Caruluk
Caruluk atawa kolang-kaling (buah kawung) nyaéta ngaran camilan geunyal wangunna lonyod anu boga warna bodas transparan sarta ngabogaan rasa anu matak seger.[1] Caruluk anu dina basa Walanda biasa disebut glibbertjes anu sacara harafiah hartina " barang-barang leueur tur leutik " ieu dijieun tina siki tangkal kawung (Arenga pinnata) anu wangunna gepéng sarta geutahan. Pikeun ngajieun caruluk atawa kolang-kaling, para pangusaha caruluk biasana ngaduruk buah kawung nepika cangkangna tutung, saterusna dibeulah geusan dicokot siki na anu engkéna dikulub heula salila sababaraha waktu. Siki anu geus dikulub éta saterusna dikeueuman maké cai apu salila sababaraha poé nepi kapermentasikeun.[2]
Kandungan
[édit | édit sumber]Caruluk atawa kolang-kaling ngandung cai loba pisan, nepi ngahontal 93,8% dina unggal 100 gram-na. Ogé ngandung 0,69 gram protéin, 4 gram karbohidrat, sarta kadar lebu kira-kira sa-gram sarta serat dugal 0,95 gram. Salian ngabogaan rasa anu matak seger, ngadahar caruluk ogé ngabantuan ngalancarkeun gawéna saluran cerna jalma. Caruluk mangrupa salah sahiji buah has dina bulan Ramadan anu disuguhkeun dina wangun kolek sarta és buah. Kandungan karbohidrat anu aya dina caruluk bisa méré rasa wareg pikeun jalma anu ngadaharna, sajaba ti éta ogé ngeureunkeun napsu dahar sarta ngabalukarkeun barang dahar jadi ngurangan, ku kituna cocog di dahar minangka kadaharan diét. Caruluk ogé méré mangpaat pikeun ngubaran nyeri ugel - ugelan atawa sendi sarta ngandung kalsium nyaruaan tulang sapi. Kandungan mineral saperti protasium, iron, kalsium sangggup matak nyegerkeun awak sarta ngalancarkeun prosés metabolisme dina awak.[3]
Babak-babak ngajieun
[édit | édit sumber]- Milihan buah anu alus kualitasna : Milihan buah perlu pisan dina nangtukeun kualitas hasil éngkéna. Siki caruluk teu meunang kolot teuing atawa ngora teuing.
- Ngagodog Buah Sanggeus milihan buah dituluykeun kana prosés ngagodog, Ngagodog gunana pikeun ngaleungitkeun geutah dina buah, anu dipikawanoh ateul pisan sarta korosif
- Mesékan buah Pikeun nyokot siki migawéna dipesékan ngagunakeun péso leutik
- Ngagépéngkeun sarta mangsa fermentasi caruluk Siki caruluk arék digépéngkeun atawa sina gépéng ngagunakeun pakakas nu tangtu, sarta saterusna dikeueum ngagunakeun apu seureuh sarta cai beresih pikeun mitembeyan prosés ferméntasi.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Drs. Johan Iskandar, M.Sc., Ph. D., Prof. (2022). EKOLOGI PERLADANGAN ORANG BADUY : PENGELOLAAN HUTAN BERBASIS ADAT SECARA BERKELANJUTANDrs. Johan Iskandar, M.Sc., Ph. D. Jakarta: Penerbit Alumni. p. 235. ISBN [[Special:BookSources/.|.]] Check
|isbn=
value (bantuan). Disungsi16 Juli 2023 - ↑ Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. University of California: Frasa Lingua. p. 18. ISBN 9786026475275. Disungsi17 Juli 2023
- ↑ a b Amin, Sjarif (1984). Di lembur kuringAmin. University of California: Departemen Pendikan dan Kebudayaan, Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah. p. 79. ISBN [[Special:BookSources/.|.]] Check
|isbn=
value (bantuan). Disungsi16 Juli 2023
- " Kolang Kaling,Sajian Has Ramadan " . [Republika]. 2015-07-08. Diakses ping 2016-01-31.
- " Khasiat Kolang-kaling kanggo Kasehatan " . [Dream]. 2014-08-01. Diakses ping 2016-01-31.
- " Kanggo Manisan Kolang Kaling Praktis kanggo Kolek sarta Es Buah " . [Detik]. 2015-06-16. Diakses ping 2016-01-31.
- " Intip 5 Leeutan Damang Awit Betawi " . [Liputan 6]. 2015-06-23. Diakses ping 2016-01-31.
- " Rusiah Demit Dina Kolang Kaling " . [Bentaran]. 2016-01-29. Diakses ping 2016-01-31.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |