Pasar
Pasar nya éta tempat jelema nu daragang di tempat anu geus ditetepkeun diunggal kabupatén, distrik, kacamatan, malah méh di unggal désa sok aya pasar[1].
Daptar eusi |
Rupa-rupa Pasar [édit]
Bag-bagan Pasar Numutkeun Waktuna [édit]
1. Pasar Poéan, nya éta tempat papanggihna padagang jeung nu meuli anu lumangsung unggal poé[2].
2. Pasar Mingguan, nya éta tempat papanggihna padagang jeung nu meuli anu lumangsungna sakali dina saminggu[2].
3. Pasar Bulanan, nya éta tempat papanggihna padagang jeung nu meuli anu lumangsungna sabulan sakali[2].
4. Pasar Taunan, nya éta tempat padagang jeung nu meuli anu ayana sakali dina sataun contona Jakarta Fair, Surabaya fair, Tokyo Fair jeung sajabana[2].
Bagbagan Pasar Numutkeun Tempatna [édit]
1. Pasar di éta tempat nya éta pasar anu nyadiakeun pangabutuh barang konsumén di éta tempat[2].
2. Pasar Daérah, nya éta pasar anu ngalayanan para padagang menengah jang daérah disabudeureunana[2].
3. Pasar Nasional, nya éta pasar anu ngadagangkeun barang-barang industri di jero nagri[2].
4. Pasar Internasional, nya éta pasar anu ngadagangkeun barang industri di luar nagri[2].
Bagbagan Pasar Numutkeun Wangunna [édit]
1. Pasar Kongkret/ nyata, nya éta pasar anu nyadiakeun barang-barang nepi ka padagang jeung nu meuli bisa langsung transaksi, contona pasar bungbuahan,jeung sajabana[2].
2. Pasar Abstrak, nya éta pasar anu ngadagangkeun barang dumasar kana conto jeung kualitas barang anu geus ditangtukeun[2].
Contona bursa efek Jakarta, bursa efek Tokyo jeung sajabana[2].
Bagbagan Pasar Numutkeun Rupana [édit]
1. Pasar sampurna, nya éta pasar tempat padagang jeung nu meuli silih mikanyaho harga[2].
2. Pasar teu sampurna, nya éta pasar anu dijerona padagang jeung nu meuli kurang boga kabébasan dina nangtukeun harga paménta jeung nawarkeun[2].
Bagbagan Pasar Numutkeun Loba Saeutikna Padagang jeung Nu meuli [édit]
1. Pasar monopoli[2].
2. Pasar monopsoni[2].
3. Pasar dina kaayaan persaingan[2].
4. Pasar dina kaayaan persaingan monopolitis[2].
Referensi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |