Lompat ke isi

Android (sistim operasi)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Android)
Android

Android nyaéta salah sahiji sistim operasi anu mibanda sipat open source, dijieun husus pikeun telepon pinter[1]. Ieu sistim operasi mangrupa salah sahiji produk nu dimekarkeun ku Google kalayan diseponsoran ku organisasi Open Handset Alliance[1].

Android mibanda lisénsi nu disebut Apache/MIT anu nyirikeun yén ieu sistim operasi bisa digunakeun tur dimekarkeun ku saréréa[1]. Android ogé mangrupa sistim operasi anu asalna tina kernél linux ogé dijieun maké basa husus nu ngarana java[2].

Di taun 2005, Android dibeuli ku Google kumplit jeung pausahaan Android, Inc..[rujukan?] Taun 2007 Google ngumumkeun yén Android téh sistim operasi nu sipatna open source, bisa dipaké tur dimekarkeun ku saha waé.[rujukan?] Taun 2008, Android API 1 atawa Android 1.0 dibéwarakeun ka umum ku Google[1].

Ti saprak diciptakeun, Android teu ujug-ujug jadi sampurna.[rujukan?] Di tiap-tiap prosés panyampurnaanana, Android dingaranan ku ngaran anu teu biasa.[rujukan?] Ngaran-ngaran sistim operasi Android dicokot tina ngaran-ngaran kukuéhan nu aramis.[rujukan?] Salian ti ngaran kuéh, Android ogé mibanda istilah nyaéta API Level[3].

Vérsi Android

[édit | édit sumber]
Vérsi AndroidAPI LévelNgaran Husus
Android 1.01
Android 1.12
Android 1.53Cupcake
Android 1.64Donut
Android 2.05Eclair
Android 2.0.16Eclair
Android 2.17Eclair
Android 2.28Froyo(Frozen Yoghurt)
Android 2.39Gingerbréad
Android 2.3.310Gingerbréad
Android 3.011Honeycomb
Android 3.112Honeycomb
Android 3.2.x13Honeycomb
Android 4.0.1-4.0.214Ice Créam Sandwich
Android 4.0.3-4.0.415Ice Créam Sandwich
Android 4.1.x16Jelly Béan
Android 4.2.x17Jelly Béan
Android 4.3.x18Jelly Béan
Android 4.4-4.4.419Kitkat
Android 5.021Lollipop
Android 5.122Lollipop
Android 6.023Marshmallow

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 Marko Gargenta.2011."Learning Android".CA:O’Reilly Media, Inc.
  2. Adi Kirana Wijayanti,et all.Aplikasi Android Penerjemah Bahasa Non Latin dengan Pengenalan Citra Karakter.Bogor:IPB
  3. Android