Eyjafjallajökull

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Eyjafjallajökull
Guðnasteinn
Hámundur
Eyjafjallajokull Gigjokull in ash.jpg
Gígjökull, Saluran kaluar glasiér Eyjafjallajökull panglegana nu katutupan ku lebu vulkanis
Luhurna 1.651 m (5,420 ft)
Pronunsiasi Pronunsiasi basa Islandia: [ˈeɪjaˌfjatlaˌjœːkʏtl̥]
Lokasi
Islandia
Lokasi Suðurland, Islandia
Koordinat 63°37′12″N 19°36′48″W / 63.62000°N 19.61333°W / 63.62000; -19.61333Coordinates: 63°37′12″N 19°36′48″W / 63.62000°N 19.61333°W / 63.62000; -19.61333[1]
Géologi
Tipe Stratovolkano
Volcanic arc/belt East Volcanic Zone
Bitu terahir Maret tepi ka Juni 2010
Sawangan ti béh kaléreun Mýrdalsjökull, Fimmvörðuháls katut Eyjafjallajökull (ti kénca ka katuhu) dina 4 April 2010, dipoto ti luhurna 10,000 méter (32,800 suku)

Eyjafjallajökull (dikecapkeun [ˈeɪjaˌfjatlaˌjœːkʏtl̥] ( dangukeun); basa Islandia keur "glasiér Eyjafjöll") nyaéta salah sahiji lapisan és Islandia nu rada leutik, perenahna di béh kaléreun Skógar, kuloneun Mýrdalsjökull. Ieu lapisan és téh nutupan kaldéra gunung api nu luhur ponclotna 1,651 metres ([convert: unknown unit]). Ieu gunung api geus bitu rada mindeng ti période glasial pangahirna, pangpandeurina mah bituna téh taun 2010.[2][3]

Géografi[édit | édit sumber]

Eyjafjallajökull ngawengku hiji gunung api nu kabéhanana katutupan ku lapisan és. Ieu lapisan és nutupan hiji wewengkon nu legana kira-kira 100 square kilometres (39 sq mi), nu ngaluarkeun loba saluran kaluar glasiér. Saluran kaluar glasiér utama nyaéta di béh kalér; Gígjökull, ngalir ka Lónið, jeung Steinholtsjökull, ngalir deui ka Steinholtslón. Ieu glasiér téh panglegana ka-4 di Islandia mah.[4] Dina taun 1967 aya urug gedé dina bojong glasial. Dina tanggal 16 Januari 1967 jam 13:47:55 (atawa 1:47:55 PM) aya kajadian bitu dina glasiér. Ieu kajadian bisa karékam wancina alatan séismometer-séismometer di Kirkjubæjarklaustur ngamonitor ieu gerakan. Nalika kurang leuwih 15,000,000 cubic metres (529,720,001 cubic feet) material nabrak glasier éta, sajumlah gedé udara, és, katut cai mimiti bagerak ti handapeun glasiér kaluar ka laguna nu aya dina suku glasiér.[4]

Gunungna sorangan mah, mangrupa hiji stratovolkano, nu titik pangluhurna mah luhurna 1,651 metres (5,417 ft), tur boga hiji kawah nu gurat tengahna 3–4 kilometres (1.9–2.5 mi), muka ka béh kaler. Biwir kawahna boga tilu punclut, nyaéta (saarah jeung jarum jam ti kalér wétan) Guðnasteinn, 1,500 metres (4,900 ft) (kurang leuwih), Hámundur, 1,651 metres (5,417 ft) jeung Goðasteinn, 1,497 metres (4,911 ft) . Beungeut kidul ieu gunung mangrupa hiji bagéan tina basisir Atlantik Islandia, nu salila mangrébu-rébu taun, lautna geus mundur 5 kilometres (3.1 mi). Basisir saméméhna mah kiwari mangrupa jungkrang nu lewang kalayan sababaraha curug, nu pangkasohorna mah Skógafoss. Nalika angin kenceng, cai tina curug-curug nu leuwih leutik malah bisa katiup naék deui ka gunung. Wewengkon antara gunung jeung basisir kiwari mangrupa hiji amparan nu rélatif datar, legana 2 to 5 km (1 to 3 miles), katelahna Eyjafjöll.

Ieu gunung api eusina hiji rohangan magma di sahandapeun gunung, nu asalna tina perbédaan téktonik Tonggong Atlantik Tengah. Ieu gunung téh bagéan tina ranté pagunungan nu manjang sapanjang Islandia. Tatangga-tatangga pangdeukeutna nu aktif nyaéta Katla, di béh kalér wétan, jeung Eldfell, di Heimaey, di béh kidul kuloneunanan. Ieu gunung api sacara géologis dianggep boga hubungan jeung Katla, sabab lamun Eyjafjallajökull bitu, biasana dituluykeun ku bituna Katla.

Eyjafjallajökull bulan Maret 2006, ditempo to hiji wewengkon wisata di Sólheimajökull, glasiér di gunung api Katla.

Gunung api Eyjafjallajökull bitu taun 920, 1612 tuluy ti 1821 tepi ka 1823 nalika nyababkeun caah nyebrot situ glasial atawa jökulhlaup.[5] Bitu tilu kali taun 2010 nyaéta tanggal 20 Maret, April–Méi, sarta Juni. Kajadian bulan Maret mah nyababkeun évakuasi gegedéan kira-kira 500 urang lokal,[6][7] tapi bitu tanggal 14 April mah sapuluh tepi ka dua puluh kalieun leuwih kuat sarta nyababkeun gangguan gedé kana lalu lintas udara di sakabéh Éropah. Nyababkeun dibolaykeunanan rébuan penerbangan di Éropah katut Islandia.

Étimologi[édit | édit sumber]

Ieu ngaran hartina "glasiér" (atawa ciplesna mah hartina "tutup és") Eyjafjöll. Kecap jökull, nu hartina glasiér atawa tutup és, mangrupa basa nu sakulawarga jeung kecap Basa Inggris Panengah ikel nu aya dina -icle dina basa Inggris icicle).

Eyjafjöll mangrupa ngaran nu dilélér pikeun sisi kidul gunung katut gunung-gunung leutik nu ngawangun suku gunung.

Eyjafjöll asalna tina kecap eyja (jamak tina ey, nu hartina eyot atawa island), jeung kecap jamak fjöll, hartina fells atawa pagunungan), lamun dihijikeun sacara literal hartina: "pagunungan di kapuloan". Ieu ngaran meureun nujul kana kapuloan Vestmannaeyjar nu aya di deukeuteunana.

Kecap fjalla mangrupa jamak génitif tina fjöll, jadi Eyjafjalla mangrupa wangun génitif tina Eyjafjöll nu hartina: "tina Eyjafjöll". Tarjamah literal bagéan demi bagéan tina Eyjafjallajökull baris jadi "tutup és Pagunungan di Kapuloan".

Eyjafjallajökull kadang-kadang ditujulkeun kana numeronym "E15".[8]

Géologi[édit | édit sumber]

Wewengkon katut sistem vulkanis aktif di Islandia

Ieu stratovolcano, nu liang-liangna miturut kana trén wétan-kulon, kawangun ku lava basalt tepi ka andesite. lolobana bitu historisna mangrupa bitu éksplosif.[9] Sok sanajan kitu, liang nu rengat aya dina kadua sisina (utamana béh kulon).[10]

Bitu taun 1821 tepi ka 1823[édit | édit sumber]

Sababaraha karuksakan disababkeun ku bitu leutik taun 1821.[11] Hususna, lebu nu kaluar alatan bitu ngandung pecahan florida nu loba, nu lamun dosisna loba mah bisa ngabahyakeun struktur tulang sato piaraan, kuda, domba, katut manusa. Ieu bitu ogé nyababkeun gerakan glasiér leutik jeung sedeng sarta caah di walungan Markarfljót jeung Holtsá nu aya deukeuteunana. Fase éruptif dimimitian tanggal 19 jeung 20 Désémber 1821 ku ayana bitu éksplosif nu tumuluy tepi ka sababaraha poé. Sumber-sumber nerangkeun yén lebu ragragan kacida kandelna di wewengkon sabudeureun gunung api, hususna ka béh kidul jeung kulon.[11]

Sanggeus kajadian éta, runtuyan bitu nu leuwih leutik tumuluy tepi ka bulan Juni 1822. Ti ahir Juni nepikeun ka awal Agustus 1822, runtuyan bitu lianna nuturkeun. Kolom bituna luhur pisan, kalayan lebu ragragan tepi ka jauh béh kalér nagara, di Eyjafjörður, sarta béh kidul kulon, di bojong Seltjarnarnes deukeuteun Reykjavík.

Période ti Agustus tepi ka Désémber 1822 katingalina mah leuwih simpé, tapi para patani mah matalikeun paraéhna lembu jeung domba di wewengkon Eyjafjörður jeung karacunan alatan bitu, nu ari analisis modéren mah ngidéntifikasi ieu kajadian téh minangka karacunan florida. Sababaraha glasiér leutik leupas ka walungan Holtsá. Nu leuwih gedéna mah nyaahan dataran deukeuteun walungan Markarfljót. Sumberna teu netepkeun tanggal pasti.

Dina taun 1823, sababaraha urang lalaki naék ka Eyjafjallajökull pikeun mariksa kawahna. Maranéhanana manggihan hiji liang rengat deukeuteun kaldéra poncot béh kulon deukeuteun Guðnasteinn.

Dina taun 1823 awal, gunung api deukeuteunana, Katla sahandapeun lapisan és Mýrdalsjökull bitu tur dina wanci nu babarengan, kolom sa'abna katempo dina poncot Eyjafjallajökull.

Lebu tina bitu Eyjafjallajökull taun 1821 kapanggih di sakabéh wewengkon kidul Islandia. Kelirna kulawu kolot, keusik jeung koralna ngandung silikon dioksida 28–40%.

Bitu taun 2010[édit | édit sumber]

A
Poto Eyjafjallajökull, dicokot ti Rute 1 bulan Agustus 2009

Bulan April 2010, aktivitas séismik katangén di wewengkon ieu gunung api, ku ayana mangrébu-rébu lini leutik (lolobananana magnitudona 1–2 skala magnitudo Richter, ukur saeutik nu leuwih gedé ti 3 magnitudo) 7–10 kilometres (4.3–6.2 mi) di handapeun ieu gunung api.[12] Dina ping 26 Pébruari 2010, peta séismik nu teu wajar dibarengan ku ngalegaanana kulit bumi kacida gancangna nu kadaptar ku Institut Météorologi Islandia.[13] Ieu téh ngabuktikeun ka ahli géofisika yén magma ngocor ti handapeun kulit bumi ka rohangan magma gunung api Eyjafjallajökull sarta tekananana ngakar tina prosés nu nyababkeun pindahna kulit bumi di daérah pertanian Þorvaldseyri.[14] Aktivitas séismik tumuluy ngagedéan sarta ti saprak 3–5 Maret, ampir 3,000 lini kauukur dina épiséntrum ieu gunung api.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Eyjafjallajökull, Iceland". Peakbagger.com. Retrieved 2013-08-09.
  2. "Increasing signs of activity at Eyjafjallajökull in Iceland: Eruptions". Scienceblogs.com. doi:10.1016/j.jog.2006.09.005. Diakses tanggal 2010-04-17. 
  3. "Iceland's volcanic ash halts flights in northern Europe". BBC News. Citakan:ISO date/en. http://news.bbc.co.uk/2/hi/8622978.stm. Diakses pada 15 April 2010 
  4. a b Eyjafjallajokull Glacier 
  5. ""Last Eyjafjallajökull Eruption Lasted Two Years", Iceland Review". Icelandreview.com. Diakses tanggal 2010-04-18. 
  6. Robbins, Tom (Citakan:ISO date/en). ""Iceland's hottest ticket — volcano tourism", The". London: Guardian. http://www.guardian.co.uk/travel/gallery/2010/apr/01/iceland-volcano-tourist-trips. Diakses pada 2010-04-18 
  7. Associated Press (2010-03-25). ""Volcano erupts in Iceland" Hundreds of people evacuated from areas near glacier but no immediate reports of damage or injuries, The". London: Guardian. http://www.guardian.co.uk/world/2010/mar/21/volacno-erupts-iceland. Diakses pada 2010-04-18 
  8. doi:10.1016/j.atmosenv.2011.05.034
    This citation will be automatically completed in the next few minutes. You can jump the queue or expand by hand
  9. "Eyjafjallajökull: Eruptive History". Global Volcanism Program, Smithsonian Institution. http://www.volcano.si.edu/world/volcano.cfm?vnum=1702-02%3D%26volpage%3Derupt. Diakses pada 2010-04-18. 
  10. "Eyjafjallajökull: Summary". Global Volcanism Program, Smithsonian Institution. http://www.volcano.si.edu/world/volcano.cfm?vnum=1702-02%3D. Diakses pada 2010-04-18. 
  11. a b Larsen, G. (1999). Gosið í Eyjafjallajökli 1821–1823 [The eruption of the Eyjafjallajökull volcano in 1821–1823] (PDF) (dalam Icelandic). Reykjavík: Science Institute. p. 13. Research Report RH-28-99. 
  12. Pulo-pulo Veðurstofa (5 Maret 2010) "Jarðskjálftahrina undir Eyjafjallajökli". Veðurstofa Ísland (The Meteorological Institute of Iceland). 
  13. "Fasteignaskrá measurement tools". 
  14. Morgublaðið (26.02.2010) "Innskot undir Eyjafjallajökli". Morgunblaðið. 

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Poto
Vidio jeung webcam
Audio
Artikel géologis
Perkiraan lebu penerbangan
Peta