Lompat ke isi

Ékonomi kréatip

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
grafik ékonomi

Ékonomi Kréatif nyaéta konsep ékonomi anyar anu ngutamakeun inovasi jeng kreativitas.[1] Eta mangrupakeun rahasia lancarna ékonomi kréatip nu ngutamakeun intelektual jeng meunang harta, gawe jeng kasejahteraan.

Ide jeng Peluang Ékonomi Kréatif

[édit | édit sumber]

Industri ékonomi kréatif nyaéta inti ti ékonomi Kréatif nu digerakkeun ku para inovator jeng kreator. Rahasia na nyaéta kreativitas nu ngajadikeun pikiran anyar di industri kréatif. Inovasi ogé ngalengkepan konsep ékonomi kréatif nyaeta ngalakukeun nu dipikiran ku kreativitas. Hasilna nyaéta nyiptakeun ékonomi kréatif nu miboga gagasan anyar, ngerjakeun jeng konsep nu beda, oge alternatif anyar di pasar ékonomi kréatif[1].

[édit | édit sumber]

Ékonomi kréatif tina perkembangan na wajib merhatikeun faktor nu mangaruhan industri kréatif. Saperti faktor modal, komponen inti, komponen rojongan, faktor nu ngagerakkeun jeng faktor nu ngadorong ekonomi. Eta mangrupakeun modal dasar nu dibutukeun palaku industri usaha. Dina peta industri kréatif pamaréntah nyieun lima pilar ékonomi kréatif nu dijabarkeun nyaeta, sumber daya, insdustri, teknologi, institusi jeng lembaga ngabiayaan.[2]

Conto palaku digital marketing nu kaasup ékonomi kréatif

Conto wujud Ékonomi Kréatip

[édit | édit sumber]

Aya sababaraha wujud ékonomi kréatif khususna di Indonesia, nyaeta di bidang fashion (baju, aksesoris jeng sajabana), teknologi (fotografi, desain grafis, vidio kaulinan), handicraft (karajinan), digital marketing (pamasaran digital) jeng kuliner. Bisa disimpulkeun, tina conto conto nu disebut, ékonomi kréatif nyaeta kagiatan produksi barang jeng jasa nu ngalibatkeun implengan, ide jeng kreativitas. [3]

Usaha pamaréntah ngeunaan Ékonomi Kréatip di Indonesia

[édit | édit sumber]
Baparekraf

Sanajan program ékonomi kréatip bisa disebut anyar nyaéta jaman pamaréntahan presiden SBY taun 2004 tapi pamaréntah ningkatkeun ékonomi kréatip di masa pamaréntahan Presiden Joko Widodo.[4] Bisa ditempo Indonesia boga Kamenparekraf nyaeta Kamentrian Pariwisata jeng Ékonomi Kréatif nu di di cangking ku mentri Sandiaga Uno.[5] Salah sahiji conto na nyaeta Kamenparekraf ngabangun kerja sama jeng Bhizare tujuanna nyaeta ngabiayaan restoran Indonesia khususna di luar negri. Ogé nyiptakeun kerja sama ekspor-impor bumbu rempah nu aya di Indonesia.[6]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Suryana; (2013). Ekonomi Kreatif : Ekonomi Baru, Mengubah Ide dan Menciptakan Peluang (dalam Indonesia). Salemba Empat. ISBN 978-979-061-249-5.  Archived 2022-11-12 di Wayback Machine
  2. Suryana; (2013). Ekonomi Kreatif : Ekonomi Baru, Mengubah Ide dan Menciptakan Peluang (dalam Indonesia). Salemba Empat. ISBN 978-979-061-249-5.  Archived 2022-11-12 di Wayback Machine
  3. "Ekonomi Kreatif Adalah Ekonomi Baru, Ini Definisi dan Ruang Lingkupnya - Industri Katadata.co.id". katadata.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-11-12. 
  4. Sari, Anggri Puspita; Pelu, Muhammad Faisal AR; Dewi, Idah Kusuma; Ismail, Marthinus; Siregar, Robert Tua; Mistriani, Nina; Marit, Elisabeth Lenny; Killa, Maklon Felipus; Purba, Bonaraja (2020-11-16). Ekonomi Kreatif (dalam Indonesian). Yayasan Kita Menulis. ISBN 978-623-6761-59-5. 
  5. "Selamat datang di Website Kemenparekraf". kemenparekraf.go.id. Diakses tanggal 2022-11-12. 
  6. "Kemenparekraf-Bizhare Dorong Restoran Indonesia Go International". Republika Online (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-11-12. 

Tutumbu luar

[édit | édit sumber]

https://kemenparekraf.go.id/