Alérgi endog

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Alérgi endog nyaéta réaksi sistim imun nu kaleuleuwihi kana protéin tina endog hayam, ogé endog meri, manila, soang, puyuh jeung sarupaning mamanukan lianna.[1][2][3] Nalika asupna protéin tina ieu endog kana awak jalma nu boga alérgi, awakna langsung ngaréspon sarta nganggap éta kadaharan téh mangrupa zat nu ngabahayakeun.[1] Ilaharna ieu karandapan ka budak leutik nu ngadahar endog alatan teu bisa ngolah protéin tina endog da sistim imunna can kumembang kalawan sampurna.[1] Sistim imun ngagunakeun antibodi pikeun ngalawan protéin endog nu dianggap panarajang nu pibahayaeun.[1] Budak anu alérgi endog upama ngadahar endog atawa kadaharan lian nu ngandung endog sok langsung karasa nyeri, atawa baruntus ting gareblég, ieu lumangsung sakeudeungeun atawa bisa nepi ka mangjam-jam.[1] Lolobana budak nu alérgi kana endog téh alérgina kana protéin endog bobodasna, ngan sawaréh mah aya ogé nu alérgina kana protéin endog kokonéngna.[1]

Kurang leuwih 2% budak téh alérgi kana endog, ngan hadéna ieu alérgi téh lolobana leungit nalika ngalincak umur 16 taun.[4][3] Nu matak perluna barudak nu boga alérgi endog pikeun disingkahkeun tina kadaharan nu bisa waé ngandung endog, kayaning sarupaning kukuéhan, és krim, mayonés, jeung sajabana.[5]

Diagnosa[édit | édit sumber]

Teu lila saanggeus ngonsumsi endog, anu miboga alérgi mah bakal langsung némbongkeun gejala-gejala kayaning réaksi kulit bareuh, bengep, baruntus, arateul atawa kaligata, ogé mengi atawa hésé engapan, irung mélér jeung bersin-bersin, panon beureum caian, ogé nyeri beuteung, seueul, uutahan atawa nyalingit, sarta anafilaksis.[3] Mun katara tanda-tanda siga kitu, perlu dipariksa ku ahli alérgi anu bisa ngadiagnosis alérgi endog liwat tés tojos kulit jeung tés getih.[3] Tes tojos kulit téh ngasupkeun cairan nu ngandung protéin endog disimpen di bagéan tukang atawa leungeun handap, nu tuluy ditojoskeun sangkan cairanna nyerep kana kulit.[3] Mun dina waktu 15-20 menit bijil baruntus beureum, geus teu asa-asa deui éta téh positif alérgi endog.[3] Ogé gumantung kana jinis protéin nu ditojoskeunna, bisa alérgi kana protéin endog kokonéngna atawa bobodasna, da anu umum mah alérgina téh kanu bobodasna.[3] Sedengkeun tés getih mah ngirim sémpel getih laboratorium pikeun diuji antibodi imunoglobulin E kana protéin endog.[3]

Mun masih kénéh mangmang, ahli alérgi bisa mangmesenkeun kadaharan, anu mana ngandung protéin endong.[3] Tuluy disina didahar sangkan dipiawas kumaha kumembangna réaksi nu bijil tina ngadahar protéin endog éta.[3] Demi ieu tés kudu dilakonan di tempat prakték ahli alérgi kalawan pagawé-pagawé anu geus purahna sarta paralatan darurat jeung ubar anu geus sayaga, ieu sisiapan bisina réaksi alérgina parah.[3] Ogé pikeun nganyahoankeun alérgi atawa henteuna kana endog bisa ku cara diét éliminasi.[3] Upamana mun ngahaben ngadahar endog téh karasa aya gejala-gejala alérgi, coba pikeun ngeureunan ngadahar endog. Saupamana gejala alérgi téh leungit saeureunna ngadahar endog, sarta bijil deui gejalana mun ngadahar deui endog, kamungkinan badag éta keuna ku alérgi endog.[3]

Musabab[édit | édit sumber]

Sacara umum, nu ngaranna alérgi dibalukarkeun ku réaksi sistim imun nu kaleuleuwi kana unsur alérgén.[6] Sistim imun anu aya dina awak ngahasilkeun antibodi anu ngadétéksi alérgén, satuluyna nyumebabkeun réaksi paradangan sarta ngaleupaskeun zat kimia anu disebut histamin.[6] Histamin ieu nu nyebabkeun ararateul, muriang, jeung bijilna gejala alérgi séjén.[6] Dina endog, unsur nu jadi pamicu alérgi téh aya dua nyaéta endog bobodasna jeung endog kokonéngna.[6] Ngan anu mindeng jadi pamicu alérgi téh nyaéta endog bobodasna.[6]

Salian tina ngonsumsi langsung endog minangka pamicu alérgi endog, aya ogé sawatara vaksin anu jadi pamicu alérgi endog lantaran tina kandunganana aya nu ngagunakeun endog bobodasna pikeun bahan ieu vaksin.[7] Ku kituna dimana-mana ngagunakeun ieu vaksin, bisa jadi pamicu réaksi alérgi pikeun sawatara jalma.[7] Diantara vaksin anu ngagunakeun bahan endog nyaéta aya Vaksin Measles-mumps-rubella (MMR) anu umumna mah aman pikeun barudak leutik anu alérgi kana endog, sanajan ngagunakeun bahan endog dina mroduksi ieu vaksin.[7] Tuluy aya vaksin flu (influénza) nu sakapeung ngandung saeutik protéin endog, sarta vaksin flu nu teu ngandung ieu protéin mah dipisapuk pikeun digunakeun keur anu geus umur 18 taun leuwih.[7] Deuih vaksin flu anu ngandung protéin endog bisa dibérékeun kalayan aman ka lolobana jalma nu alérgi endog. Ogé aya vaksin konéngeun anu bisa micu réaksi alérgi pikeun sawatara jalma nu alérgi endog.[7] Umumna mah ieu vaksin teu diwenangkeun pikeun dibérékeun ka jalma nu alérgi endog, dimana-mana dibikeun gé kudu aya dina pangawasan médis. Sarta vaksin lian anu teu teu ngabahayakeun pikeun jalma nu alérgi endog. Ngan angger, perlu konsultasi jeung dokter ngeunaan vaksin nu rék digunakeun, utamana mah bisi micu réaksi kana alérgi endog téa.[7]

Nyageurkeun[édit | édit sumber]

Saupama bijil réaksi alérgi anu pohara sanggeus ngonsumsi endog, mangka perlu parawatan ku antihistamin atawa EpiPen.[8] Fungsi antihistamin nyaéta pikeun ngalaaskeun kateugenah balukar tina baruntus atawa garing mata, sedengkeun EpiPen mah pikeun ngubaran réaksi anafilaksis anu kacida.[8] Cara nu pangéféktifna sangkan teu keuna ku alérgi endog mah taya lian nyaéta ku cara nyingkahan ngonsumsi endog.[8] Mun téa mah mibanda masalah jeung endog minangka bahan kaolahan endog anu digoréng, mangka singkahanana wangun endog anu digoréng we hungkul.[8] Sabari néangan cara ngolahkeun endog anu kumaha sangkan teu jadi matak upama dikonsumsi téh, misalna téa mah ku cara diolah jadi kuéh mah teu matak ngadatangkeun réaksi alérgi teuing.[8] Ti dinya perluna nyingkahan wangun ngolahkeun endog nu nyumebabkeun datangna masalah alérgi.

Kuran gleuwih 70% anu alérgi endog téh upama ngadahar kaolahan bahan endog anu geus dijieun misalna jadi kuéh atawa roti, data teu matak jadi alérgi.[8] Salila prosés ngolahkeunna, geus ngarobah protéin endog sangkan kurang alergi. Ngan sok sanajan kitu, ngolahkeun endog kitu hungkul mah moal ngurangan kana kamampuhna pikeun micu alérgi. Dina kadaharan nu diolah kitu, bahan endog geus digalo jeung bahan-bahan lianna nu boa teuing bisa micu kana alérgi leuwih kacida.[8]

Pentingna maca komposisi kadaharan sarta tatanya ngeunaan bahan kadaharan nu dijieun ku batur, sangkan suksésna nyingkahan ngonsumsi endog.[8] Di babaraha negara, geus ditulis dina produk kadaharanna "mumkin ngandung endog" atawa "ieu produk dijieun di fasilitas nu ngasilkeun endog ogé".[8] Mun teu yakin ngeunaan eusi hiji produk, dua hal anu bisa dipilampah, kahaiji calukan produsén sarta tanyakeun ngeunaan bahan-bahan spésifik nu kakandung dina éta produk, kadua teu kudu didahar éta produkna.[8]

Orok nu karak borojol upama geus katara ciri yén éta orok boga alérgi, alusna mah indungna kudu nyingkahan endog. Lantaran indungna anu nyusuan, ngolocorkeun ci susu ka orokna sarta ieu bisa micu gejala alérgi ka orokna.[8] Sanajan kitu, ieu endog mangrupa sumber nutrisi anu hadé, dijerona aya protéin, vitamin D, folat, sélénium, riboflavin, asam pantoténat, jeung zat beusi. Saupama ieu endog kudu disingkahan ogé, perlu gaganti nutrisina anu kawilang cukup kayaning tina daging, lauk, mamanukan, sisikian, jeung sayuran.[8]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f "Egg Allergy". www.rchsd.org. Diakses tanggal 2019-12-18. 
  2. "Egg (hen's egg) - allergy information (InformAll: Communicating about Food Allergies - University of Manchester)". research.bmh.manchester.ac.uk. Diakses tanggal 2019-12-18. 
  3. a b c d e f g h i j k l m "Egg Allergy". ACAAI Public Website. Diakses tanggal 2019-12-18. 
  4. "Egg Allergy (for Parents) - Nemours KidsHealth". kidshealth.org. Diakses tanggal 2019-12-18. 
  5. Caubet, Jean-Christoph; Wang, Julie (2011-04-01). "Current understanding of egg allergy". Pediatric clinics of North America 58 (2): 427–443. doi:10.1016/j.pcl.2011.02.014. ISSN 0031-3955. PMC 3069662. PMID 21453811. https://www.ncbi.nlm.nih.gov/pmc/articles/PMC3069662/. 
  6. a b c d e Services, Department of Health & Human. "Egg allergy". www.betterhealth.vic.gov.au. Diakses tanggal 2019-12-21. 
  7. a b c d e f "Egg allergy - Symptoms and causes". Mayo Clinic. Diakses tanggal 2019-12-21. 
  8. a b c d e f g h i j k l "What to Do If You Think You Could be Allergic to Eggs". Verywell Health. Diakses tanggal 2019-12-23.