Lompat ke isi

Hak asasi manusa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Rohangan pikeun gempungan Déwan Hak Asasi Manusa PBB di Jenewa, Swiss.

Hak asasi manusya (sok disingget HAM) nyaéta hak dasar hirup nu dipibanda ku unggal manusya ti saprak gumelar ka alam dunya.[1] Hak asasi manusya lain dibéré ku Nagara, hukum, atawa manusa séjén, tapi dipibanda ku manusya sagemblengna nu tayalian ciptaan pangéran numaha kawasa.[1] Hak asasi manusya sifatna universal, hartina ieu hak henteu kawengku ku tempat, waktu, kitu deui jalma nu tangtu, sarta ieu hak teu meunang dilanggar komo dipisahkeun ku singsaha ogé.[1]

Dina hirup kumbuh sapopoé hak asasi manusya bisa jadi hiji panyalindungan diri pikeun manusya tina martabat kamanusyaana, ogé jadi hiji tatapakan moral pikeun ngawangun hubungan silih asah silih asih sarta silih asuh di antara manusya jeung manusya séjéna.[2] Hak asasi manusya mangrupa hiji hak kodrat nu marengan unggal manusa, mibanda sifat (ipso facto dan ab initio).[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Ditempo tina étimologis, Hak asasi manusa diwangun tina tilu kecap, hak, asasi, jeung manusa.[2] Dua kecap nu munggaran, hak sarta asasi asalna tina basa Arab, ari kecap manusa nya tina basa urang kénéh.[2] Kecap haqq dicokot tina akar kecap haqqa, yahiqqu, haqqaan nu pihartieuna bener, nyata, pasti, tetep, sarta wajib.[2] Lamun diucapkeun kecap yahiqqu ‘alaika an taf’ala kadza, pihartieuna : anjeun kudu ngalaksanakeun kawas kieu.[2] Kecap asasiy asalna tina akar kecap assa, yaussu,asasaan nu hartina : ngawangun, ngadegkeun, nunda.[2] Bisa ogé hartina asal, asas, pangkal (puhu), dasar tina sagala rupa.[2] ku kituna, asasi mibanda harti sagala rupa nu mibanda sipat dasar tur fundamental nu salawasna napel kana objekna.[2]

Sajarah HAM dimimitian ti dunya beulah kulon (Éropa), tayalian saurang filosuf Inggris John Locke dina abad ka-17.[1] Manéhna nyebutkeun aya hiji kodrat hak manusa pikeun hirup (natural rights), nu mana ieu hak marengan kana diri tiap manusa tayalian : hak hirup, hak milih, sarta hak pikeun bebas.[1]

Numutkeun catetan sajarah, kasang tukang HAM téh ayana kahayang manusa pikeun marjuangkeun diri sangkan diriksa, dihormat, sarta diaku, pikeun nanjeurna harga diri unggal manusa nujadi tetekon dila lumangngsungna hirup kumbuh manusa sapopoé.[1] Dina lingkungan Internasional, pamikiran ngeunaan HAM meunang pangrojong ti sakabéh pangeusi nagara, ieu jadi hiji totondén kana ngaronjatna sajarah hadé dina peradaban manusa.[1] Hak asasi manusa geus jadi hiji dasar dina prinsip-prinsip umum nu diaku Hukum Internasional (HI), Kadieunakeun Hukum Internasional ngeunaan HAM ogé hasil tina mendekonstruksi atawa meureut sifat tradisional tina (HI).[1]

Dina HI tradisional ditétélakeun cenah hiji nagara mibanda hiji kabébasan pinuh dina ngayakeun tindakan pikeun sakabéh warga nagarana, daérah atawa wilayah umum saperti : laut, atmosfer, sarta luar angkasa.[1] Tapi dina hukum HAM Internasional, henteu kitu waé nagara mibanda kakawasaan pinuh, bisa waé diintervensi umpama hiji nagara kanyahoan ngalakukeun tindakan nu sakama-kama ka pangeusi nagarana, baris nyanghareupan hukum internasional.[1]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k Gunakarya, Widiada (2017). Hukum Hak Asasi Manusia. Yogyakarta: Penerbit Andi. ISBN 9789792963649. 
  2. a b c d e f g h El-Muhhtaj, Majda (2017). Hak Asasi Manusia dalam Konstitusi Indonesia. Jakarta: Prenada Media. ISBN 9786021186657. 

Baca ogé

[édit | édit sumber]