E. Abdurrahman
Pidangan
| K.H. E. Abdurrahman | |
|---|---|
| Gumelar | 12 Juni 1912 |
| Pagawéan | Dosén, ulama |
Kiai Haji E. Abdurrahman (gumelar di Cianjur, Jawa Kulon, 12 Juni 1912 nyaéta dosén, ulama, jeung kungsi jadi ketua Persis. Anjeunna meunang khataman Al-Quran nuju umur 7 tahun, diajarna di Madrasah Nahdlatul Ulama Al-Ianah di Cianjur, saatos réngséna jadi guru agama. Dina tahun 1934, anjeunna ngagabung jeung Atikan Islam (Pendis) nu dipingpin ku M. Natsir di Bandung.[1]
Dina tahun 1959, anjeunna diangkat jadi dosén di UNISBA jeung dina tahun 1967, diangkat jadi dosén di IKIP Bandung. Anjeunna ngabina jeung mingpin pasantrén Persis Bandung nepi ka puput umur. Sok nyerat ngeunaan masalah agama jeung fiqih dina basa Sunda jeung Indonésia. Dina basa Indonésia, seratanna dibukukeun dina Recik-Recik Dakwah.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Édisi Cet. 1). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)