Bagawad Gita

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Bagawad Gita nyaéta teks India buhun anu jadi hasil pagawéan penting dina tradisi Hindi boh sastra boh palsapah.[1] Tarjamahan munggaran ieu karya tina basa Sanskerta kana basa Inggris dijieun kira-kira taun 1795 ku Sir Charles Wilkins.[1] Judul Bagawad Gita hartina “haleuang Gusti”.[1] Dijeun minangka puisi sarta pineun ku topik-topik utama nu patali jeung tradisi spiritual jeung intelektual India.[1] Sanajan normalna mah diédit minangka téks mandiri, Bagawad Gita jadi hiji bagian tina carita épik India anu disebut “Mahabarata”, carita épik India pangpanjangna.[1] Di jero téks panjang ieu aya bagian anu eusina 18 bab jeung 700 pasal, mangrupa bagian nu disebut Bagawad Gita.[rujukan?] ogé biasa disebut Gita wungkul.[1] Ieu téh mangrupa téks réligius pangkolotna di dunya.[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f (en)Bhagavad Gita (diakses 12 Januari 2015)
  2. (en)Gitaintrod (diakses 13 Januari 2015)