Bangsing
Bangsing nyaéta waditra tiup anu hampir aya di Unggal daérah di Tatar Sunda[1]. Ieu waditra sajenis jeung suling, dijieun tina awi tamiang anu miboga tujuh liang[1]. Genep liang keur liang sora, sedengkeun hiji liang dipaké pikeun niup[1]. Liang anu jadi sumber sora ieu téh ayana di Deukeut pongpok (tutup[1]. Di CIrebon, Bangsing sok dipaké minangka panglengkep dina gamelan prawa, nya ta dina pintonan Ibing topéng Cirebon, tapi para senimanna nyebut bangsing téh suling[1]. Di daérah séjén, bangsing dipaké minangka panglengkep orkés Malayu nu ahirna sok disebut musik dangdut[1].
Cara Maén
[édit | édit sumber]Posisi Ramo
[édit | édit sumber]Posisi ramo nalika maén bangsing tangtuna baé béda jeung posisi ramo dina maén suling biasa, sabab bangsing mah dimaénkeun sacara horizontal, Ramo-ramo ieu disimpen kalayan susunan: Ramo curuk, jajangkung, jeung jariji ti leungeun kénca nutup tilu liang sora anu pangdeukeutna ti liang tiup[2]. Sedengkeun ramo curuk, jajangkung, jeung jariji ti leungeun katuhu nutup tilu liang sésana[2]. Lengeun henteu disajajarkeun, leungeun katuhu mah nyekelna ti Arah luhur, ari leungeun kénca mah ti handap[2].
Téhnik niup
[édit | édit sumber]Téhnik niup bangsing, dina prinsipna mah teu pati jauh jeung alat musik séjénna nyaéta niupkeun udara ka liang tiup. Nalika niup bangsing, biwir disimpen kira-kira saparapat ti liang tiup katutup ku biwir handap, sedengkeun biwir luhur ngatur udara anu kaluar saluyu jeung pangabutuh lagu[2]. Téhnik tiupan éta di antarana: (1) Tiupan Kendor pikeun ngaluarkeun sora rendah, (2) Tiupan sedeng pikeun ngahasilkeun sora anu sedeng, (3) Tiupan Kenceng, ieu tiupan ngagunakeun tekenan anu kenceng jadi sora anu kaluarna ogé luhur[2].
Référénsi
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |