Wayang wong Priangan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Wayang Wong

"Wayang" dina basa Jawa Kuno (Kawi) miboga harti "bayangan" atawa "pertunjukan bayangan" jeung kecap wong miboga harti "manusa".[1] Jadi Wayang Wong nya éta pintonan anu mimitina aktor aktrisna mangrupa bonéka tina kulit atawa golék saterusna diganti ku manusa.[1] Warta ditulis ngeunaan pamakéan istilah "wayang wong" kakara ditepungan dina taun 930 M, anu dituliskeun dina Prasasti Wimalasrama di Jawa Timur.[1] Dina khazanah kasenian Cirebon, jenis kasenian anu sok nampilkeun carita jeung palakuna manusa nya éta wayang wong.[1]

Rupa-rupa Wayang Wong[édit | sunting sumber]

Dina jaman Mataram Kuno wayang wong, kawas halna "wayang" (wayang kulit), nampilkeun wiracarita Ramayana jeung Mahabarata.[2] Di Bali aya dua macem wayang wong, nya éta wayang wong Parwa jeung wayang wong Ramayana atawa wayang wong Ngramayana.[2] Wayang wong Parwa nya éta wayang wong anu nyokot lakon tina carita Mahabarata (asta Dasa Parwa) anu sakabéh lalakona kajaba para panakawann, teu aya nu maké topéng (tapel).[2] Wayang wong Ngramayana anu disebut wayang wong, nyokot lakon tina carita Ramayana anu hampir sakabéh lalakona maké topéng.[2]

Sajarah ayana Wayang Wong Priangan[édit | sunting sumber]

Pagelaran Wayang wong

Keur jaman Indonesia-Islam bukti-bukti ngeunaan mekarna seni tari di Jawa Barat anyar kaluar dina abad ka-16, utamana sanggeus Cirebon ngikeut hubungan anu raket jeung Demak 1542-1581.[3] Dina abad ka-16 lalakon anu nyebarkeun agama di Cirebon,di antarana : Sunan Gunung Jati di barengan ku Sunan Kalijaga, anu boga cara pikeun ngumpulkeun rahayat pikeun daék ngadéngékeun khotbah jeung daék asup kana agama Islam kalayan ngagunakeun gamelan, wayang sarta pintonan tari-tarian.[3] Ieu mangrupa bukti yén masarakat Jawa Barat saacan jaman Islam geus resep kana kasenian utamana seni tari.[3] Di Jawa Tengah keur jaman Indonesia-Islam, utamana keur jaman Mataram anyar dina taun 1524-1755, aya kondisi anu relatif sarua jeung di Cirebon dina hal aktivitas nyebarkeun agama Islam.[3] Numutkeun legénda Jawa, para wali ngagunakeun gamelan, wayang jeung wayang topéng pikeun sarana narik anggota masarakat Jawa ngumpul, jeung sanggeus nonton, wali tuluy khotbah pikeun méré ajaran agama Islam ka masarakat.[1] Numutkeun tradisi Jawa, para wali, utamana Sunan Kalijaga sok disebutkeun salaku manusa anu sagala bisa.[4] Sunan Kalijaga anu sok disebut nu nyiptakeun topéng-topéng pikeun mintonkeun wayang topeng pangheulana dina abad ka-16.[4] Sunan Kalijaga dina nyieun pola topeng nurutan pola wayang gedhog, jeung mimiti nyieun topéng disebutkeun dina taun 1508 taun Jawa (angesti sirna yakseng bawana) atawa dina taun 1586 Maséhi.[4] Anu di sebut wayang gedhog nyaéta pola anyar pintonan wayang (wayang kulit) anu mawa carita Panji, anu aya di Jawa Timur dina ahir jaman Majapahit atawa keur agama Islam mulai mangaruhan dina ahir abad ka-15.[4] Keur jaman Majapahit (1584-1755), wayang topéng sajaba mangrupa pintonan istana, kasebar ogé di daérah pantai (pesisir) jeung daérah luar karajaan (mancananagara).[4] Di daérah pantai jeung luar karajaan rombongan wayang topéng lolobana dipingpin ku para dalang wayang kulit.[4] Lalakon anu terkenalna nyaéta Jaka Bluwo, Jaka Semarung, Jaka Penjaring, jeung Kudanarawangsa.[4] Ku kitu ulah diherankeun deui yén di Cirebon tumuwuh sarta ngembang wayang wong bertopéng atawa wayang topéng atawa ogé disebut topéng dalang.[4] Sabab, Sunan Kalijaga anu mantuan Sunan Gunung Jati nya éta seniman adiluhung dina hal wayang topéng kasebut.[5]

Ciri-ciri[édit | sunting sumber]

Ciri-ciri Wayang Wong Priangan nya éta lakon anu dibawakeuna leuwih mindeng nyaritakeun carita galur Mahabarata kaasup Bharatayudha, Arjuna Sasrabahu, sarta sawatara sempalan carita anu kaceluk kawas lakon Jabang Tutuka, Brajamusti, sarta Srikandi-mustakaweni.[4] Para palaku atawa penarina henteu maké topéng sarta dialogna langsung diucapkeun ku para palakuna, sedengkeun dalangna ngan berperan ngungkabkeun narasi waé, sedengkeun tata busana sarta riasna indit ti Wayang Golék kaasup dialog sarta narasina, ngeunaan tarian, dina dasarna mangrupa perpaduan tina sawatara asal nyaéta ti Wayang Wong Cirebon, tari Tayuban, Pencak Silat, sarta tari-tarian Wayang Golekna.[4]

Cara Pintonan[édit | sunting sumber]

Lamun kajadian-kajadian pintonan Wayang Wong Priangan ti mimiti mangsa saacan kamerdekaan nepi ka masa sanggeus kamerdekaan, anu dialaman ku kelompok-kelompok di kalangan ménak jeung anu dialaman ku kelompok-kelompok dikalangan rahayat disusud, ku kituna aya dua cara pintonan: Cara pintonan mandiri jeung ditanggep.[6].

  1. Mandiri nya éta cara pintonan anu teu gumantung ka jalma séjén, artina pintonan anu direncanakeun jeung diayakeun ku cara mandiri ku kelompok wayang wong priangan anu rék mintonkeun.[6]
  2. Cara pintonan ditanggap, nya éta pintonan anu ditampilkeun ku sabab ayana panggilan atawa uleman pikeun hiburan dina acara hajatan, salametan, atawa kawinan, ku kituna hiji pintonan ditanggap ku sabab ayana pihak anu ngundang.[6]

Palaku[édit | sunting sumber]

Palaku dina pintonan Wayang Wong Priangan nyaéta jalma-jalma anu sacara langsung berperan dina ngawujudkeun para tokoh jeung ngahirupkeun penyajian Wayang Wong ku kituna bisa dipintonan.[7] Hiji carita atawa lakon bisa kacipta jadi hiji pintonan lamun dicekel ku hiji pamaén atawa leuwih.[7] Lamun dina pintonan Wayang Kulit aktor-aktrisna nyaéta boneka-boneka tina kulit, sedengkeun Wayang wong aktor-aktrisna jalma.[1] Sajaba ti éta, dina penyajian Wayang Wong aya perpaduan harmonis antara drama atawa carita anu dibawakeun ku dialog, tari jeung instrumen gamelan salaku pengiringna.[3] Dina nyajikeun pintonan Wayang Wong ieu, sajaba saban penari ngomong, aya ogé juru carita anu disebut dalang.[3] Ku kituna, palaku utama dina pintonan Wayang Wong Priangan diwangun ku mayang, dalang, nayaga, jeung sinden.[3]

Mayang[édit | sunting sumber]

Mayang dina Wayang Wong Priangan nyaéta aktor-aktris anu ngavisualisasikeun jeung ngahirupkeun sakabéh tokoh wayang luyu kalayan lakon anu dibawakeun, alus minangka pemeran utama atawa minangka pemeran pembantu.[4] Aya sebutan anu spésifik pikeun anu nari Wayang Wong Priangan nyaéta anak wayang.[4] Spesifikasi nu utamana dina jenis lalakon atawa nu jadi lalakon Wayang Wong Priangan, katilik tina jenis kelamin lalakon wayang jeung tingkatanana karakter atawa watekna.[4] Aya ogé ciri-ciri karakter unggal lalakon dina Wayang Wong Priangan, sanajan geus tangtu tapi kaungkap rélatif leuwih basajan lamun dibandingkeun jeung ciri-ciri lalakona Wayang Wong Keraton Yogyakarta, dina jenis lalakon lalaki atawa awéwéna.[4] Sanajan kitu, dina sababaraha hal anu dasar, ciri-ciri karakter dina unggal lalakon Wayang Wong Priangan, miboga hal nu sarua dina tipe-tipe gerak dina unggal lalakon Wayang Wong Keraton Yogyakarta.[4]

Dalang[édit | sunting sumber]

Kecap "dalang" asal kecapna tina Basa Kawi,[8] "Dalang", numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia, artina jalma anu maénkeun wayang; wayang kulit; wayang golék.[8] dalang nyaéta nu nyusun naskah, produser, juru carita, pamingpin pintonan, jeung ogé nu maénkeun éta wayang.[9] Sedengkeun numutkeun Soedarsono, dalang kudu nyaho tambon (sajarah dina carita kuno), gending (musik), gendéng (nyanyi), gendeng (wani kumaha waé), basa (ngawasa basa Jawa), ompak-ompak (bisa nyaritakeun kalayan kecap-kecap anu kuat nepi ka nepungan sasarana), ilmu batin (élmu kabatinan), jeung sabetan (tehnik maénkeun wayang).[4] Ku kituna hiji dalang nyaéta jalma nu serba bisa.[4] Peran dalang dina pintonan Wayang wong Priangan ngan ukur pakait jeung narasi anu di omongkeun ku cara kakawén jeung nyandra, sabab dialog atawa antawacana dina unggal tokoh wayang sok diomongkeun langsung ku penari sewang-sewangan, aya ogé peranan khas pikeun dalang anu séjéna nya éta salaku nayaga cempala jeung kecrék.[9]

Nayaga[édit | sunting sumber]

Pintonan wayang wong dina umumna dipirig ku sapapakas gamelan, jeung nu nabehna kaum lalaki anu disebut nayaga atawa pangrawit, jeung salaku vokal atawa juru kawih, anu disebut sinden anu umumna dibawakeun ku awéwé, jumlah nayaga wayang wong priangan disaluyukeun jeung jumlah gamelana, nyaéta sapuluh jalmi, anu kabagi dina : rebab, kendang, saron anak, saron indung, panerus, rincik, gambang, ketuk, jeung goong, nu nyinden dina wayang lobana mung hiji.[9]

Fungsi sarta Harti[édit | sunting sumber]

Masarakat nyaéta sakumpulan jalma-jalma anu hirup babarengan jeung ngahasilkeun kabudayaan, kabudayaan éta miboga fungsi anu sakitu gedenana pikeun manusa jeung masarakat.[10] Rupa-rupa kakuatan anu kudu disanghareupan ku masarakat jeung anggota-anggotana sarupaning kakuatan alam atawa kakuatan-kakuatan sejena di masarakat éta sorangan anu teu alus waé pikeun maranéhna.[10] Saban ti éta manusa jeung masarakat ogé merlukeun kapuasan dina dirina sorangan, rék dina hal bidang spiritual atawa material.[10] Cara pandangan historis ngajarkeun yén unggal kabudayaan geus ngalakonan hiji fase yén unggal kasenian ogé teu nyorangan dina kahirupanana, tapi jadi bagian dina kahirupan urang.[10] Ku kituna kasenian nu tumuwuh dina unggal lapisan masarakat jadi salah sahiji unsur penting dina kabudayaan.[10] Ku kituna kasenian miboga peranan fungsi jeung arti (makna) anu penting pikeun masarakat.[10] Sababaraha fungsi seni pintonan dina lingkungan-lingkungan etnik di Indonesia, bisa disebutkeun di handap ieu :

  1. Ngadatangkeun kakuatan anu gaib
  2. Ngajemput roh-roh pelindung pikeun datang di tempat pamujaan
  3. Ngadatangkeun roh-roh alus pikeun ngusir roh-roh goreng
  4. Méré pituduh ka nenek moyang kucara nyonto kagagahan jeung kasigapana
  5. Nu ngalengkepan upacara anu aya hubunganana jeung peringatan tingkatan hirup hiji jalma
  6. Pakakas upacara sahubungan jeung waktu-waktu nu tangtu dina muterna waktu
  7. Wujud tina dorongan pikeun ngungkabkeun kaendahan.[11]

Galeri[édit | sunting sumber]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f (id) Soedarsono, Wayang Wong Dramatari Ritual Kenengaraan di Keraton Yogyakarta, Gadjah Mada University Press, Yogyakarta,1997, H.4.
  2. a b c d (id) Wayan Dibia, Perkembangan Seni Tari di Bali, Proyek Sasana Budaya Bali, 1977/1978, H.38.
  3. a b c d e f g (id) Soedarsono, Djawa dan Bali dua pusat perkembangan Dramatari Tradisional di Indonesia, Gadjah Mada University Press, Yogyakarta,1972, H.112.
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p q (id) Soedarsono,op.cit.,1997,h.20.
  5. (id) Soedarsono,loc.cit.,1997.
  6. a b c (id) Ibid, h.236
  7. a b (id) Sal Murgiyanto jeung I Made Bandem, Seni Teater Indonesia, Proyek Pengadaan Buku Pendidikan Menengah Kejuruan, Dep.Dikbud, Jakarta, 1983, H.55.
  8. a b (id) S.Wojowasito,Kamus Kawi Indonesia,Pangarang, Bandung, 1977, H.272.
  9. a b c (id) Claire Holt, Art in Indonesia:Continuities and Change, Cornell University Press, Ithaca and London,1976, H.131
  10. a b c d e f (id)PJ Bouman, op.cit., h.130
  11. (id) Edi Sedyawati, Pertumbuhan Seni Pertunjukan, Sinar Harapan, Harapan, Jakarta, 1981, H.53.