Lompat ke isi

Badak pamalang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Badak Pamalang mangrupa salah sahiji carita anu aya di Tatar Sunda, Jawa Barat. Ieu carita téh nyaritakaeun ngeunaan hiji budak ti Pajajaran anu ngarana Badak Pamalang, ogé Karajaan Nusa Bali. Ogé dina ieu carita téh ngawanohkeun ngeunaan Karinding. [1]

Sumber[édit | édit sumber]

Carita ieu asalna tina tradisi lisan anu disebut carita pantun. Ieu carita dilalakonkeun ku Ki Samid di Cisolok, Sukabumi taun 1971, [2]anu satuluyna di bukukeun ku Ajip Rosidi jadi dua volumeu dina taun 1985. Butuh tilu peuting pikeun nyaritakeun carita pantun ieu, sabab caritana anu kawilang panjang.

Tingkesan[édit | édit sumber]

Carita dibuka ku rajah, carita dimimitian ku ngagambarkeun Karajaan Cirebon Girang. Raja dina ieu karajaan téh nyaéta Perebu Sunan Ua Eudeum Jaya, anu kacaritakeun miboga parahu anu loba, tapi loba diinjeum jeung tara dibalikeun, nepi nyésa opat parahu.[3]

Datangna pangéran ti Padjajaran ka Cirebon Girang[édit | édit sumber]

Pangéran pajajaran anu ngarana Munding Sanggawati datang ka karajaan Cirebo Girang kalawan niat néang pangaweruh pikeun bebekelanana nalika jadi raja. Anu dibarengan ku Kidang Pananjung Gelap Nyawang, Patih Purwakalih, Nyi Lenggang Garing, jeung tilu dulur Prabu Munding Malati, Aci Malati, dan Sekar Melati. Tuluy maranéhna nginjeun parahu anu ku Ua Eudeum dibéré parahu kaopat, anu diaranan si Colat Emas, anu tuluy moro ka palebah wétan, nyaéta ka Nusa Bali anu dipingpin ku Raja Demang Patih Naga Bali, anu dikawal ku dua ponggawa, Munding Rarangin jeung Gajah Rarangin. Raja miboga tilu putri nyaéta Nyi Geulang Rarang, Rarang Nimbrang  Inten, dan Bagadaya Panutup Sungging.

Nusa Bali[édit | édit sumber]

Satepina Munding Sanggawati di Nusa Bali, Purwakalih salaku pangasuh ngingetan sangkan Pangeran ngajaga paripolah di nagri anu jadi pangumbbaraan. Tuluy, manéhna leuleumpangan di Nusa Bali, néangan anu aya didinya. Poho kana naon anu geus wejangkeun ku pangasuhna, manéhna sangeunahna keketok kana pantu Blong Kancana anu mangrupa tempat para puteri. Panto dibukakeun ku Putri Jelita anu tuluy ditanya ku Putri Lenggang Kancana.

Kasebut yén Nyi Gelang Rarang ngimpi katindihan langit jeung tangkal caringin anu runtuh ku angin anu badag, panon poé gelut jeung bulan, béntang aya dibelah kidul. Tuluy manéhna nyaritakeun ka Kakanda Demang Patih Naga Bali. Sanggeus ngadéngé naon anu geus dicaritakeun ku putrina, Raja geuwat maréntahkeun pikeun mariksa kaputrén. Sanggeus dipariksa, kapanggih yén aya Munding Sanggawati di jero kaputrén, Raja ambek tuluy maréntahkeun pikeun ngabuskeun Munding Sanggawati jeung para pangasuhna ka penjara. Di jero panjara Munding Sanggawati jeung para pangasuhna ngalaksanakeun tapa.

Lahirna Badak Pamalang[édit | édit sumber]

Sedengkeun di Pajajaran, Aci Malati nalika ditinggalkeun keur kakandungan anu umurna nembe sabulan. Nalika dina waktuna salapan ngalahirkeun, Aci Malati dipariksa ku Sekar Malati jeung Perebu Munding Malati anu satuluyna nitah Léngsér pikeun ngageroan Nini Paraji. Orok anu dilahirkeun ku Aci Malati kasebutkeun beresih, teu dibarengan ku cai atawa getih anu kaluar bareng jeung manéhna, udelna ogé geus euweuhan.

Geus katilu poéna, orok téh kakara ngajerit maratan langit ménta ngaran. Ku indungna dibéré ngaran Prabu Kalang Kidang, tapi budak téh masih kénéh ceurik. Ku Nini Paraji dibéré ngaran Perebu Anggawaruling, tapi angger masih kénéh ceurik. Dibawa deui k indungna, dibéré ngaran Perebu Geulang Rarang, tapi angger kénéh ceurik. Nepi datang Perebu Munding Malati, nyokot éta budak tuluy disépak nepi jauh ka luhur langit, tuluy murag deui ka handap leungeuna ngait sabeulah kana kembang campaka warna di alas jagat Pajajaran. Turun ninina ti Gedong Sangiang Nunggal, Kahiangan, ngais éta budak rék dibéré ngaran, tapi saacanna budak téh dibéré heula peupeujeuh, sanggeus dibérépeupeujeuh budak téh dingaranan ku ninina Badak Pamalang. Jep jempling geus dibéré ngaran éta mah, tuluy saré di luhureun kembang campaka warna.

Diteureuy ku Heulang[édit | édit sumber]

Di Nusa Bali, Raja Demang Patih Naga Bali ngabogaan ingon-ingon nyaéta heulang anu euweuh buluan. Heulang téh ménta ka dununganana sangkan dibéré sayang jang ngendong, ku Demang Patih Naga Bali dititah indit ka leuweung langgong pikeun nyieun sayang anu enyakeun ku heulang.

Heulang ngendong di tempat anu geus dituduhkeun ku dununganana. Endong anu bijil ukur hiji tapi kawilang badag lamun dibandingkeun jeung endog séjénna. Nalika megar, anak heulang téh sagede munding, ménta kadaharan ka indungna. Indungna indit ka dununganana nanyakeun piparabeun buadakna, ku dununganana dibéré nyaho "jor kaitu sapi ucing kidang manjangan bebek embe kuda kalde anu teu diurusan di tanah lapang pangperangan di pasisian sor parab-parabkeun ka anakna. Kurang keneh, ka leuweung Ianggong puyuhna keur buntutan orayna ge keur taktakan maungna ge keur tandukan kidang manjangan banteng lilin tap pancugan parabkeun ka anak ka itu".

Tuluy dilaksanakeun ku heulang sakumaha anu geus diparéntah ku dununganana. Budakna segut ngadahar naon anu ku indingna dibawa, nepi béak sasatoan anu geus dituduhkeun ku Demang, euweuh deui sato anu bisa dibikeun ka budakna, heulang nanya deui ka dununganana, tuluy Demang méré nyaho ka heulan yén baé méré dahar manusa asal ulah urang Nusa Bali. Sanggeus kitu, heulang indit pikeun néangan manusa anu bisa dijadikeun parab pikeun budakna. Heulang ninggali hiji orok anu ngagalantung dina kemang campak warna di Pajajaran, tuluy diteureuy ku inding heulang pikeun dibikeun ka budakna. Nepi ka sayang, indung heulang ngaluarkeun orok anu aya dina beuteungna pikeun di dahar ku budakna. Kitu téa Badak Pamalang aya dina beuteun budak heulang. Nepi ka salapan bulanna, Badak Pamalang henteu paéh dina beuteung budak heulang, malahan manéhna leulempangan dina jero usus budak heulang, tuluy manéhna kaluar ngaliwatan boolna.

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. "SASAKALA KARINDING #5 BADAK PAMALANG – PANGAUBAN KARINDING" (dalam en-US). Diakses tanggal 2024-03-31. 
  2. 4113n. "Badak Pamalang Kisah Kisah Dalam Pantun Dan Foklor Sunda Ajip Rosidi | BATU PUSAKA | Banten Satu Data Kepustakaan dan Kearsipan". batupusaka.bantenprov.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-31. 
  3. Rosidi, Ajip (1985). CARITA BADAK PAMALANG CARITA PANTUN SUNDA. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. p. 5.