Ngimpi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Ngimpi nyaéta ayana gambar, sora, ideu sarta rarasaan nu kitu waé datangna sarta rarasaan séjén dina waktu saré.[1] Ngimpi mangrupa kaayaan kasadaran anu robah di mana carita ngimpi sarta bayangan anu kainget sacara samentara di luar kanyataan.[2] Wangwangan ngimpi biasana anéh sarta henteu bener, umumna di luar kadali anu ngimpi.[1] Ngimpi téh sok karasa bener caritana.[1] Carita ngimpi téh bisa pikasieunen, bisa ogé éndah caritana atawa biasa-biasa waé.[1]

Panalungtikan Ngimpi[édit | édit sumber]

Para ilmuwan geus weruh yén otak henteu eureun kitu waé sabot saré, éta sabenerna malik jadi aktip sabot ngasupan ngimpi.[1] Para ilmuwan ogé ayeuna weruh yén ngimpi téh utamana lumangsung di daérah limbik otak atawa anu nyambung kana daérah émosi dina otak.[1] Dina kamajuan panalungtikan nu anyar-anyar ieu geus ngahasilkeun sawatara téori anu nyobaan pikeun némbalan patalékan ngeunaan ngimpi.[1] Kahiji nyaéta téori ieu ngusulkeun yén ngimpi nyaéta hasil tina kagiatan otak sarta sintésis, sarta ngimpi jeung saré téh lain kagiatan anu sarua, tapi dikadalikeun ku sagala rupa bagian otak.[1] Nu kadua nu nalungtik percaya yén Eugen Tarnow ngimpi nyaéta rangsangan ti mémori jangka panjang anu matak ngabalukarkeun yén ngimpi téh sipatna anéh.[1] Katilu aya ogé panalungtikan dina 2001 némbongkeun yén ngimpi téh hiji hal anu nguatkeun daya sémantik.[1] Kaopat, saurang psikolog di Inggris geus ngarumuskeun téori harepan ngimpi.[1] Nurutkeun téori ieu aya tilu prinsip ngimpi.[1] Ngimpi téh kesan nu métaforis saprak nu ngimpi téh hudang.[1] Ngimpi téh rangsangan ngahasilkeun respon émosional anu henteu terus-terusan dina waktu beurang.[1] Ngimpi ogé nyaéta pikeun ngahubungkeun dina rangsangan émosional sabot nu gimpi hudang tina saréna.[1]

Saré di manusa biasana lumangsung siklus, sakitar unggal 24 jam. Siklus ieu disebut irama circadian. Éta ditetepkeun unggal dintenna, faktor singkronisasi anu paling penting nyaéta tingkat pencahayaan. Tingkat konsentrasi protéin gumantung-poto husus gumantung kana siklus alami panerangan.[3]

Ngimpi téh Hésé Diinget[édit | édit sumber]

Ngimpi téh hésé diingetna lantaran otak téh keur réaksi, sarta parobahan nu kaluar sabot urang keur saré sarta ngamimitian ngimpi.[1] Radikal kimia di otak ngalaman parobahan lantaran otak téh aya nu sabagéan aktip aya ogé nu teu aktip .[1] Salila ngimpi, aya parobahan kimia nu sakitu rupa, ku kituna nu ngimpi gancang kaleungitan naon waé anu geus diimpikeun.[1] Dina dasarna otak manusa henteu dirarancang pikeun nginget ngimpi.[1] Dina hal nu séjénna ogé gambar ngimpi téh hésé diingetna hal ieu disababkeun kurangna puseur rasional utama, anu dieureunkeun salila saré, sarta parobahan kimia anu lumangsung dina impi téa.[1] Dina ngingetan impi urang ngan ukur nyawang sarta nginget-nginget kenangan nu kasampak, nu ngimpi ngan mibanda informasi nu tangtu pikeun nepikeun gambar anu urang tempo.[1] Contona, sabot nu karak hudang bisana ngan laha-loho sarta weruh di mana urang aya sarta naon anu aya di hareupeun, tapi dina ngimpi henteu bisa ngalakonan ieu.[1] Kabéh jalma bisa disebutkeun pernah ngimpi.[2] Sanajan loba jelema henteu nginget ngimpina di isukna deui, bukti-bukti ti panalungtikan saré (RÉM; rapid eye movement) nyaéta saré dina stadium gerakkan panon nu gancang yén maranéhanana anu henteu nginget ngimpi tétéla ngimpina sarua lobana jeung jelema anu bisa nginget ngimpina.[2] Para panalungtik geus ngusulkeun sawatara hipotésis pikeun ngécéskeun bédana dina kaingetan kana ngimpi.[2] Salah sahiji kamungkinan nyaéta yén jelema anu henteu nginget ngimpina téh leuwih loba mibanda kasulitan dina nginget ngimpina dibanding jeung jelema anu nginget ngimpina.[2] Hipotesis séjén ngungkapkeun yén jelema anu sarena tibra téh sok hésé nginget impina dibanding jeung nu sok lilir, biasana nu sok lilir mah leuwih panjang mémori dina ngimpi.[2] Modél anu leuwih ditarima sacara luas pikeun ngingetan ngimpi ngarojong pamadegan nu tadi nyaéta pangaruhna kaingetan ngimpi téh dina prosés lumangsunga saré si nu ngimpi.[2]

Lilana Waktu Ngimpi[édit | édit sumber]

  • Sabaraha lila lumangsungna ngimpi?

Ngimpi téh kasampakna karasa singget.[2] Lilana waktu ngimpi bisa dipikanyaho tina panalungtikan jenis saré REM di mana si palaku dihudangkeun sarta dipénta pikeun nyaritakeun naon anu maranéhanana impikeun.[2] Waktu anu diperlukeun pikeun ngaragakeun ngimpi ampir sok sarua sakumaha urang saré REM, nu nyaturkeun yén kajadian dina ngimpi umumna lumangsung sarua lilana nu dikira-kira dina kahirupan nyata.[2]

  • Naha jelema nyaho iraha maranéhna ngimpi?

Jawaban pikeun patalékan ieu nyaéta "sakapeung inget", jelema bisa diajar pikeun mikawanoh yén maranéhanana keur ngimpi, sarta kasadaran maranéhanana henteu ngaganggu aliran ngimpi nu spontan.[2] Sabagian jalma meureun mibanda ngimpi anu jernih (lucid dréam) di mana kajadian nu kasampakna téh normal (euweuh sipat anu anéh sarta henteu logis dina ngimpina) ku kituna maranéhanana ngarasa sadar sarta kahudangkeun.[2] Ngan saprak hudang maranéhanana sadar yén maranéhanana geus ngimpi.[2] Nu ngalaman ngimpi jernih éta ngalaporkeun keur ngalakonan sagala rupa "éksperimen" di jero ngimpi maranéhanana pikeun nangtukeun naha maranéhanana keur hudang naha maranéhanana keur ngimpi.[2]

Kadali Ngimpi[édit | édit sumber]

Psikologi bisa ngabuktikeun yén dina kamungkinan ngadalikeun eusi ngimpi kalayan nyieun sugesti si palaku saméméh saré nu saterusna nganalisis eusi ngimpi anu lumangsung saterusna.[2] Dina panalungtikan anu dirarancang sacara taliti ngeunaan sugesti pra-ngimpi implisit , para panalungtik ngalakukeun percobaan akibat ngagunakeun kacamata beureum sababaraha jam saméméh saré.[2] Sanajan nu nalungtik henteu méré sugesti nu bener, sarta si palaku henteu nyurtian tujuan éksperimen, loba palaku nu ngalaporkeun yén visual dunya ngimpi maranéhanana boga warna beureum.[2] Dina panalungtikan ngeunaan akibat suugesti pra-ngimpi implisit, si palaku dipénta pikeun nyobaan ngeunaan karakteristik kapribadian anu maranéhanana hayang. lolobana palaku meunangkeun sakurangna hiji ngimpi di mana ciri anu dipiharep bisa dipikawanoh.[2] Sugésti pascahipnotic nyaéta cara séjén pikeun mangaruhan eusi ngimpi.[2] Dina salah sahiji panalungtikan nu sacara lega kalayan ngagunakeunmétodeuieu, naratif ngimpi anu karinci disugestikeun ka pasien hipnotik anu pohara responsitif.[2] Sanggeus sugesti kasebut, palaku langsung sare nepi ka hudang deui dina waktu saré REM. Sawaréh ngimpi anu lumangsung ngagambarkeun aspék tematik sugesti tampa ngawengku loba elemem spesifik, sedengkeun sawaréh ngimpi séjénna ngagambarkeun elemen spesifik sugesti.[2]

ucing saré

Impi dina Sato[édit | édit sumber]

Saré dina stadium gerakkan panon nu gancang (RÉM; rapid eye movement) sarta pangabisa pikeun ngimpi kasampak nu baris katelah dina biologi loba organisme anu hirup di Bumi.[4] Kabéh mamalia ngalaman REM, tapi sababaraha bagian mibanda jumlah nu leuwih ti nu sején.[4] Kasampak spésies nu leutik kénéh atawa spesies nu kakara lahir, mibanda REM anu leuwih.[4] Kalayan pamadegan nu sakeudeung yén RÉM sarua kalayan ngimpi, opossum sarta armadilo nyaéta salah sahiji pamingmpi pang produktifna, sedengkeun lumba-lumba ngalakonan nu pohara lueuwih saeutik ti éta, ari kalungguhan REM manusa aya di tengah.[4] Dumasar timuan anyar, studi ti hippocampus (struktur otak anu penting pikeun memori), gerakan panon gancang (RÉM) saré sarta lambak otak disebut ritme theta nu némbongkeun yén ngimpi ngagambarkun aspék penting tina pangolahan mémori.[5] Sacara husus, studi theta ritme dina sato subprimate geus nyadiakeun évolusi pikeun pituduna harti ngimpi, panalungtikan ngimpi dina sato kasampak jadi catetan prosés mémori dasar mamalia: sarana sato pikeun stratégi kalumangsungan hirupna.[5] Dina saré aya siklus saré-saré bolak-gelombang laun sarta RÉM nu kasampak ayana di kabéh plasenta mamalia nu kantongan.[5] Patali sagala rupa karakteristik mamalia dina REM dititénan ogé dina manusa.[5] Sato ogé bisa ngimpi.[5] Kalayan ngancurkeun neuron di watang otakna anu nyumbat gerakan salila saré, nu nalungtik manggihan yén ucing sok ngoréjat pas saréna disababkeun ucing téh nempo gambar-gambar anu kasampak dina impina, atawa dina ngimpi og sok aya wirahma nu macu pikeun kalangsungan hirupna, contona sabot ucing keur ngudag mangsana, hal éta macu rangsangan otakna salila keur saré nu ngabalukarkeun ucing sok ngoréjat sawaktu saré.[5]

Eusi Ngimpi[édit | édit sumber]

  • Ngimpi kawas carita di mana ayana:

Hiji sipat (sato, lalaki sarta wanoja, babaturan, jelema deungeun) dina ngimpi ogé sok aya saruntuy interaksi sosial (agresi, kasoméahan, seksualitas), kagiatan (mikir, nyarita, leumpang), kasuksésan sarta kagagalan, (gumbira, hanjelu, éra), objék (korsi, mobil, jalan-jalan, bagian awak) ,kaayaan nu sipatna robah (luhur, gancang, béngkok), kadaharan jsb.[6]

  • Fénoména Ngimpi Goréng

Barudak ngalaman ngimpi pikasieuneun leuwih mindeng batan jelema dewasa, utamana antara umur 3-4 sarta 7-8, alatan umur sakitu téh sabot maranéhanana pahareup-hareup kalayan separation anxiety.[1] Ngimpi goréng dina umur sakitu némbongkeun hal normal pikeun nyaghareupan kasieun kawas diudag ku sato. Ieu téh tahap kamekaran anu normal pikeun barudak sarta kudu ditempo kawas kitu.[1] Dina jelema déwasa, kira-kira 50% ngalaporkeun ngalaman ngimpi goréng, sakapeung mah leuwih mindeng lumangsung dina wanoja batan lalaki.[1] Aya sawatara faktor anu ngontribusikeun ngimpi pikasieuneun anu lumangsung dina jelema dewasa:

  1. Ubar nu tangtu sarta panyakit, utamana muriang, bisa ngabalukarkeun ngimpi goréng.[1]
  2. Stres sarta kahariwangan dina jelema déwasa nyaéta hal utama anu ngabalukarkeun ngimpi goréng.[1] Lamun aya sawatara kajadian stres atawa parobahan badag dina hirup jelema dewasa ieu pasti bisa ngabalukarkeun ngimpi pikasieuneun.
  3. Kajadian traumatis kawas kacilakaan, tatu serius bisa mawa dina wangun parna anu disebut Ngimpi Goréng Trauma Post sarta ieu leuwih parna batan ngimpi goréng dina umumna jeung biasana bisa terus balikan deui ngimpi.[1]

Psikologi[édit | édit sumber]

Salaku balukar psikologis anu sarua siga imajinasi nu dialaman ku unggal jalma, boh éta barudak atawa dewasa[7]. Nu ngabedakeunna, ngimpi nu keur dialaman pas saré, sedengkeun imajinasi pas keur beunta, dina kaayaan alam sadar urang.[7] Dina jaman kiwari, ngimpi téh geus aya dina puncak kacanggihan teknologi, hakékatna can kajawab, malahan ngabawa ka pasoalan nu mingkin misterius, ngabawa urang terus ngimpi.[7] Ceuk Freud (2001: 83-98)loba téori ngeunaan ngimpi, sapertos anu dipedarkeun ku: a) J.Delboeuf, refraksi alam sadar jeung alam teu sadar salaku paranonia, b) A. Maury, ngurangan kagiatan psikis, salaku amnesia, c) Burdach, mimpi salaku kaulinan bebas sagala tekenan nu dialaman dina kaayaan sadar.[7] dina giliranna sare ngimpi téh dianggep salaku proses nyageurkeun, mimpi salaku kagiatan nu sono pisan, margi disebut keur ngurangan proses kasepuhan.[7] Ceuk Cartwright (2001: 241-242) ngaliwatan kamampuhna dina ngaeksplorasi pangalaman bihari, mimpi téh miboga kagunaan salaku proses diajar.[7]

Udagan[édit | édit sumber]

Ngimpi ngawujudkeun maniféstasi kaayaan jalma dina tingkat fisiologis sarta psikologis. Ieu kabéh méré jalma kana sakolébat hal naon-naon anu dipikaresep ku nu ngimpi. Manusa mibanda hal éta dina jero dirina, ngaliwatan kawasa ngimpi sarta ngabayangkeun, bisa asup ka dunya anu euweuh batur sacara nyata, sarta ngan ukur mangpaatkeun dirina salaku subjek anu ngamekarkeunana. Anu penting nyaéta pikeun ngajaga ngimpina sarta nyaho kana sisi mistis dina pangalaman impi dirina sorangan.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab (en)What are Dreams? Archived 2011-11-13 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 31 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u (id) Atkinson, Rita L. dkk. Pengantar Psikologi Jilid Satu. 2010. Tangerang: Interksara. Kaca 360-366
  3. "Fisiologi bobo sareng siklus sapopoé.". 
  4. a b c d (en) Impi dina Sato Archived 2011-10-03 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 31 Oktober 2011)
  5. a b c d e f (en) [1] Archived 2011-08-13 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 31 Oktober 2011)
  6. (en) Eusi ngimpi Archived 2003-04-16 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 31 Oktober 2011)
  7. a b c d e f Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia 2000 Istilah Biografi Karya Metode dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. p. 472. ISBN 9786022297437. 

Pranala Luar[édit | édit sumber]