Hayam Pelung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Hayam Pelung
pelung jago jeung bikang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Subspésiés:
G. g. domesticus
Ngaran trinomial
Gallus gallus domesticus

Hayam pelung awalna mah ngan saukur aya di Jawa Kulon utamana di wewengkon Cianjur, tapi dina kamekaranana kiwari mah, hayam pelung téh geus réa sumebar ka sababaraha wewengkon di Indonésia. Hayam Pelung kaasup hayam jenis buras (bukan ras), nyaéta hayam anu asalna asli ti Indonésia. Tina wangun jeung dedeganna mah méh sarua jeung hayam buras séjénna, ngan ari hayam Pelung mah boga sababaraha hal anu leuwih punjul ti batan hayam-hayam buras séjénna. Éta sabbarah hal kapunjullan hayam Pelung téh di antarana:

  1. Dedegan awak nu badag: Hayam pelung nyaéta jenis hayam buras anu paling gedé beuratna saupama dibandingkeun jeung hayam buras séjén. Hayam Pelung jago déwasa beuratna bisa nepi ka 5-6 Kg hijina, lamun hayam Pelung bikangna maksimal bisa nepi ka 3,5 Kg hijina téh. Alatan awakna nu gedé, hayam pelung ogé poténsial saupama dijadikeun hayam pedaging (peunciteun).
  2. Leuwih gancang gedé: Upama dibandingkeun jeung hayam buras nu séjén, tumuwuhna hayam pelung mah leuwih gancang. Ieu hal téh ku sabab hayam pelung boga dedegan anu bongsor, anu matak tumuwuhna hayam pelung ti mimiti ciak nepi ka jadi hayam pelung déwasa bisa leuwih gancang.
  3. Sora kongkorongok nu ngalagu jeung panjang: Anu paling narik tina hayam pelung nyaéta sora kongkorongokna anu has nyaéta, aya irama/laguan jeung panjang. Hayam pelung anu kualitasna hadé boga sora anu teu ngan ukur panjang, tapi sora kongkorongokna téh ngelewung kalawan irama/laguna méh ketukan sora manuk perkutut

Iwal ti kapunjulan-kapunjulan éta, hayam pelung ogé boga ciri-ciri anu ngabédakeun hayam pelung jeung hayam buras séjénna, di antarana:

  1. Awak : postur awak/dedegan hayam pelung badag, tegep jeung gagah.
  2. Suku : Biasana suku hayam pelung leuwih gedé jeung warnana téh hideung semu biru.
  3. Bulu : Bulu dina hayam pelung katingalina leuwih hérang, jeung warna dina bulu hayam pelung teu pati aya warna anu has. Umumna mah warna bulu hayam pelung téh campuran antara hideung jeung beureum atawa campuran antara konéng jeung bodas atawa campuran héjo.
  4. Jawér : hayam pelung boga jawér anu jenisna jawér tunggal, rupa jawér hayam pelung badag, kandel jeung ajeg, sanajan aya sawaréh hayam pelung anu boga jawér déngdék. Warna jawérna beureum.
  5. Sora : sora kongkorongok hayam pelung leuwih ngalagu jeung leuwih panjang ti batan sora hayam buras séjén.

Umumna mah para penggemar hayam pelung katarik ngingu hayam pelung ku sabab dedegan awakna anu badag, tumuwuhna hayam pelung anu gancang jeung beuki katarik sabada ngadéngé kelewungna sora kongkorongok hayam pelung anu iramana ngalagu jeung panjang. Iwal ti éta, ku sabab awak hayam pelung jalu anu badag jeung pangbeuratna, nu matak hayam pelung boga poténsi sangkan jadi hayam buras pedaging. Ana pon hayam pelung bikangna biasana mimiti ngendog téh ti umur 160-210 poé, produktivitas ngendogna hayam pelung bikang bisa nepi ka 70 siki per taun, anu matak hayam pelung bikang boga poténsi pikeun jadi hayam buras petelur.

Kiwari geus réa jalma anu ngabudidayakeun hayam pelung iwal ti hobi ogé anu tujuanana sangkan jaganing géto bisa ngajaga kalumangsungan hirup hayam pelung sangkan tetep kajaga jeung teu punah. Salah sahiji cara anu dipaké pikeun numuwuhkeun rasa kacintaan dina ngabudidayakeun hayam pelung nyaéta ku diayakeunna kontés-kontés hayam pelung, utamana di wewengkon Jawa Barat. Diayakeunna kontés hayam pelung téh iwal ti minangka sarana pikeun ngajaga kalumangsungan hirup hayam pelung, ogé pikeun néangan bibit-bibit hayam pelung anu boga kualitas hadé. Kiwari mah hésé pisan meunang bibit hayam pelung anu sora kongkorongokna bening, ngalun/ngelewung jeung panjang téh. Ku sabab kitu perlu pisan diayakeun kontés hayam pelung téh sangkan bisa nimukeun bibit-bibit hayam pelung anu teu ngan saukur alus dedegan awakna tapi ogé sora kongkorongokna anu ngelewung jeung panjang.