Basa kosta

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
lambang basa

Basa Kosta nyaéta kecap asalna tina basa Sangsakerta anu hartina asing, jadi basa kosta téh hartina basa serepan.[1] Sagala basa di unggal bangsa euweuh nu tulén sagemblengna .[1] Biasana sok aya baé kacampuran ku basa séjén.[1] Kitu deui Basa Sunda, loba meunang pangaruh ti bbasa séjén, sanajan urang ayeuna geus teu apal yén hiji kecap téh sabenerna mah lain pituin Basa Sunda.[1] Karéréaanana mah kecap kosta dina Basa Sunda téh tina basa Arab, pangna kitu téh bisa jadi lantaran pangaruh agama Islam anu dianut ku Urang Sunda.[2] Contona baé aya kecap kosta anu miboga basa pituin Sunda saperti : salat, zakat, malaikat, salawat, saréat, [[haji, tahlil, wulu jsb.[2] Aya ogé nu ngandih kecap-kecap Sunda nu tos aya, saperti: pajar(balébat), waktu(mangsa), kupu(barana,kulararga), napsi-napsi(séwang-séwangan), pakasaban(pacarian,pausahaan), miskin, masakat, malarata9kokoroa0, milik(boga), misil, ibarah(saperti,babandingan), paédah(guna), kuburan(paésan), kabar(beja), jsb.[2] Aya kecap Arab ani dipaké pikeun ngalemeskeun kecap-kecap sunda nu geus aya, saperti: abdi(kuring), wafat(paéh), patwa, pituah(papatah), jisim abdi(diri kuring), jsb.[2] Salian ti éta aya ogé kecap Arab nu dianggap kasar ku Urang Sunda nepi ka katimbang kudu dilemeskeun , saperti: maksud(maksad), salamet(wilijeng), sunatan(sepitan), waktu(waktos), salat(netepan), jsb.[2] Lian ti basa Arab jeung basa Protugis téh, Basa Sunda ogé meunang pangaruh tina basa Walanda, Inggris, cina, Persi, Sangsakerta, Jawa, Kawi, jsb.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
  2. a b c d e f (id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.


Nulis.jpg