Asep sunandar sunarya

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Asep Sunandar Sunarya
Gambar:Asepsu.JPG
Foto Ki Asep Sunandar S
GumelarAsep Sukana
3 Séptémber 1955
Indonésia Bandung, Jawa Barat
Tilar dunya31 Maret 2014 (yuswa 58)
Indonésia Bandung, Jawa Barat
PagawéanDalang
Seniman
Taun aktip1970 - 2014
Pasangan
  • Euis Garnewi
  • Elas Sulastri
  • Ati
  • Sumirat
  • Nenah Hayati
AnakMaesaroh
Dadan Sunandar
Dani Andylau
Dinar Mustika
Elin
Gina Tridasanti
Cipta Dewa
Gunawan Wibiksana
Bhatara Sena Sunandar
Gysta Gumilar Agustina
Yogaswara Sunandar
Sunan Purwa Aji
Aria Sadewa
Maulana Yusuf
KolotnaAbah Sunarya

Asep Sunandar Sunarya anu leuwih biasa disebut Ki Asép Sunandar Sunarya (gumelar di Bandung, 3 Séptémber 1955 - tilar dunya di Bandung, 31 Maret 2014 dina umur 58 taun) nyaéta salasahiji dalang fenomenal dina wayang golék. malah loba anu nyebutkeun yén anjeunna hiji maestro wayang golék di Indonésia. Salaku dalang wayang golek, Asep Sunandar Sunarya teu incah balilahan, tetep panceg dina widang garapanana. Rupina Alloh swt. parantos nakdirkeun anjeunna pikeun jadi dalang dalang anu saestuna. Anjeunna lir ibarat parantos leres-leres ngahiji, gumulung sareng dunya wayang golek anu dilakonanana. Ku kituna rupa-rupa pangajén ti tingkat lokal, propinsi, nasional, malah ti manca nagara kantos katampi ku anjeunna.

Saupama teu kungsi aya Asep Sunandar Sunarya, sigana tokoh Cépot dina pawayangan moal kakoncara kawas ayeuna. Alatan kamotékaran sarta inovasi nu diolah kalayan junun ku Asep Sunandar Sunarya, seni wayang golék anu dianggap kampungan ku sababaraha ngaronjat darajatna.

Ngaronjatna ajén seni wayang golék téh, pédah ku Asép Sunandar Sunarya dipintonkeun kalayan motékar, di antarana Cépot anu bisa unggeuk, Buta anu utah emih, Arjuna anu mentang panah, Bima anu metakeun gadana, sarta papakéan wayang-wayangna anu katémbongna méntéréng.

Hasil perjuangan anu teu eureun dipilampah, boh mangrupa pangasilan dina wujud harta banda, boh sohorna ngaran, kalayan nyorang sagala pangalaman pikabungaheun atawa katunggaraan, teu weléh disanghareupan dina sapanjang lalakon kahirupan Asep Sunandar, kalayan kayakinan yén ngawujudna kasenangan mangrupa buah tina kasabaran mangsa nyorang kasusah.

Loba jalma anu henteu nganyahoankeun, yén jalan anu dilakonan ku Asep Sunandar Sunarya dina profési dalang, kawilang tarahal, malah dina mangsa munggaran nyorang karirna, mindeng narima kritikan anu peureus ti sawatara pihak, utamana ti ramana ku anjeun (Abah Sunarya).

"Unggal Kuring ngaréngsékeun pintonan wayang, Abah sok nyebut "goréng" (awon) kana hal-hal anu dilakukeun ku Kuring. Abah téh kolot Kuring anu kawilang kucem. Tapi anéh, waktu Abah nyaksian pintonan kuring ngadalang bari diwuwuh ku ngabodor, anjeunna tiasa gumujeng." "Pikeun kuring, sakumaha peureusna kritikan ti Abah, jadi pupuk sarta pecut anu jadi pangdorong dina ngaronjatkeun kaparigelan. Kaayaan Kuring kiwari, kapan alatan tina lalampahan kamari." Ceuk Asép.