Lompat ke isi

Hadro

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Hadro nyaéta salah sahiji kasenian nu ngadumaniskeun budaya Parahiangan jeung budaya Parsi, Arab.[1] Pangaruh Arab katingali tina puisi solawatan nu dijadikeun syair lagu, sedengkeun unsur kasundaanana témbong tina tabeuhan jeung ibing nu dimaénkeunana.[2] Ieu kasenian mekar di Desa Bojong Kecamatan Bungbulang Kabupaten Garut sarta diwanohkeun ku Kyai Haji Sura jeung Haji Achmad Sayuti nu asalna ti Kampung Tanjung Singuru Samarang Kabupatén Garut nalika taun 1917-an.[1][2]
Wangun pintonanana ampir sarua jeung macapatan atawa maca wawacan nu dipirig ku terebang jeung beduk.[2] Ieu kasenian miboga ciri nu tangtu dina gaya jeung laguna.[1] Gaya atawa lagana mangrupa gerakan nu dicokot tina jurus-jurus penca silat nu ngagambarkeun ayana hiji ajén patriotismeu nalika para pajoang narékahan kamerdekaan.[1] Sedengkeun lagu atawa lirikna dicokot tina Sajak Pujangga Islam Syech Jafar Al-Banjanji.[1] Waditra nu biasa dipaké mirig hadro nyaéta rebana, tilingtit, kempring, kompéang, bangsing, tarompét jeung bajidor nu biasa digantungkeun na beuheung.[2] Para pamaénna maké kamprét bodas, calana hideung, totopong (iket) tur maké karémbong beureum nu dibeulitkeun dina dada.[1]
Biasana ieu kasenian dipintonkeun dina acara upacara poé-poé gedé atawa acara penting tingkat désa, kacamatan, kabupatén atawa propinsi.[1] Salian ti éta osok dipintonkeun ogé dina acara jatukrami, nyunatan, atawa acara maras (nyukuran buuk orok).[2]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g Hadro Archived 2013-03-16 di Wayback Machine (Diakses tanggal 24 Oktober 2011) (id)
  2. a b c d e Suhardiman,Budi&Darpan.2007.Seputar Garut.Garut:Komunitas Srimanganti (id)