Basréng
Pidangan
Basréng bumbu lada, jajanan khas Bandung. | |
| Nami panjang | Baso digoréng |
|---|---|
| Asal | Kota Bandung, Jawa Barat |
| Bahan utama | Baso lauk (tanggiri), tipung, bumbu lada |
| Tekstur | Rangu (garing) atanapi satengah mateng |
| Rasa | Gurih, lada, asin |
Basréng atawa singgetan tina baso digoréng nyaéta salah sahiji kadaharan tradisional Bandung nu miboga bahan dasar lauk tanggiri. Basréng téh mangrupa camilan nu bisa didahar iraha jeung di mana waé.[1][2] Camilan nu bentukna mangrupa potongan panjang jeung rasana gurih.[1][2] Basréng kiwari loba dijual di mana-mana, jadi salah sahiji oléh-oléh has ti Bandung.[1] Loba pisan nu mikaresep ku sabab salian ti gurih, basreng ogé bisa jadi deungeun sangu.[1]
Cara nyieun
[édit | édit sumber]Pikeun nyieun basréng dibutuhkeun bahan utama nyaéta baso lauk tanggiri.[1] Sanggeus éta baso disimpen salila 2 poé, tuluy dikeureutan panjang-panjang.[1] Geus kitu mah kari goréng diminyak nu geus panas, tuluy pidangkeun kalayan maké bungbu bubuk saperti bungbu kéju atawa lada.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 "Basreng » Perpustakaan Digital Budaya Indonesia". budaya-indonesia.org. Diaksés tanggal 2017-10-30.
- 1 2 "Basreng | Maicih". maicih.co.id (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2017-10-30. Archived 2017-12-23 di Wayback Machine
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |