Sinyal analog

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Sinyal analog nyaeta sinyal anu sinambung atawa kontinyu dina satiap waktu.

Sinyal analog ngagunakeun sababaraha sifat médium pikeun ngirimkeun informasi. Contona, barometer aneroid ngagunakeun sinyal gerakan jarum panunjuk akibat sifat ngariut jeung ngabeukahna médium sahiji cacai (basa Indonesia: cairan) akibat robahna tekenan udara. Sedengkeun dina widang kalistrikan (éléktrik), sifat médium anu paling umum digunakeun nyaéta parobahan voltase anu dituturkeun raket ku parobahan frékuénsi, parobahan arus, sarta parobahan muatan listrik.

Satiap informasi bisa dikirimkan ngaliwatan sahiji sinyal analog. Contona, dina ngirimkeun informasi ucapan kana rangkéan listrik, ucapan anu dihasilkeun ngakibatkeun parobahan-parobahan dina tekenan udara. Tekenan hawa keuna kana diafragma sahiji mikrofon anu nyababkeun fluktuasi voltase atawa arus dina rangkéan listrik. Voltase atawa arus dimaksud disebut salaku sahiji analog tina sora.

Lantaran sinambung, sinyal analog sacara téoritis miboga résolusi tanpa hingga, sinyal kasebut bakal salawasna miboga résolusi anu leuwih hadé dibanding sistem digital dimana résolusina diskrit (henteu sinambung). Dina praktékna, mangsa alat anu ngolah sistem analog leuwih kompléks, éfék-éfék saperti non-linéaritas jeung nois tungtungna ngaruksak résolusi sinyal analog sahingga panerapan sistem digital jadi leuwih alus. Dina alat anu leuwih kompléks kasebut, susah pikeun néangan (ngadetéksi) iraha jeung dimana lumangsungna karuksakan sinyal analog; tapi dina sistem digital, karuksakan sinyal lain waé bisa didetéksi, tapi ogé bisa dibenerkeun.


Karugian[édit | sunting sumber]

Kakurangan utama sinyal analog nyaéta sakabéh alat atawa sistem anu diliwatan ku sinyal miboga nois – nyaéta, variasi gangguan anu sifatna acak. Mangsa sinyal dipancarkeun dina jarak nu jauh, pangaruh gangguan acak ieu jadi dominan. Sacara kalistrikan, pangaruh gangguan ieu bisa disingkahan atawa dieuweuhkeun ku cara digunakeunna panangtayungan (protéksi), sambungan nu alus, sarta sababaraha jinis kabel saperti koéksial atawa pasangan kawat nu dibungkus.

éfék tina nois ngajadikeun sinyal tilelep atawa katutup ku gangguan. Sanajan résolusi sinyal analog leuwih alus ti batan sinyal digital anu satara, dina prak-prakannana, kauntungan résolusi sinyal analog nu alus jadi henteu mangfaat lantaran kaéléhkeun atawa katutup ku nois. Nguatkeun sinyal pikeun ngahadéan bagian nu geus lemah, bakal milu nguatkeun nois ogé.

Modulasi[édit | sunting sumber]

Metode (padika) lain pikeun ngirimkeun sinyal analog nyaéta ngagunakeun modulasi. Dina hal ieu, sababaraha sinyal dasar (misalna sahiji gelombang carrier sinusoida boga sifat bisa ditumpangan (dimodulasi):

  • Téknik-téknik lain, saperti parobahan fase sinyal dasar.

Sirkit analog henteu ngalibetkeun kuantisasi informasi kana format digital.

Jam dina leungeun disebut analog; tapi anu panémbongna mangrupa digit disebut digital. Loba jam analog nu sabenerna mah digital kusabab henteu gerak dina gerakan kontinyu nu lemes, tapi mangrupa léngkah-léngkah leutik unggal detik atawa satengah detikan, atawa malah mah unggal menit.

Tempo digital keur sawala ngeunaan digital vs. analog.

Sumber: Sababaraha tina vérsi saméméhna tina artikel ieu aslina dicutat ti Federal Standard 1037C dina rojongannana ka MIL-STD-188.

Tempo Ogé[édit | sunting sumber]