Rasi Béntang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Rasi Béntang nyaéta pengelompokan béntang-béntang di langit nu katempo dina wilayah nu tangtu dina waktu peuting dina wangun konfigurasi imaginer atawa hayalan.[1] Rasi béntang ogé bisa disebut kalayan istilah konstelasi.[1] International Astronomical Union (Persatuan Astronomi Internasional), lembaga anu berwenang dina méré ngaran objek-objek langit, sacara resmi ngaku 88 rasi béntang anu diwangun kana 12 zodiak, 28 rasi béntang di belah kalér, sarta 48 rasi béntang di belahan kidul.[1] Bangsa Yunani Kuna geus saprak lila ngimeutan ayana jumplukan-jumplukan béntang di langit bagian kalér.[1] Maranéhanana saterusna méré ngaran jumplukan-jumplukan béntang ieu kalayan ngaran-ngaran sato atawa sipat mitologi, contona rasi béntang Leo anu hartina singa, Pisces anu hartina lauk, sarta Taurus anu hartina banténg.[1] Sedengkeun rasi béntang Andromeda, Cassiopeia, sarta ngaran inohong-inohong heroik anu aya di jero mitologi Yunani.[1] Pikeun pengelompokan béntang-béntang dina hiji rasi, béntang-béntang éta diproyeksikeun heula dina hal langit nu saterusna dikelompokeun, ku kituna anggota-anggota hiji rasi béntang sabenerna teu padeukeut sarta bisa pajauh.[1] Alatan éta, euweuh hubungan fisis antara béntang-béntang dina hiji rasi béntang.[1] Sawatara rasi béntang ngan bisa ditempo dina usum-usum nu tangtu alatan ayana pergerakan bumi ngalingkung panonpoé.[1] Bagian langit anu kasampak dina jero peuting di tempat-tempat nu tangtu sacara lalaunan robah babarengan kalayan pergerakan bumi kasebut.[1] Para panalungtik anu aya di tempat anu béda ogé nempo bagian anu béda ti langit.[1] Saurang panalungtik béntang di khatulistiwa contona bisa nempo sakumna rasi béntang sepanjang taun, tapi nu nalungtik di Kutub Kalér atawa Kutub Kidul ngan bisa nempo bagian nu tangtu ti rasi béntang.

Angka Rasi Béntang[édit | édit sumber]

Dina peta béntang umumna pikeun nandaan jajaran "pola" anu ngawakilan wangun anu méré ngaran ka rasi béntang.[2] Tapi, konstelasi IAU ngahartikeun kalayan watesna (ditembrakkeun kalayan koordinat langit) sarta lain ku pola sarta konstelasi anu sarua mibanda sawatara varian dina representasina.[2] Konstélasi kudu dibédakeun ti asterisms.[2] Asterisms pola atawa wangun béntang anu henteu patali jeung konstelasi nu dipikanyaho, tapi tetep sacara lega diaku ku jelema awam atawa dina komunitas astronomi amatir.[2] Conto asterisms kaasup tujuh béntang caang dina Ursa Mayor dipikawanoh minangka "Bajak" di Éropa atawa "biduk" di Amérika, sarta minangka "Segitiga Usum Halodo", hiji segitiga badag kasampak di langit peuting usum halodo di belahan kalér sarta diwangun ti béntang-béntang caang Altair, Deneb sarta Vega.[2] Samentara pangelompokan béntang konstelasi resmi ditunjuk ku IAU, ieu henteu hartina yén béntang-béntang di konstelasi anu sok dikelompokkeun babarengan di rohang jomantara.[2] Sakapeung fisik bentang deukeut atawa sarua jeung nu séjén, kawas Pleiades.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. a b c d e f g (en) [1] (Dicutat tanggal 25 Oktober 2011)