Jarapah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Girrafe.JPG

Jarapah (Giraffa camelopardalis) nyaéta sato anggota Girraffidae anu disebut "si beuheung panjang" alatan beuheungna panjang.[1] Jangkungna bisa ngahontal 5,5 m atawa leuwih.[1] Sato ieu boga tonggong anu condong jeung buntut nu panjang.[1] Awakna boga warna coklat rada konéng[ kalayan kotak cokelat semu beureum.[1] Sumebarna nyaéta di wewengkon Afrika, utamana Sudan, Somalia, nepi ka Afrika Kidul.[1]

Déskripsi[édit | sunting sumber]

Jarapah miboga tanduk anu sipatna permanen jumlahna 2 atau 4 siki tanduk di penclut sirahna.[1] Sajaba ti éta ogé jarapah ngabogaan bénjolan-bénjolan tulang antara tulang di antara panon kénca sarta panon katuhu anu disebut tanduk kalima.[1] Jarapah ngabogaan 32 siki huntu anu diadaptasi pikeun prosés daharna.[1] Sato ieu ogé ngabogaan sihung anu rubak pikeun mantuan huntu nu hareup.[1] Huntu ieu condong dipaké nyisir daun-daun sarta tatangkalan sarta semak perdu.[1]

Si Jantung Kuat[édit | sunting sumber]

Unikna ti jarapah nyaéta pangabisa jantungna anu ngompa getih ambéh ngahontal otak anu perenahna cukup jauh sarta luhur.[1] Sabot beuheungna ajeg, tekenan getihna 200 mm Hg.[1] Sedengkeun dina sabot beuheung diturunkeun tekenan getihna 175 mm.[1] Kaayaan ieu disababkeun ayana katup-katup dina artéri di sapanjang beuheungna anu boga fungsi pikeun ngurangan tekenan getih.[1] Lamun lumangsung dina manusa, tekanan kasebut bisa ngabalukarkeun pati.[1] Jantung jarapah anu beuratna 11 kg boga fungsi pikeun nyuplai getih saloba 60 léter/menit.

Pertahanan diri[édit | sunting sumber]

Jarapah umumna hirup di stépa, wewengkon satengah padang keusik , atawa padang jukut sabana.[1] Jarapah aktip néangan kadaharan isuk-isuk sarta pasosoré.[1] Di habitat aslina jarapah dahar daun tutuwuhan polong-polongan, contona akasia sarta mimosa.[1] Lamun aya cai, jarapah bisa nginum saloba 9 liter perminggu.[1] Lamun euweuh cai, jarapah sanggup henteu nginum nepi ka sababaraha minggu.[1] Komo di wewengkon angar jarapah sanggup teu nginum salila 7 bulan.[1] Pikeun ngabéla diri ti prédator (singa, macan tutul, sarta buaya) jarapah ngagunakeun suku hareupeunana minangka pakarang.[1] Tajongan suku hareup jarapah pohara kuatna. Nepi ka bisa ngaremukkeun tulang rusuk singa.[1]

Ékologi[édit | sunting sumber]

Biasana patali jeung Akasia, Commiphora sarta Combretum savana, tapi maranéhanana ogé lumangsung saeutik di leuweung Miombo Brachystegia sarta di leuweung Isoberlina, di Kamerun. Jarapah nyaéta sato nu selektif, kalayan spésies Acacia anu nyieun saloba-loba kadaharan nu bisa dihontalna, tapi ogé spesies ti Balanites, Commiphora, Detarium, Boscia, Combretum, Ziziphus sarta Grewia.[2]


Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. (en) [1] (Dicutat tanggal 01 November 2011)
Nulis.jpg