Saré

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Saré atawa héés (lemesna:kulem) mangrupakeun bentuk-maneuh reureuh sacara alami anu aya dina sakabéh mamalia, manuk jeung lauk. Saré teu kaasup "kaayaan teu sadar" (unconsciousness), tapi mangrupa bentuk alami reureuh nu dicirikeun ku ojah awak nu ngurangan sarta nurunna kaawas kana kaayaan sakurilingna. Ku kituna, kusabab kasadaran (consciousness) hartina kaawas ka sakuriling, saré mah ukur bentuk kagangguna kasadaran. Anu paling mangaruhan saré téh nyaéta ritme sirkadian jeung hormon, ditambah pangaruh. Saré téh sigana mah ngajalankeun pancén réstoratif pikeun awak jeung uteuk, sakumaha dibuktikeun ku gejala/simtom rupa-rupa disfungsi métabolik nalika rupa-rupa sasatoan keur saré (Gottlieb et al., 2005).

Kiwari, pungsi saré pikeun kaséhatan jeung kasakit téh keur loba ditalungtik, utamana di nagara-nagara maju kayaning Jepang jeung AS. Teu ukur insomnia, kasakit lianna kayaning sleep apnea jeung narkolépsi ogé ditalungtik.

Pisiologi saré[édit | sunting sumber]

Métodologi[édit | sunting sumber]

Saméméh mekarna widang-widang neurologi, neurosains, éléktronika jeung genetika, para élmuwan ngulik paripolah jeung ciri-ciri saré téh dina wanda pola, tibra, jeung mindengna. Ka dieunakeun, impuls listrik nu dihasilkeun ku otak téh dicatet migunakeun alat nu disebut éléktroénséfalograf (electroencephalograph, EEG), sarta gén-gén nu patali jeung fungsi otak, kayaning ritme sirkadian, ogé geus diisolasi.

Saré sok ditangtukeun dumasar kana sarat-sarat data EEG. Dumasar rékaman EEG, sakabéh mamalia jeung manuk nyumponan ieu kriteria saré. Pikeun sasatoan nu data EEG-na can aya, atawa alatan awakna leutik teuing, nu dipaké téh leuwih condong ka data gén.

Hambalan-hambalan saré[édit | sunting sumber]

Hambalan saré
Saré hambalan ka-1; EEG dicirian ku kotak beureum
Saré hambalan ka-2; EEG dicirian ku kotak beureum. Sleep spindles highlighted by red line.
Saré hambalan ka-4. EEG dicirian ku kotak beureum.
Saré REM. EEG dicirian ku kotak beureum; gerak panon dicirian ku garis beureum.

Studi ngeunaan saréna manusa ngabagi saré kana lima hambalan dumasar kana rékaman éléktroénsefalografi (EEG) jeung polisomnografi:

  • Saré non-REM (NREM), ngawengku 75-80% total saré:
    • Hambalan ka-1, ditandaan ku ampir leungitna gelombang alpa nu aya dina kaayaan nyaring, sarta mucunghulna gelombang téta. Hambalan ieu katelahna "nundutan" (somnolence atawa drowsy sleep). Dina hambalan ieu, nu nundutan téh leungiteun kadali otot sarta kaawas ka sabudeureunana; dianggap salaku lawang antara nyaring jeung saré.
    • Hambalan ka-2, ditandaan ku "gelombang saré" (sleep spindle) 12–16 Hz jeung "kompleks-K". EMG turun sarta leungiteun kaawas ka sabudeureun, ngawengku 45-55% total saré.
    • Hambalan ka-3, ditandaan ku ayana gelombang délta nu ogé katelah ritme délta (1–2 Hz); dianggap mangrupa bagian ti SWS nu mangrupa alihan ka hambalan ka-4 (3-8% ti total waktu saré).
    • Hambalan ka-4, nyaéta saré délta (true delta sleep alias tibra), ngawengku 10-15% ti total waktu saré. Kajadian ngalindur téh biasana lumangsung dina hambalan ieu.
  • hambalan ka-5, atawa saré REM (Rapid eye movement), patali jeung ngimpi. Saré REM ayana dina sapertilu tungtung saré, nu waktuna patali jeung ritme sirkadian jeung hawa awak. EEG dina periode ieu nérékél sarupa jeung hambalan ka-1, sarta kadang ngawengku gelombang béta.

Saré téh lumangsung dina daur fase NREM jeung REM. Di manusa, daur ieu kira 90 menit. Unggal hambalan mibanda fungsi fisiologis nu béda-béda. Obat sabangsaning alkohol jeung pél saré (pil tidur téa) bisa neken sababaraha hambalan saré (baca deprivasi saré di handap) nu ngabalukarkeun leungitna kaawas tapi ogé teu nedunan fungsi fisiologisna.

Téori ngeunaan gunana saré[édit | sunting sumber]

Ngimpi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Ngimpi.

Aya sawatara fungsi nu kungsi diajukeun salaku hipotésis ngimpi. Postulasi Freud nyebutkeun yén ngimpi téh mangrupakeun éksprési simbolis tina hiji angen-angen. Freud sorangan migunakeun interprétasi ngimpi dina psikoanalisis, nu ku élmuwan kiwari mah teu pati disatujuan.

Deprivasi saré[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Deprivasi saré.

Gangguan saré[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Gangguan saré.

Sacara umum, gangguan saré dibagi kana tilu golongan:

  1. Disomnia nu dicirikeun ku hésé saré, kayaning insomnia primér, narkolépsi, jeung sindrom suku motah (restless legs syndrome).
  2. Obstructive sleep apnea
  3. Gangguan saré alatan masalah kaséhatan, kayaning bipolar disorder, déprési, atawa skizoprénia.

Gangguan saré téh loba nu mangrupa balukar tina kasalahan dina nyaluyukeun (singkronisasi) saré jeung 'jam awak'. Nu lianna mah sipatna organik, sahingga moal bisa diubaran ku kronoterapi. Salah sahiji cara pikeun ngubaran insomnia nyaéta free-running sleep, nu hartina ukur saré nalika capé. Ngan, masalahna téh, cara ieu mah ngabalukarkeun jalmana jadi teu galib jeung nu séjén, kaasup jadi teu miroséa daur beurang-peuting anu dituturkeun ku kalolobaan masarakat.

Sato[édit | sunting sumber]

Di alam sasatoan, saré téh lilana antara dua jam (jarapah) nepi ka 20 jam (kalong). Sacara umum, pangabutuh saré téh ngurangan mun awakna leuwih badag. Ucing mangrupakeun salah sahiji sato nu teu perlu saré dina waktu anu sakaligus, dina sapoéna téh bisa baé dibagi kana sababaraha rintakan. Aya deui mamalia cai, nu saréna téh ukur wawaréhan: sabagian awakna saré, sedengkeun sabagian nu lian tetep nyaring. Nu saréna kawas kieu téh di antarana (sigana) manuk nu migrasi.

Kabiasaan saré[édit | sunting sumber]

Saré jeung obat[édit | sunting sumber]

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Sleep, Wikipédia édisi basa Inggris (20 Maret 2006).
  • Gottlieb et al. 2005. Association of sleep time with diabetes mellitus and impaired glucose tolerance. Arch. Intern. Med., 165 (8), 863-867.
  • Morrissey, M. J., Duntley, S. P., Anch, A. M., & Nonneman, R. (2004). Active sleep and its role in the prevention of apoptosis in the developing brain. Medical Hypotheses, 62(6), 876-879.
  • Marks, G. A., Shaffery, J. P., Oksenberg, A., Speciale, S. G., & Roffwarg, H. P. (1995). A functional role for rem sleep in brain maturation. Behav Brain Res, 69(1-2), 1-11.
  • Mirmiran, M., Scholtens, J., van de Poll, N. E., Uylings, H. B., van der Gugten, J., & Boer, G. J. (1983). Effects of experimental suppression of active (rem) sleep during early development upon adult brain and behavior in the rat. Brain Res, 283(2-3), 277-286.
  • Zhang, J. (2004). Memory process and the function of sleep. Journal of Theoretics.Vol 6-6.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg