Garéng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Garéng

Garéng nyaéta tokoh carita pawayangan, anak Gandarwa (bangsa Jin) nu diangkat anak ku Semar.[1] Ngaran lain garéng nyaéta Pancalpamor (nolak gogoda dunya), Pegatwaja (huntu minangka simbol yén Garéng teu beuki ngadahar kadaharan nu ngeunah tur ngabalukarkeun panyakit), jeung Nala Garéng (haté nu tuluy-tinuluy milampah kahadéan).[1] Garéng téh punakawan kadua sanggeus Semar, ciri-ciri Garéng:

  • Panon tileng ngandung harti teu hayang ningali hal-hal nu ngabalukarkeun maksiat atawa simbol ayana rasa waspada.[2]
  • Leungeun bengkung hartina teu hayang nyokot hak jalma lian sarta simbol taliti dina milampah hiji hal.[2]
  • Suku cingked némbongkeun lantip dina milampah hiji hal.[2]

Garéng resep heureuy, satia ka dununganana sarta resep nulungan batur.[1] Dina lalampahanana kungsi jadi raja di Paranggumiwayang nu ngaranna Prabu Pandu Bergola.[1] Manéhna kacida sakti nepi ka bisa naklukkeun sakabéh raja kaasup Prabu Welgeduwelbeh raja ti Borneo nu saenyana mah Pétruk nu ngajirim jadi raja.[1]
Dina wayang golék, tokoh Garéng téh anak bungsi ti Semar.[1] Sedengkeun dina wayang Jawa Tengah jeung Jawa Timur, Garéng téh anak kahiji ti Semar.[1] Sarua jeung tokoh Astrajingga jeung Dawala, ieu tokoh biasana dikaluarkeun keur ngahibur nu nongton.[1]

Caritana[édit | édit sumber]

Baheulana, Garéng téh sinatria nu gagah tur kasép kacida nu ngaranna Bambang Sukodadi ti padépokan Bluktiba.[1] Garéng kacida saktina nepi ka sok mindeng ngajak tarung ka unggal sinatria nu dipanggihanana.[1] Hiji mangsa manéhna panggih jeung hiji satria nu ngaranna Bambang Panyukilan.[1] Alatan hiji hal maranéhanana nepi ka gelut tapi euweuh nu meunang atawa nu éleh.[1] Balukarna mah awak maranéhanana ringsek nepi ka beungeutna mah teu mangrupa.[1] Tuluy datang Batara Ismaya (Semar) nu misahkeun Bambang Sukodadi jeung Bambang Panyukilan sarta méré piwuruk ka dua sinatria éta.[1] Alatan kasima ku piwuruk Semar, éta dua sinatria téh hayang diangkat jadi anak.[1] Antukna mah éta dua sinatria téh diangkat jadi anak Semar.[1]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p Gareng dan makna filosofisnya (Diakses tanggal 2 Desember 2011) (id)
  2. a b c Wayang Punokawan (Diakses tanggal 2 Desember 2011) (id)


Nulis.jpg