Fardhu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Fardu atawa Fardhu dina basa Arab nyaéta status hukum tina hiji kagiatan anu kudu/wajib dilaksanakeun. Dina hukum Islam, fardu miboga harti anu sarua (deukeut pisan) kalayan status hukum wajib (mazhab syafi'i nyaruakeun fardu kalayan wajib, mazhab hanafi jeung mazhab hambali  nempatkeun fardu leuwih luhur tina wajib). Ninggalkeun nu fardu hartina konsékuénsi dosa, ari ngalaksanakeun mah berarti meunang kahadéan (pahala).

Ain jeung Kifayah[édit | édit sumber]

Fardhu wandana aya dua, Fardhu Ain jeung Fardhu Kifayah. Fardhu Ain diwajibkeun ka individu-individu. Ari Fardu Kifayah mah bakal dianggap geus dilaksanakeun lamun sakabéh muslim ngalaksanakeun.

Fardu Ain nyaéta status hukum dina hiji aktivitas dina Islam anu wajib dilaksanakeun ku individu anu geus luyu jeung pasaratanana. Dina Islam, ninggalkeun kagiatan anu hukumna Fardu Ain bakal kakeunaan ku dosa.

Nu kaasup kana Farhu Ain téh kieu.

  • Solat Lima Waktu
  • Puasa
  • Haji keur nu mampuh
  • Ngaluarkeun Zakat
  • Babakti ka sepuh
  • jsb.

Fardu Kifayah (Basa Arab: فرض كفاية‎) nyaéta status hukum tina hiji aktivitas dina Islam anu wajib dilaksanakeun, ngan lamun geus dilaksanakeun ku muslim anu séjén geus dianggap leungit. Conto aktivitas anu kaasup kana fardu kifayah téh kieu.

  • Solat Jenazah muslim
  • Diajar élmu nu tangtu (misalna kedokteran, ékonomi)
  • Taqwa
  • Jihad ibtida'i
  • Béla ka lemah cai.

Rujukan[édit | édit sumber]