Voice over Internet Protocol

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Voice over Internet Protocol (ogé disebut VoIP, IP Telephony, Internet telephony atawa Digital Phone) nyaéta téknologi anu ngamungkinkeun komunikasi sora jarak jauh ngaliwatan média Internet. Dina VoIP, data sora dirobah jadi kode digital sarta dikamalirkeun ngaliwatan jaringan nu ngirimkeun paket-paket data, lain ngaliwatan jaringan sirkuit analog telepon pikeun sora.

Définisi VoIP nyaéta sora anu dikirimkeun ngaliwatan protokol internét nu dina basa Inggris disebut Internet Protocol atawa (IP).

Babandingan jeung jaringan telekomunikasi sora konvénsional[édit | sunting sumber]

Dina jaringan telekomunikasi sora konvénsional, terminal telepon langsung nyambung kana Privat Automated Branch exchange (PABX) atawa lamun langganan PT TELKOM mah nyambung langsung kana Sentral telepon Otomat (STO) pangdeukeutna. Dina STO ieu aya daptar nomer-nomer telepon anu disusun sacara uundakan luyu jeung wewengkon wengkuan STO. Lamun ti terminal telepon kasebut urang arék nelepon ka batur mangka tombol terminal telepon anu dipencét baris ngrimkeun informasi patempatan atawa nomer anu dituju ngaliwatan nada-nada DTMF, saterusna jaringan telekomunikasi konvénsional baris sacara otomatis numbukeun terminal telepon urang jeung terminal telepon nu dituju.

Wangunan pangbasajanna tina sistem VoIP nyaéta dua komputer anu nyambung kana internét. Sarat-sarat dasar pikeun ngalumangsungkeun layanan VoIP nyaéta komputer anu nyambung kana internet kudu miboga kartu sora anu dihubungkan kana speaker jeung mikropon. Ku cara maké pakakas lemes (software), dua pamaké komputer kasebut bisa komunikasi ngaliwatan sambungan VoIP.

Wangun komunikasi kasebut bisa dina wangun silih tukeur koropak (file), sora jeung gambar. Sanajan kitu, maksud utama layanan VoIP nyaéta hubungan dua pamaké komputer dina wangun sora. Lamun patempatan dua pamaké komputer kasebut dipisahkeun ku jarak nu jauh (antar dayeuh, antar nagara) mangka bisa ditempo kauntungan tina sagi waragad; dua beulah pihak ngan cukup mayar waragad pikeun pulsa internét hungkul, anu biasana leuwih murah batan waragad pamakéan telepon sambungan langsung jarak jauh (SLJJ) atawa sambungan langsung internasional (SLI).

Dina lalampahanana, sistem sambungan VoIP nyorang évolusi. Wangunan terminal nu digunakeun ogé henteu ngan kawates ku komputer hungkul, tapi terminal séjén kawas terminal telepon bisa nyambung kana jaringan VoIP. Jaringan data digital nu make gateway (gerbang) VoIP ogé bisa nyambung kana PABX atawa jaringan analog telepon. Komunikasi antara komputer jeung terminal (extension) di kantor ogé bisa lumangsung. Komunikasina henteu waé ngan ukur dina wangun sora, tapi oge bisa dina wangun tulisan (chating) atawa, lamun jaringanana cukup gedé, bisa dipaké pikeun Vidéo Conference. Dina wangun anu leuwih kabéhdieunakeun, komunikasi ieu leuwih dipikawanoh sabagé IP Telephony anu mangrupa komunikasi dina wangun multimédia minangka kamekaran tina komunkasi sora (VoIP). Keluwesan VoIP dina wangun jaringan, pakakas sarta média komunikasina ngajadikeun VoIP jadi gancang populér di masarakat.

Husus pikeun VoIP, wangun primitifna nyaéta PC ka PC. Ku cara nyambungkeun PC nu miboga soundcard (kartu sora) kana jaringan VoIP mangka komputer kasebut geus bisa dipaké. Kamekaran satuluyna nyaéta digabungkeunana jaringan PABX jeung jaringan VoIP. Di dieu diperlukeun gerbang VoIP. Gambaranana nyaéta lawan ngomong ngagunakeun komputer pikeun ngahubung ka hiji kantor nu miboga gerbang VoIP. Kamajuan leuwih jauh tina konfigurasi ieu ngawangun gabungan PABX antara dua lokasi kalawan ngagunakeun jaringan VoIP. Salila maké protokol TCP/IP mangka dua lokasi ieu bisa nyambung. Anu pangkomplékna nyaéta wangun jaringan anu ngagunakeun kabéh kamungkinan anu aya maké sagala rupa wangun jaringan anu sadia. Diperlukeun saeutik tambahan keahlian pikeun ngajalankeun wangun jaringan anu komplek kawas kitu.

Mimitina, wangun rjaringan PoIP téh tertutup pikeun antar patempatan dina pamakéan sorangan (Internal, privat). Wangun jaringan VoIP satuluyna mekar leuwih komplék. Pikeun pamakéan antar cabang dina komunikasi internal, VoIP dipaké salaku panyambung antar PABX. Kamajuan satuluyna nyaéta gabungan PABX kasebut henteu waé ngagunakeun jaringan tertutup tapi geus maké internet salaku wangunan komunikasi antar kantor kasebut.

Aplikasi VoIP jeung Kaamananana[édit | sunting sumber]

Salah sahiji panerapan VoIP nu sayagi nyaéta Skype. Skype téh software aplikasi komunikasi sora dumasar kana IP ngaliwatan internét antar sasama pamaké Skype. Dina mangsa ngagunakeun Skype mangka pamaké Skype anu keur online baris néangan pamaké Skype séjénna tuluy mimiti ngawangun jaringan pikeun manggihan pamaké-pamaké séjénna. Skype ngabogaan sagala rupa fitur anu bisa ngagampangkeun pamakéna. Skype ogé dilengkepan ku Skypeout jeung Skypein anu ngamungkinkeun pamaké Skype bisa nyambung jeung pamaké telepon konvénsional sarta telepon selulér.

Skype ngagunakeun protokol HTTP pikeun ngalangsungkeun komunikasi jeung Skype server, pikeun oténtikasi (mariksa kaaslian) username katut password sarta pikeun régistrasi ka Skype directory server. Vérsi modifikasi tina protokol HTTP dipaké pikeun ngalangsungkeun komunikasi jeung sasama Skype client. Kauntungan anu dipiboga ku aplikasi ieu téh sadiana layanan kaamanan dina pangiriman data anu mangrupa sora. Layanan kaamanan anu ditawarkeun nyaéta:

  • Privasi

Skype ngagunakeun Advanced Encryption Standard (AES) 256-bit pikeun prosés énkripsi kalawan jumlah probabilitas percobaan konci (brute-force attack) saloba 1,1 x E-77 kali, sedengkeun pikeun prosés silih tukeur konci (key exchange) simetrikna ngagunakeun RSA 1024-bit. Public key nu dipiboga ku pamaké baris disértifikasi ku Skype server dina mangsa pamaké asup (login) kalawan ngagunakeun sértifikat RSA 1536 atawa 2048-bit. Skype sacara otomatis baris ngaénkripsi kabéh data saméméh dikirimkeun ngaliwatan internét.

  • Auténtikasi

Saban pamaké Skype ngabogaan hiji ngaran pamaké (username) sarta hiji kecap konci (password). Sarta saban username ngabogaan hiji alamat surélék anu kadaptar. Pikeun asup kana sistem Skype , pamaké kudu nyartakeun pasangan username jeung passwordna. Lamun pamaké poho password kasebut mangka Skype baris ngarobahna sarta ngirimkeun password anu anyar ka alamat surélék pamaké anu geus kadaptari. Padika ieu dipikawanoh sabagé Émail Based Identification and Authentication. Lantaran Skype mangrupa sistem komunikasi sora mangka saban pamakéna bisa sacara langsung mikawanoh lawan ngomongna ngaliwatan sorana.

Kauntungan tina VoIP[édit | sunting sumber]

  • Beaya leuwih saeutik batan sambungan langsung jarak jauh. Penekanan utama VoIP téh nyaéta waragad.
  • Ngamangpaatkeun infrastruktur jaringan data anu geus aya pikeun sora. Jadi henteu diperlukeun tambahan waragad bulanan pikeun penambahan komunikasi sora.
  • Pamakéan rubakpita anu leuwih leutik batan telepon publik. Alatan majuna téknologi, pamakéan rubakpita pikeun sora kiwari jadi pohara leutik. Ku téknik pamadetan, sora ngan merlukeun rubakpita kira-kira 8kbps.
  • Bisa digabungkeun jeung jaringan telepon lokal anu geus aya. Ku cara maké gerbang VoIP, jaringan VoIP bisa disambungkan kana PABX anu aya dikantor. Komunikasi antar kantor bisa ngagunakeun terminal telepon nu ilahar.
  • rupa-rupa wangun jaringan VoIP bisa digabungkan jadi jaringan nu gedé. Conto di Indonésia nyaéta Voip Rakyat.
  • Ragem pamakéan alat telekomunikasi anu aya, misalna tina PC nyambung ka terminal telepon publik, handset IP phone.

Kakurang VoIP[édit | sunting sumber]

  • Kualitas sora henteu saberesih sora nu dihasilkeun ku jaringan telekomunikasi sora konvénsional. Hal ieu diakibatkeun ku éfék pamadetan (komprési) sora jadi rubakpita nu leuwih heureut sahingga nurunkeun kualitas sora lmun dibandingkeun jeung jaringan PSTN konvénsional. Tapi lamun sambungan internét anu dipaké nyaéta sambungan pita rubak, mangka kualitas sora baris beresih – malah leuwih beresih tinimbang sambungan konvensional sarta henteu pegat-pegat.
  • Aya waktu tunda mangsa lumangsungna komunikasi. Prosés robahna data jadi sora, jeung waktu tunda dina jaringan, ngajadikeun ayana waktu tunda mangsa lumangsungna komunikasi ngaliwatan jaringan VoIP. Kajaba lamun ngagunakeun sambungan pita rubak (tempo katerangan di luhur).
  • Lamun urang tacan bisa nyambung kana internét salila 24 jam dina sapoé mangka perlu nyieun jangji jeung nu rék diajak ngomong pikeun bisa ngobrol.
  • Henteu kungsi aya jaminan kualitas lamun VoIP ngaliwatan internét.
  • Pakakas VoIP relatif mahal. Pakakas VoIP anu nyambungkeun VoIP jeung PABX (IP telephony gateway) béayana relatif
  • Aya poténsi ngabalukarkeun jaringan data / internét kahalangan/Stuck. Lamun pamakéan VoIP beuki réa, mangka aya poténsi jaringan data / internét anu aya bkal jadi pinuh lamun henteu diatur kalawan alus. Pangaturan rubakpita diperlukeun ambéh jaringan di pausahaan henteu jadi pinuh alatan pamakéan VoIP.
  • Gabungan jaringan tanpa dikoordinasikeun kalawan alus baris ngabalukarkeun bancang pakéwuh dina sistem panomeran

Kualitas sora[édit | sunting sumber]

Kualitas sora VoIP dipangaruhan ku sawatara paraméter nyaéta kapasitas rubakpita, tingkat ilangna pakét data sarta waktu tunda anu lumangsung dina jero jaringan. Kapasitas rubakpita nyaéta sayagana sumber daya jaringan dina wangun rubakpita anu dipaké pikeun ngirimkeun data pakét. Tingkat ilangna pakét data nyaéta parameter anu nganyatakeun gedéna tingkat kasalahan anu lumangsung sapanjang jalur pengiriman data pakét ti si pangirim ka si panarima. Waktu tunda nyaéta paraméter anu nganyatakeun lumangsungna waktu anu diperlukeun pikeun ngirimkeun pakét data ti si pangirim ka si panarima.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]