Lompat ke isi

Déflasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Déflasi nyaéta periode di mana harga-harga sacara umum turun, sedengkeun niléy duit nambahan[1]. Déflasi mangrupa kaayaan sabalikna tina inflasi. Déflasi mangrupa kaayaan jumlah duit anu sumebar di masarakat kurang[1].

Aya dua jenis déflasi, nyaéta:

  1. Déflasi Stratégis[3]. Mangrupakeun jenis déflasi anu dilantarankeun kawijakan ngeunaan gejala konsumsi anu loba teuing di masarakat[3]. jumlah paménta konsumsi anu loba teuing bisa ngalantarankeun harga produksi di pasar jadi mahal[3]. Sedengkeun harga jual jadi turun[3]. Déflasi stratégis ogé dilantarankeun ku ayana kawijakan ti bank séntral pikeun nurunkeun suku bunga[3]. Nalika suku bunga diturunkeun, loba masarakat anu kairut pikeun minjem duit ka bank[3]. Sedengkeun perusahaan, paloba-loba nyimpen duit di bank sangkan untung tina bunga anu dibéré ti bank. Ku kituna, jumlah duit anu sumebar di masarakat jadi saeutik, sarta harga barang jadi nurun. Tapi, pikeun kaayaan ékonomi nagara ieu kasus téh jadi boga dampak negatif lantaran teu stabilna ékonomi nagara[3].
  2. Déflasi sirkulasi[3]. Mangrupakeun kaayaan ékonomi teu stabil lantaran transisi ékonomi anu ngaronjat[3]. Déflasi sirkulasi tuwuh lantaran kamampuh produksi jeung kamampuh konsumsi teu saimbang, anu ngalantarankeun harga barang jadi murah[3]. Minat masarakat turun, sedengkeun produksi barang masih kénéh loba. Harga produksi jadi mahal, sedengkeun harga barang anu dijualna jadi murah[3].
Dampak positif tina déflasi
[édit | édit sumber]
  • Mata uang jadi kuat[4].
  • Minat nabung di masarakat jadi ngaronjat[4].
  • Masarakat leuwih hémat nalika balanja[4].
Dampak negative tina déflasi
[édit | édit sumber]

Aya sababaraha solusi pikeun nyangharepan déflasi, di antarana:

  • Netepkeun kawijakan monétér[5]. Ieu cara digunakeun sangkan jumlah duit anu sumebar ka masarakat ngalobaan. Carana, suku bunga dikurangan sangkan masarakat teu nyimpen duit di bank, tapi ngagunakeun éta duit pikeun balanja[1].
  • Netepkeun kawijakan fiskal[5]. Tujuanana masih kénéh sarua, sangkan jumlah duit anu sumebar ka masarakat ngalobaan[1].
  • UMR pikeun pagawé jumlahna dilobaan[1].
  • Pajeg pikeun nagara dikurangan[5].
  • Nurunkeun suku bunga[5].

Daftar Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e "Deflasi - Pengertian, Jenis, dan Contohnya | Tokopedia Kamus". Tokopedia. Diakses tanggal 2021-04-30. 
  2. a b c d e f g h i j Ramadhani, Niko. "Faktor Penyebab Serta Cara Mengatasi Deflasi". Akseleran Blog (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-04-30. 
  3. a b c d e f g h i j k Kresnoadi. "Jenis-Jenis Inflasi yang Bisa Terjadi dalam Sebuah Negara | Ekonomi Kelas 11". www.ruangguru.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-30. 
  4. a b c d e f Media, Kompas Cyber. "Apa Itu Inflasi: Pengertian, Penyebab, Dampak, dan Perhitungannya Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-30. 
  5. a b c d "Kenali Pengertian Deflasi, Penyebabnya Dan Cara Mengatasinya". www.harmony.co.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-04-30.