Lompat ke isi

Balapan Kuda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Balapan kuda nyaéta olahraga anu merlukeun kaparigelan dina tumpak kuda. Olahraga tumpak kuda kabagi jadi dua jenis, nyaéta balapan kuda sarta kaparigelan berkuda.[1] Dina balapan kuda, diperlukeun gancangna kuda dina lumpat sarta kaparigelan joki dina numpak kuda.[1] Sedengkeun kaparigelan berkuda diperlukeun kaserasian unggut antara kuda sarta joki.[1]

Kamekaran Balapan Kuda

[édit | édit sumber]

Di Inggris saprak 55 SM kuda geus dipaké pikeun kaperluan peperangan ngalawan bangsa Romawi.[1] Kuda tunggang anu kahiji nyaéta jenis kuda poni.[1] Sanajan bentukna leutik, jenis ieu tahan lila pikeun ditumpakan jelema.[1] Dina kamekaranana, bangsa Asiria mangrupa bangsa kahiji anu nyieun pasukan Kavaleri.[1] Dina taun 1532 di Naples, Perancis, ngadeg akademi Nunggang kuda.[1] Saprak harita, popularitas tumpak kuda beuki nyebar di sakumna Éropa sarta saterusna mekarpadika pikeun ngajar kaparigelan berkuda.[1]

Jenis Olahraga Berkuda

[édit | édit sumber]

Nepi ka ayeuna aya dua jenis berkuda; balapan kuda sarta kaparigelan berkuda.[1] Balapan kuda nyaéta olahraga anu ngahijikeun kagancangan kuda sarta kaahlian joki.[1] Dina jaman Walanda, organisasi balapan kuda geus kabentuk luyu jeung kamekaran fasilitas gelanggang balapan di wewengkon-wewengkon.[1] Perkumpulan anu kaceluk dina waktu éta téh Bataviasche Buitenzorgsche Wedloo Societeit (BBWS), Minahasa Wedloop Societeit,(MWS), sarta Préanger Sociaetiet (PWS).[1] Kaparigelan tumpak kuda nyaéta olahraga anu nitik beuratkeun kaserasian gerak antara kuda sarta nu numpakna. Dina taun 1921, dijieun Federation d’Equestre Internationale (FEI), anu ngadegkeun olahraga kaparigelan berkuda.[1] Olahraga kaparigelan berkuda di Yogyakarta sarta Surakarta ngan pikeun golongan karajaan.[1] Olahraga ieu mekar pesat antara 1929-1930.[1] Kacatet perwira KNIL bangsa Indonésia, di antarana Kolonél A.J Kawilarang sarta Kaptén Trenggono, kungsi ngahontal kameunangan dina olahraga ieu.[1] Saperti cabang olahraga nu tangtudina olahraga iru ogé aya pembagian kelas.[1] Pembagian dumasar jangkungna kuda, kuda nu jangkungna leuwih ti 150 cm, kaasup kelas A. Pikeun kuda kelas B, C, D, sarta E jangkung kudana nyaéta: 145-149,9 cm, 140-144,5 cm, 135–139 cm, sarta 134, 9 cm ka handap.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r (id)Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. Ensiklopedia Anak Nasional. 1989. PT Cipta Adi Pustaka. Kaca 79