Baha'i

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Bahá'í (basa Arab: ﺑﻬﺎﺋﻴﺔ ; Baha'iyyah) nyaéta agama monotéistik nu nekenkeun dina kahijian spiritual keur sakabéh umat manusa. Agama Baha'i lahir di Persia (ayeuna Iran) dina abad ka-19. Panangtungna boga ngaran Bahá'u'lláh. Dina mimiti abad ka-21, jumlah panganut Bahá'í nepi ka kira-kira genep yuta jelema ti leuwih ti dua ratus nagara di dunia.

Dina ajaran Bahá'í, sajarah kaagamaan ditingali minangka hiji prosés pandidikan keur umat manusa tina para utusan Gusti nu disebut para "Pawujudan Gusti". Bahá'u'lláh dianggap minangka Pawujudan Gusti nu panganyarna. manéhna ngaku minangka pandidik Ilahi nu geus dijanjikeun keur kabéh umat jeung nu dinubuatkeun di jero agama Kristen, Islam, Buddha, jeung agama-agama lianna. manéhna nyatakeun lamun misina nyaéta keur nyimpen pondasi keur ngahijina sakabéh dunia, sarta ngamimitian hiji zaman padamaian jeung kaadilan, nu dipercayakeun ku umat Bahá'í pasti rek dongkap.

Nu jadi dasar ajaran Bahá'í nyaéta asas-asas kaesaan Gusti, kahijian agama, jeung ngahijina umat manusa. Pangaruh ti asas-asas hakiki ieu bisa ditingali tina kabéh ajaran karohanian jeung sosial lianna di jero agama Bahá'í. Hal ieu katingali dina ajaran sosial Bahá'í nu nganjurkeun lamun kabéh masalah masyarakat dibéréskeun ngaliwatan prosés musyawarah. Sakumaha dinyatakeun Bahá'u'lláh: "Sakitu kuatna cahya kahijian, nepi ka bisa nyaangan sakabeh bumi." Iman Baha'i nyaéta agama Abrahamik.