Lompat ke isi

Empét-empétan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
"Empét-empetan"

Empét-empétan; Olé-oléan nyaéta kaulinan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.[1][2][3] Empét-empetan diulinkeun ku jalan ditiup, ngaluarkeun sora kawas tarompét. [4] [5] Empét-empetan jarami paré ilaharna dijieun ku barudak di sawah mangsa usum dibuat atawa panén, kituna téh bari mantuan kolotna sagawé-gawé di sawah. [6]

Nyieun Empét-empétan

[édit | édit sumber]
  1. Sadiakeun jarami paré anu masih kénéh alus tangkalna henteu beulah, tuluy teukteuk palebah bukuna kudu kabawa, hiji deui teukteuk di handapeunna kurang leuwih sajeungkal.[6]
  2. Jarami anu handapeun bukuna pisan tuluy waé dipencétan sangkan beulah, panjang kurang leuwih sasénti.[6]
  3. Tuluy rojok liang jarami nu molongona nepi ka palebah bukuna, maksudna sangkan bungbas mangsa ditiup.
  4. Empét-empétan geus bisa dipaké atawa ditiup. [7]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Kunst, Jaap (2013). Hindu-Javanese Musical Instruments. London: Springer Science & Business Media. hlm. 29. ISBN 9789401191852. Diaksés tanggal 21 Maret 2020.
  2. Rosidi, Ajip (2013). Anak Tanah Air: Secercah Kisah. London: Anak Tanah Air: Secercah Kisah. hlm. 16. ISBN 9789794195444. Diaksés tanggal 21 Maret 2020. Pemeliharaan CS1: Lokasi penerbit (link)
  3. Taufiq Hidayat, Rachmat (2005). Peperenian urang Sunda. London: Universitas Michigan. hlm. 165–180. ISBN 9789793631578. Diaksés tanggal 21 Maret 2020.
  4. Walter, Kaufmann (1990). Selected Musical Terms of Non-Western Cultures: A Notebook-glossary. Universitas Indiana: Harmonie Park Press,. hlm. 134. ISBN 9780899900391. Diaksés tanggal 43981. Pemeliharaan CS1: Tanda baca tambahan (link)
  5. Jaap, Kunst (2013). Hindu-Javanese Musical Instruments Koninklijk Instituut voor Taal-, Land- en Volkenkunde. Jakarta: Springer Science & Business Media. hlm. 29. ISBN 9789401191852. Diaksés tanggal 43981. ;
  6. 1 2 3 Ajip, Rosidi (2010). Anak Tanah Air: Secercah Kisah. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. hlm. 16. ISBN 9789794195444. Diaksés tanggal 43981.
  7. Rachmat, Taufik Hidayat (2008). Pepernian Urang Sunda. Universitas Michigan: Kiblat Buku Utama. hlm. 165. ISBN 9789793631578. Diaksés tanggal 43981.