Lompat ke isi

Angulimala

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gambar Buddha keur diudag ku Angulimala

Angulimala ngaran aslina Ahimsaka (haritina "teu bahaya") nyaéta saurang bandit anu kabeukina maéhan jalma tuluy tobat milu kana ageman Buddha.[1] Ngaran Angulimala sorangan boga harti "manglé/kangkalung ramo".[1][2] Sanggeus diajar Buddha manéhna kasebut minangka murid anu kasohor. Ku lantaran kitu, murid anu séjénna ngarasa sirik sarta ngarang carita sangkan guruna teu resepeun ka manéhna.[3] Lantaran lalampahan anu kaalaman, manéhna ahirna bisa nepi ka nirwana.[4][5] Lalampahan Angulimala téh salah sahiji anu pangkasohorna dina ageman Buddha Theravada.[6][7] Angulimala bisa asup kana Sangha, tuluy jadi Arahat. Manéhna téh hiji-hijina mantan kriminal anu diangkat jadi anggota Sangha.[6]

Sumber Téks

[édit | édit sumber]

Lalakon Angulimala jeung Buddha kasebutkeun dina Theragatha jeung Angulimala Sutta dina kitab Majjhimanikaya. Éta Sutta-sutta munggaran téh ngan nyebutkeun saeutik katerangan ngeunaan Angulimala. Koméntar saenggeusna ku sarjana Buddhaghosa (kira-kira abad ka-5) sarta sakumpulan sarjana-sarjana anu dipikawanoh minangka Dhammapala, nuliskeun tasiranana dina abad ka-11 atawa ka-12 Maséhi. Éta kumpulan sarjana téh ngawangun karakter angulimala anu leuwih écés, némbongkeun motivasi lalampahanana, lain ngagambarkeun kakejemanana.[8]

Lalakon angulimala dicaritakeun sacara tradisional pikeun sababaraha alesan. Maksudna pikeun nepikeun amanat yén sanajan jelema pangkejemna, jeung pangjahatna ogé angger bisa robah kana jalan bebeneran, sarta karma hadé bisa nganétralkeun karma goréng.[8]  

Kahirupan Mimiti

[édit | édit sumber]

Angulimala nyaéta anak ti saurang brahmana karajaan Kosala nu ngaranna Bhaggava Gagga jeung istrina, Mantani.[2] Ari Rajana harita nyaéta Raja Pasenadi dina jaman Buddha. Waktu Angulimala lahir, unggal sanjata jeung pakarang perang di imahna ngaluarkeun sinar nu moncorong. Ieu kajadian matak melang pikeun Bhaggava, tuluy mariksa palintangan jeung rasi béntang anakna. Sanggeus dipariksa, tétéla lahirna téh ragrag dina "Rasi Béntang Maling" anu jadi totondén yén dina diri putrana aya bakat kajahatan jeung kakejeman. Nu matak, harita Bhaggava pohara sedihna.[6][9][10]

Pangeusi dayeuh anu peuting éta kabeneran ningali cahaya anu mancawura tina rupa-rupa sanjata jeung pakarang nu aya di sakuliah nagri Kosala melang, sarta pada ngomongkeun yén éta téh bakal jadi totondén bancana pikeun nagrina. Bhaggava beuki sedih baé. Bhaggava nepungan Raja Pasenadi sarta nanyakeun naha kungsi ningali kajadian ahéng peuting saméméhna. Raja Pasenadi ngaenyakeun, sarta malik nanya ka Bhaggava naha éta téh bakal jadi bancana pikeun nyawana atawa karajaan Kosala.[10]

Sanggeus nétélakeun kalahiran anakna mareng jeung éta kajadian, Bhaggava nyebutkeun teu téga pikeun ngurus anakna nepi ka gedé lantaran melang bisi jadi ancaman pikeun nagri Kosala. Di hareupeun raja, Bhaggava ménta ijin pikeun nelasan pati éta orok beureum, saméméh jadi jelema anu kejem jeung jahat. Minangka umat Buddha anu taat, Raja Pasenadi mutuskeun sangkan éta orok ulah ditelasan. Sabalikna, éta buda kudu dibéré atikan jeung tungtunan sangkan hirup dina jalan kahadéan.[6][10]

Sinopsis

[édit | édit sumber]
Angulimala keur sideku di hareupeun Buddha. Lukisan di Wat pangla di Songkhla, Thailand kidul

Ahimsaka asalna nyaéta jalma anu remen maéhan batur anu tuluy tobat, milu ajaran Buddha, sarta jadi bhikku.[4] Manéhna hirup di lembur Shrasvati.[1] Murid-murid nu séjénna timburu ka manéhna, sarta ngarang carita sangkan guruna mikangéwa. Guruna hasil kahasud nepi ka ngambek pohara ka Ahimsaka, tuluy dihukum pikeun ngumpulkeun sarébu ramo minangka hadiah.[10] Sababaraha téks nyebutkeun ngan saratus ramo. Sanajan Ahimsaka kacida embungna ngalampahkeun kitu, manéhna kapaksa indit ka leuweung sarta mimiti maéhan singsaha waé jalma anu dipanggihan sangkan bisa nyumponan jumlah ramo anu dipénta ku guruna téa.[3][11][1]

Sangkan jumlah ramona katingali kalawan écés, manéhna nyieun manglé tina éta ramo anu geus diteukteukan téh. Tuluy dikangkalungkeun. Ti harita manéhna katelah Angulimala nu hartina "si kangkalung ramo". Sanggeus ngumpulkeun ramo anu ka-999, manéhna niat pikeun maéhan indungna pikeun ngajejegan ramo anu dikumpulkeunna.[12][13] Padahal indungna pisan anu terus ngurus manéhanana. Harita Buddha keur aya di deukeut éta leuweung, sarta dipahing sangkan ulah indit ka jero éta leuwueung. Sanajan kitu, Buddha teu sieuneun. Anjeunna tuluy asup ka éta leuweung.[14] Teu lila Buddha katémbong ku Angulimala, tuluy Angulimala rék maéhan Buddha minangka gaganti indungna.[3][11][10]

Éta leuweung saolah-olah nyalindung Buddha. Rék sakumaha gancangna Angulimala ngudag Buddha anu leumpang anca, tapi weléh teu kaudag waé. Lampah Angulimala pikeun maéhan Buddha téh sigana taya gunana. Ahirna, manéhna tobat sarta jadi abdi Dhamma sarta milu kana ajaran Buddha.[3][11] [10]

Réferrénsi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d Kohn, Sherab Chodzin (2000-02-15). The Awakened One. Shambhala Publications. ISBN 978-0-8348-2944-2. 
  2. a b "Dhamma dalam Kisah #1: Angulimala, Pembunuh Berkalung Jari Manusia – KMB Dharmavira Unpad" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-11-25. 
  3. a b c d Kyimo (2007-12). The Easy Buddah. Paragon Publishing. ISBN 978-1-899820-44-3. 
  4. a b Loy, David (2003). The Great Awakening: A Buddhist Social Theory. Simon and Schuster. ISBN 978-0-86171-366-0. 
  5. RAO, SUBBA (1971-04-01). Angulimala. Amar Chitra Katha Pvt Ltd. ISBN 978-81-89999-41-4. 
  6. a b c d Aṅgulimāla. Yayasan Dhammavihari. 2019-11-01. 
  7. Thompson, John (2015-06-03). "Ahimsā and its Ambiguities: Reading the story of Buddha and Aṅgulimāla" (dalam bahasa en). Open Theology -1 (open-issue). doi:10.1515/opth-2015-0005. https://www.degruyter.com/view/journals/opth/open-issue/article-10.1515-opth-2015-0005/article-10.1515-opth-2015-0005.xml. 
  8. a b Bergsmo, Morten; Buis, Emiliano J. (2018-11-30). Philosophical Foundations of International Criminal Law: Correlating Thinkers. Torkel Opsahl Academic EPublisher. ISBN 978-82-8348-118-1. 
  9. Melangkah di keheningan: mengenal lebih dekat Bhikkhu Uttamo dan ajaran agama Buddha (dalam Indonesian). Vihara Samaggi Jaya. 2007. ISBN 978-979-15599-0-4. 
  10. a b c d e f "Kisah Anggulimala Thera". Samaggi Phala (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-11-25. 
  11. a b c Bergsmo, Morten; Buis, Emiliano J. (2018-11-30). Philosophical Foundations of International Criminal Law: Correlating Thinkers. Torkel Opsahl Academic EPublisher. ISBN 978-82-8348-118-1. 
  12. Hạnh (Thích.), Nhất (1991). Old Path, White Clouds: Walking in the Footsteps of the Buddha. Parallax Press. ISBN 978-0-938077-40-4. 
  13. Yeshe, Lama; Rinpoche, Lama Zopa (2009). Freedom Through Understanding. Lama Yeshe Wisdom Archive. ISBN 978-1-891868-31-3. 
  14. Nyanaponika; Hecker, Hellmuth (2012-01-30). Great Disciples of the Buddha: Their Lives, Their Works, Their Legacy. Simon and Schuster. ISBN 978-0-86171-864-1.