Abéng Sunarya
| Abéng Sunarya | |
|---|---|
| Gumelar | 2 Januari 1920 |
| Tilar dunya | 1988 |
| Pagawéan | Dalang wayang golék |
| Kolotna | Juhari bin Artasim |
Abéng Sunarya bin Jauhari, dikenal ogé Abah Sunarya (gumelar di Bandung, 2 Januari 1920 ― tilar dunya di Bandung, 1988) mangrupa dalang wayang golék Purwa. Lian jadi dalang, anjeuna ogé ngadamel wayang golék. Abéng Sunarya kungsi jadi anggota pengurus Yayasan Padalangan jeung PEPADI di Kabupatén Bandung.[1]
Abéng Sunarya atos akrab dina dunya padalangan ti leutik ku sabab pun bapana, Juhari bin Artasim, mangrupa dalang wayang golék. Abéng Sunarya mula-mula diajaran ku bapana nepi ka taun 1938. Saatos bapana tilar dunya, Abéng Sunarya mimiti diajar padalangan ka dalang Atmaja Cilebar. Dina taun 1940, Abéng Sunarya angkat ka Tegalega jadi diajaran ku dalang R.U. Partasunda. Abéng Sunarya mimiti tampil jadi dalang di taun 1944, sarta namina tuluy kasohor tina éta.[1]
Abéng Sunarya atos jadi dalang wayang golék nu kasohor di taun 1950. Taun 1970 nepi ka 1980-an, Abéng Sunarya diundang jadi dalang di luar negeri, di antarana di Perancis sarta Swédia (1985). Lian jadi dalang wayang golék, Abéng Sunarya ogé ngadamelan waysng golék. Dina taun 1957, Abéng Sunarya ngadirikeun Padépokan Pusaka Giri Harja, anu aya di Kampung Jelekong, Ciparay, Bandung, salaku tempat kursus ngadalang wayang golék Purwa. Loba muridna anu hasil jadi dalang nu kasohor, di antarana putrana. Ti 13 jalmi nu diajar anjeuna, 5 di antarana jadi dalang wayang golék nu kasohor, nyaéta Adé Kosasih Sunarya (Giriharja 2), Asep Sunandar Sunarya (Giriharja 3), Ugan Sunagar Sunarya (Giriharja 4), Idén Subasrana Sunarya (Giriharja 5), jeung Agus Supangkat Sunarya (Giriharja 6).[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Édisi Cet. 1). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
| Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |