taun 1964, mimiti ditaratas pangwangunan Stasiun Panyiaran Daérah dimimitian ku TVRI Stasiun Yogyakarta, anu satuluyna diteruskeun ku pangwangunan Stasiun Medan, Surabaya, Ujungpandang (Makassar), Manado, Denpasar jeung Balikpapan (bantuan Pertamina).

Daftar Siaran Televisi anu nyiarkeun kandungan lokal kasundaan[édit | édit sumber]

  1. Pajajaran

Tingali ogé[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan
Wikibook logo
Wikibook logo
Wikipustaka mibanda tulisan nu leuwih lengkep ngeunaan ieu dina kaca
Wiktionary logo
Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Kahn Frank J., ed. Documents of American Broadcasting, fourth edition (Prentice-Hall, Inc., 1984).
  • Lichty Lawrence W., and Topping Malachi C., eds. American Broadcasting: A Source Book on the History of Radio and Television (Hastings House, 1975).

Tumbu luar[édit | édit sumber]

Bacaan salajengna[édit | édit sumber]

Citakan:Cleanup-list

  • Barnouw Erik. The Golden Web (Oxford University Press, 1968); The Sponsor (1978); A Tower in Babel (1966).
  • Briggs Asa. The BBC--the First Fifty Years (: Oxford University Press, 1984).
  • Briggs Asa. The History of Broadcasting in the United Kingdom (Oxford University Press, 1961).
  • Covert Cathy, and Stevens John L. Mass Media Between the Wars (Syracuse University Press, 1984).
  • Douglas B. Craig. Fireside Politics: Radio and Political Culture in the United States, 1920-1940 (2005)
  • Tim Crook; International Radio Journalism: History, Theory and Practice Routledge, 1998
  • John Dunning; On the Air: The Encyclopedia of Old-Time Radio Oxford University Press, 1998[tumbu nonaktif]
  • Ewbank Henry and Lawton Sherman P. Broadcasting: Radio and Television (Harper & Brothers, 1952).
  • Gibson Géorge H. Public Broadcasting; The Role of the Federal Government, 1919-1976 (Praeger Publishers, 1977).
  • Maclaurin W. Rupert. Invention and Innovation in the Radio Industry (The Macmillan Company, 1949).
  • Robert W. McChesney; Telecommunications, Mass Media, and Democracy: The Battle for the Control of U.S. Broadcasting, 1928-1935 Oxford University Press, 1994
  • Gwenyth L. Jackaway; Media at War: Radio's Challenge to the Newspapers, 1924-1939 Praeger Publishers, 1995
  • Lazarsfeld Paul F. The People Look at Radio (University of North Carolina Press, 1946).
  • Tom McCourt; Conflicting Communication Interests in America: The Case of National Public Radio Praeger Publishers, 1999
  • Peers Frank W. The Politics of Canadian Broadcasting, 1920- 1951 (University of Toronto Press, 1969).
  • Alan Taylor. We, the media...", The Hollywood Representation of News Broadcasting, 1976-1999, Peter Lang, 2005, pp. 418, ISBN 3-631-51852-8
  • Ray William B. FCC: The Ups and Downs of Radio-TV Regulation (Iowa State University Press, 1990).
  • Rosen Philip T. The modérn Stentors; Radio Broadcasting and the Federal Government 1920-1934 (Greenwood Press, 1980).
  • William A. Rugh; Arab Mass Media: Newspapers, Radio, and Television in Arab Politics Praeger, 2004
  • Scannell, Paddy, and Cardiff, David. A Social History of British Broadcasting, Volume One, 1922-1939 (Basil Blackwell, 1991).
  • Schramm Wilbur, ed. Mass Communications (University of Illinois Press, 1960).
  • Schwoch James. The American Radio Industry and Its Latin American Activities, 1900-1939 (University of Illinois Press, 1990).
  • Slater Robert. This . . . is CBS: A Chronicle of 60 Yéars (Prentice Hall, 1988).
  • F. Leslie Smith, John W. Wright II, David H. Ostroff; Perspectives on Radio and Television: Telecommunication in the United States Lawrence Erlbaum Associates, 1998
  • Sterling Christopher H. Electronic Media, A Guide to Trends in Broadcasting and Newer Technologies 1920-1983 (Praeger, 1984).
  • Sterling Christopher, and Kittross John M. Stay Tuned: A Concise History of American Broadcasting (Wadsworth, 1978).
  • White Llewellyn. The American Radio (University of Chicago Press, 1947).