Aset

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Aset atawa aktiva nyaéta sumber ékonomi nu dipiharep bisa méré mangpaat usaha ka hareupna. Aset kaasup kana neraca kalayan saldo normalna debit.[1]

Komponen[édit | édit sumber]

Aset nyaéta sakabéh hak nu bisa dipaké dina operasi perusahaan. Nu kaasup kana kolom aset salah sahijina nyaéta gedung atawa wangunan Jadi lamun hiji perusahaan miboga hiji gedung nu hargana samiliar, mangka aset nu diitung nyaéta samilliar.[1] Salian ti gedung, nu bisa diitung salaku aset bisa kaasup mérk dagang, patén téknologi, duit kas, mobil, motor jsb.[1]

Aset dihartikeun salaku harta total. Nu biasana dikategorikeun kayaning:[2]

  1. Aset lancar
  2. Investasi jangka panjang
  3. Aset tetp
  4. Aset tidak berwujud
  5. Aset pajak tangguhan
  6. Aset lain

Daftar aset dina neraca disusun numutkeun tingkatan likuiditasna, ti mimiti nu pang likudna nepi ka nu henteu likuid.[2]

Aktiva dina neraca dipidangkeun disisi kiri sacara ngaruntuy ti luhur ka handap.[2] Pikeun nyusun neraca ti mimiti nu pang likud (lancar) nyaéta ti mimiti aktiva lancar, aktiva tetep jeung satuluyna.[2] Komponen aktiva lancar numutkeun Kasmir (2008:31) nyaéta " kas, surat-surat nu miboga ajén luhur, piutang, sasadiaan, jsb".[2] Komponen aktiva tetep numutkeunkeun Kasmir (2008:32) nyaéta " Tanah, bangunan, mesin, motor, mobil,peralatan, jsb".[2] Numutkeun téori di handap, aktiva disusun sacara ngaruntuy ti mimiti nu likuid atawa lancar nu babari dijadikeun duit.[2]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Pikeun manajemen, dina maca neraca, nilai aset kudu ditengetan ku sabab jadi dasar ngukur prestasi kauangan hiji perusahaan.[2] Ukuran ieu jadi babanding prestasi hiji perusahaan jeung perusahaan séjénna dina widang nu sarua, naha leuwih alus atawa henteu, nu bisa jadi dadasar dina nyokot hiji kaputusan manajemen pikeun nahankeun atawa ngaronjatkeun kualitas manajemen.[2]

Efisiensi dina ngagunakeun aset[édit | édit sumber]

Salah sahiji pangukuran nu aya patalina jeung aset nyaéta angka rasio penjualan/ total aset, nu di nyatakeun salaku presentase.[3] Anggapanna, beuki loba penjualan nu kahontal, beuki éfisién aset nu aya.[3] Angka panjualan dicokot ti laporan laba rugi, sedengkeun angka total aset asalna ti neraca.[3] Dina hal ieu rasio ti taun panungtung dibandingkeun jeung taun-taun saacanna.[3]

Optimalisasi kauntungan[édit | édit sumber]

Ukuran séjén nu aya patalina jeung profitabilitas, nyaéta angka laba harta atawa laba investasi,nu asalna tina babandingan angka kauntungan atawa laba (dicutat tina laporan laba rugi) jeung total harta atawa total aset, nu nilai na sarua jeung istilah total investasi (dicutat tina neraca).[3]

Asumsina, manajemen salaku nu boga tanggung jawab dina miara jeung pamanngpaatan sakabeh harta nu dipaké perusahaan, ku kituna manajemen tanggungjawab dina upaya optimalisasi kauntungan nu dihasilkeun ti sakabeéh harta éta.[3]

Tinggali ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Jurnal Widyatama. Aset Diakses ping 13 Desember 2017
  2. a b c d e f g h i Bambang Kussriyanto,, Suwartoyo. Teknik Manajemen Keuangan. Pustaka Binaman Pressindo. 
  3. a b c d e f James Wilson, John Campbell. Controllership: The Work of the Managerial Accountant. Wiley Trans. ISBN 0-471-05711-8.