Aseupan
Aseupan tina anyaman awi | |
| Fungsi Utama | Nyeupan sangu, tumpeng |
|---|---|
| Pasangan | Sééng |
| Bahan Utama | Awi (Tali atawa Temen) |
| Wangun | Kerucut (nyungcung) |
Aseupan nyaéta parabot dapur nu dijieun tina anyaman awi tur wangunna nyueung atawa nyungcung.[1] Lamun ditangkubkeun pikeun ngasakan seupan-seupanan. Aseupan wangunna saperti seuseukeut patlot[2].[3][4]
Aseupan atawa kukusan nyaéta wadah paranti nyeupan sangu atawa kadaharan séjén [5]. Kawas sééng aseupan mangrupa parabot masak anu penting nyaéta pikeun nyangu[5]. Ku sabab kitu ampir di sakabéh dapur urang Sunda aya aseupan[2]. Biwir aseupan aya nu diwengku aya ogé nu henteu[6]. Lian ti pikeun nyeupan sangu, aseupan ogé sok dipaké pikeun nyeupan rupa-rupa kadaharan séjénna[6]. Aseupan téh sapasang jeung sééng anapon conto kadaharan anu wangunna sarua jeung aseupan nyaéta sangu tumpeng[6].
Konstruksi sarta Bahan
[édit | édit sumber]Aseupan dijieun ku téknik anyaman anu husus sangkan hawa panas tina saab cai bisa nembus kana sela-sela anyamanana.
Aspék Budaya sarta Filosofi
[édit | édit sumber]Dina pandangan masarakat Sunda, aseupan miboga harti anu luhur:
- Wangun Nyungcung: Wangun aseupan anu nyungcung ka luhur sarta ka handap téh dianggap salaku simbol hubungan antara manusa sareng Pangéran (vertikal). Ieu ogé anu jadi dasar wangun Tumpeng anu mindeng disebut "Sangu Aseupan".
- Simbol Kasuburan: Dina upacara adat, aseupan dianggap salaku pasangan tina sééng. Upami sééng dianggap simbol wadah, aseupan dianggap simbol eusi anu mawa berkah pangan.[8]
Cara Ngagunakeun
[édit | édit sumber]Dina prak-prakanna, aseupan téh tara nangtung sorangan, tapi kudu dipasangkeun jeung sééng. Aseupan diasupkeun kana baham sééng anu geus dieusi cai, tuluy diteundeun di luhureun hawu.[9]
- Sangu atawa bahan kadaharan diteundeun di jero aseupan.
- Saab cai tina sééng bakal asup kana sela-sela anyaman aseupan pikeun ngasakeun kadaharan.
- Sangu anu dihasilkeun tina aseupan biasana leuwih pulen sarta miboga seungit anu has tina awi.
Wangun jeung Filosofi
[édit | édit sumber]Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Yogyakarta: FRASA LINGUA. hlm. 9. ISBN 9786026475275. Disungsi12 Januari 2023
- 1 2 Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 36
- ↑ Denny Djuhaeni, Dra. Rini Tanumulyana, Elly Sarimana S. Pd, Ine Novita S.Pd, Drs. (2001). Mustika Basa Sunda. Jakarta: Grasindo. hlm. 18. ISBN 9789796952557. Diaksés tanggal (disungsi – 22 Mei 2020). Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
- ↑ Juhaendy, Drs. Denny (1882). Mustika Basa Sunda. Jakarta: Grasindo. hlm. 18. ISBN 9789796952557. ;
- 1 2 Tim Peneliti Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Jawa Barat.2000. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupatén Lebak Jawa Barat. Bandung: CV. MANFADA UTAMA kaca 103
- 1 2 3 Rosidi Ayip, spk.(2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta: Pustaka Jaya kaca 65]
- ↑ Hidayat, Rachmat Taufiq (2005). Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. ISBN 979-3631-43-4.
- ↑ Sumardjo, Jakob (2002). Arkeologi Budaya Indonesia. Qalam. Diaksés tanggal 2026-01-28.
- ↑ Pertiwi, A. C., dkk. (2019). "Kearifan Lokal Peralatan Dapur Tradisional Masyarakat Sunda". Jurnal Budaya Nusantara.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |