Audit

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Siklus audit

Audit mangrupa ngumpulkeun sarta mariksa bukti nu aya patalina jeung inpormasi pikeun nangtukeun sarta nyieun laporan ngeunaan tingkat kasaluyuan antara inpormasi jeung kritéria nu geus ditangtukeun.[1] Audit kudu dilakukeun ku nu boga kaahlian sarta independen.[1] Audit bisa digolongkeun kana tilu rupa, nyaéta audit operasional (operasional audit), Audit kapatuhan (audit compliancy), jeung audit laporan kauangan (financial statement audit).[1]

Audit Operasional  (Operasional Audit)[édit | édit sumber]

Dina audit jenis ieu, audit nu dilakukeun fokus ka pamariksaan efisiensi sarta efektivitas operasional perusahaan.[1] Bukti nu dikumpulkeun nu aya patalina jeung operasional perusahaan dibandingkeun jeung standar atawa kabijakan nu lumaku nu geus ditangtukeun ku perusahaan.[1] Hasilna mangrupa rékoméndasi nu ditepikeun ka pihak perusahaan. [1]

Audit Kataatan (Compliance Audit)[édit | édit sumber]

Palaksanaan audit kataatan ditujukeun pikeun nangtukeun tingkat kapatuhan audit kana aturan, prosedur, atawa regulasi nu ditangtukeun.[1] Hasil tina audit kapatuhan dilaporkeun ka pihak manajemén salaku pihak utama nu aya patali jeung tingkat kapatuhan perusahaan ka prosedur sarta regulasi atawa aturan.[1]

Audit Laporan Kauangan (Financial Statement Audit)[édit | édit sumber]

Dina palaksanaan audit laporan kauangan, auditor kudu fokus nangtukeun tingkat kawajaran jeung tingkat kasaluyuan antara laporan kauangan jeung standar akuntansi nu lumaku kayaning PSAK, IFRS, jeung GAAP.[1] Tingkat kawajaran laporan kaungan ditangtukeun dumasar kana bukti—bukti nu geus dikumpulkeun ku auditor.[1] Hasil audit ngeunaan tingkat kawajaran laporan kauangan dipedalkeun dina laporan audit nu eusina mangrupa opini ti Auditor.[1]

Audit Investigatif[édit | édit sumber]

Audit investigatif nyaéta:

  1. "Runtuyan kagiatan pikeun mikanyaho (mikawanoh), ngaidentipikasi (nangtukeun), jeung nguji (nalungtik) sacara  jéntré informasi jeung fakta nu aya pikeun ngébréhkeun kajadian nu sabenerna dina raraga ngabuktikeun pikeun ngarojong prosés hukum dina kasus dugaan ayana panyaléwéngan nu bisa ngarugikeun hiji éntitas (perusahaan, nagara, organisasi, daérah, jsb)".[1]
  2. "neangan kabeneran, dina kapentingan kaadilan sarta luyu jeung spésifikasi dina hukum".[1]

Jadi, auditing téh nyaéta hiji runtuyan kagiatan ngeunaan:[1]

  1. Prosés ngumpulkeun sarta ngaevaluasi bahan bukti.[1]
  2. Informasi nu bisa diukur. Informasi nu dievaluasi nyaéta informasi anu bisa diukur.[1] Hal anu sifatna kualitatif kudu dikelompokkeun dina kelompok nu bisa kaukur, ku kituna bisa dipeunteun dumasar kana ukuran jelas, pikeun conto Alus Pisan, Alus, Cukup, Goréng, jeung Teu Alus ukuran jeung patokan jelas.[1]
  3. Entitas ékonomi. Pikeun ngécéskeun yén nu diaudit éta téh hiji lembaga, boh Pausahaan, Divisi, atawa nu sejenna.[1]
  4. Dipigawé ku jalma (atawa sababaraha jalma) anu kompetén sarta mandiri ataa independent anu disebut salaku Auditor.[1]
  5. Nangtukeun kasaluyuan informasi jeung patokan panyaléwéngan nu geus kapanggih.[1] Panangantuan éta kudu dumasar kana ukuran nu jelas. Hartina, ku kritéria atawa patokan mana éta disebut nyaléwéng.[1]
  6. Ngalaporkeun hasilna. Laporan ngandung eusi informasi ngeunaan kasaluyuan antara informasi nu geus diuji jeung kritéria, atawa teu saluyuna informasi nu diuji jeung patokan atawa kritéria sarta ngébréhkeun kanyataan nngeunaan teu saluyuna informasi éta.[1]

Tinggali ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v Arens, A.A., Randal J. Elder, Mark S. Beasley. (2014). Auditing and Assurance Services: An Integrated Approach. Jakarta: Erlangga. 
Nulis.jpg