Dalima

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Dalima
Buah dalima
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Subkelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. granatum
Ngaran binomial
Punica granatum

Dalima (Punica granatum) mangrupa tangkal leutik nu jangkungna 'ukur' 5–8 m, asalna ti wewengkon Iran nepi ka Himalaya di India kalér, tapi geus dipelak di sakuliah tatar Méditerania ti jaman kuna[1]. Kiwari, ieu tutuwuhan bisa dipanggihan nepi ka wilayah tropis Asia Tenggara jeung Afrika.[2]

Daun & buah[édit | édit sumber]

Ilustrasi Dalima karya Otto Wilhelm Thomé, 1885.

Daun dalima mah patonggong-tonggong atawa rada nyingsal, hérang, heureut (panjang 3–7 cm, lébar 2 cm). Kembangna beureum (rupa-rupa, ti kayas nepi ka burahay), diaméterna 3 cm, diwangun ku lima makuta atawa leuwih. Bentuk buah Dalima buleud héksagonal, gedéna 7–12 cm (diaméter). Cangkangna rada kandel, kelirna beureum (atawa leuwih ngora nepi ka semu héjo), ngabungkus 600-an siki[3]. Bagian anu bisa didahar nyaéta daging nu ngabungkus sikina, nu matak ngirut ku sabab kelirna anu beureum.

Tangkal Dalima bisa tahan hirup dina usum halodo, sarta bisa tumuwuh di patempatan nu garing. Di patempatan nu leuwih baseuh, tangkal Dalima leuwih gampang ruksak alatan inféksi akar. Dina usum tiis, Dalima bisa tahan hirup nepi ka hawa kira −10 °C.

Hiji-hijina spésiés séjén dina genus Punica, Punica protopunica, ukur aya di pulo Sokotra. Nu ieu mah kembangna kayas, sedengkeun buahna leuwih leutik jeung kurang amis.[4]


Étimologi[édit | édit sumber]

Ngaran genus Punica dicokot ti bangsa Funisia nu boga jasa nyumebarkeun ieu tutuwuhan (pikeun alesan ageman), sedengkeun granatum dicokot tina ngaran buah ieu dina basa Prancis (kasebut dina catetan taun 1532.

Dina salah sahiji sumber, dalima disebut ogé dălima, tina angka lima nu nujul kana lima liang leutik nu ngabagina. Kecap ieu sacara harfiah ditarjamahkeun kana basa Jawa ngeunaan upacara, anu ogé katelah gangsalan.[5]

Melak & mangpaatna[édit | édit sumber]

Daun & buah dalima

Di Géorgia jeung Armenia ka wétankeun nepi ka Laut Hideung, tangkal Dalima tumuwuh liar di sabudeureun padumukan kuna nu teu dipiara. Sésa-sésa nu kapanggih nunjukkeun yén ieu pepelakan téh geus aya 3000 taun ka tukang[6]. Sumebarna ka Cina jeung Asia Tenggara sigana mah dibawa ngaliwatan Jalur Sutra atawa ngaliwatan laut.

Katuangan[édit | édit sumber]

Tangkal dalima

Nu diala tina buah Dalima téh daging nu ngabungkus sikina. Rasana biasana amis, tapi sok aya kesedna, alatan kandungan taninna. Di Timur Tengah jeung India, jus Dalima ilaharna dijus. Jus dalima nu geus diamisan dikentelkeun disebutna sirop grenadin, dipaké dina rupa-rupa katuangan Pérsia, tapi ka dieunakeun mah kagusur ku tomat.

Di India, Pakistan, jeung Timur Tengah, siki Dalima liar sok ogé dipaké salaku bungbu, katelahna anardana (tina basa Pérsia: siki dalima). Dijieunna ku cara méré sihan siki tina dagingna, lajeng digaringkeun salila 10–15 poé. Ngarah teu nyelap dina huntu, sikina ieu kadang sok terus ditipungkeun. Di Azérbaijan jeung Armenia, dalima ogé dipaké keur nyieun arak.

Pikeun kawarasan[édit | édit sumber]

Buah dalima beunang murak

Hiji buah Dalima (gumantung kana kualitasna) bisa nyukupan 40% pangabutuh vitamin C sapopoé manusa sawawa, ogé beunghar ku asam folat jeung antioksidan. Ieu buah euyeub ku polifénol, lolobana tanin nu bisa dihidrolisis, di antarana punikalagin, antioksidan nu bisa meungkeut radikal bébas.

Siki dalima

Dina sababaraha uji klinis, jus Dalima kabuktikeun jitu pikeun ngurangan sababaraha faktor résiko jantung, kayaning oksidasi LDL, status oksidatif makrofag, jeung formasi sél budah, nu sadayana bisa ngabalukarkeun atérosklérosis jeung kasakit jantung [1]. Dalima bisa ngurangan tekenan getih sistolik ku cara nginhibisi énzim pangobah angioténsin (ACE, angiotension converting enzyme) dina sérum[7]. Jus dalima ogé sigana mah bisa diinum pikeun merangan kangker prostat[8][9] and ostéoarthritis.[10]. Panalungtikan séjén di Universitas Wisconsin - Madison nunjukkeun yén jus dalima bisa ogé dipaké pikeun ngerém tumuwuhna kangker bayah [11].

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. S. D. Doijode, Seed Storage of Horticultural Crops, p. 77
  2. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  3. How many seeds does a pomegranate have? (statistical analysis).
  4. Lim, T. K. (2013). Edible Medicinal And Non-Medicinal Plants: Volume 5, Fruits. London: Springer Science & Business Media. p. 137. Diakses tanggal (disungsi) 7 Januari 2021. 
  5. Crawfurd, first (2017). Sejarah Kepulauan Nusantara: Kajian Budaya, Agama, Politik, Hukum dan Ekonomi 1. Yogyakarta: Penerbit Ombak. p. 312. ISBN 9786022584698. 
  6. The pomegranate in mythology
  7. Aviram M, Dornfeld L. Pomegranate juice consumption inhibits serum angiotensin converting enzyme activity and reduces systolic blood pressure Atherosclerosis 2001 Sep;158(1):195–8
  8. Can pomegranates prevent prostate cancer? A new study offers promise 26 September 2005
  9. BBC Juice 'can slow prostate cancer' 1 July 2006
  10. Pomegranate Fruit Shown To Slow Cartilage Deterioration In Osteoarthritis
  11. UW study shows pomegranate juice may help fight lung cancer

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]