Hudangna Yésus

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Lukisan ku Szymon Czechowicz, 1758

Numutkeun Pasubayaan Énggal, utamina Injil, Yésus Kristus, ngalampahan kasangsawisan atanapi kasawat miwah teras perlaya disalibkeun di sahandapeun gupernur Yudéa, Pontius Pilatus, dina kaping 14 Nisan (~sasih April) kinten-kinten warsih 30-33 M. Numutkeun murid-murid-Mantenna sareng sawatawis catetan sanésna, Mantenna gugah deui tina pupusna dina dinten anu katiga,[1] yaktos saparantos kaping 17 Nisan. Dinten éta mangrupi dinten munggaran dina saminggon. Pajaratan geusan Mantenna dikumurebkeun saparantos ngantunkeun kabuka seweng. Kinten-kinten 500 jalmi ningali Mantenna jumeneng deui saparantos Palastra-Na sareng sawatawis ti aranjeunna ningali Mantenna kaangkat munggah ka jomantara dugi ka ical kapambengan ku méga.

Kasang Pengker[édit | édit sumber]

Peristiwa ieu disebat dina términologi Karésten minangka gugahna Yésus Kristus, anu dipiémut sareng dirayakeun ku sadaya umat Karésten unggal warsih anu disebat Paskah.[2] Seuseueurna umat Kristen, nampi Pasubayaan Énggal minangka peristiwa sajarah tina kajantenan leres anu mangrupi puseur tina kapercantenan aranjeunna, sanaos kitu kasondong sawatawis Karésten liberal anu henteu nampi gugahna sarira.[3] Sanaos sapertos éta, limbrahna henteu aya umat Kristen anu nyawang cariosan ieu minangka legénda atanapi alégori.[4]

Seueur ogé anu nyebatkeun wiréh Yésus henteu leres-leres gugah miwah ieu janten kontrovérsi anu dicarios-carioskeun dugi ka danget ieu.[4] Nyondong ogé anu nyebatkeun wiréh Yésus mah namung dibius wungkul. Yésus sanés mung leres-leres perlaya, nanging ogé Mantenna gugah kalayan salira fisik anu sami waktos Mantenna ngantunkeun.[5]

Pagunjukkan Gugah[édit | édit sumber]

Pasubayaan Lami[édit | édit sumber]

Kitab Mazmur[édit | édit sumber]

  • Mazmur 16:10: "reh ku Gusti dijaga tina kawasa ajal. Abdi satuhu ngawula ka Gusti, ku Gusti moal diselehkeun ka dunya anu maraot."

Pangganepan: Yésus henteu teterasan linggih dina lebet pajaratan, nanging gugah ti dunya geusan jalmi anu perlaya.

Kitab Yesaya[édit | édit sumber]

  • Yesaya 53:10: "PANGERAN ngadawuh, "Eta geus pangersa Kami anjeunna kudu sangsara. Pupus jadi kurban pikeun nebus dosa. Ku jalan kitu yuswana bakal panjang, sarta piningalieun turunanana. Nya ku jalan anjeunna, pangersa Kami bakal ngajadi."

Pangganepan: Yésus teras iasa ningali jalmi-jalmi anu diwilujengkeun ku Mantenna, margi Mantenna parantos gugah tina palastra miwah henteu pupus deui sapapaosna.

Pasubayaan Énggal[édit | édit sumber]

  • Yésus Kristus salami jumeneng-Na parantos mupulih sahenteuna 5 kali wiréh Mantenna badé gugah saparantos pupus (Matius 12:40; Matius 16:21; Matius 17:9; Matius 17:23; Matius 26:32).
  • Para ahli agami Yahudi ogé arémuteun wiréh Yésus kantos ngandika "Saparantos tiga dinten Kami badé gugah", nu mawi saparantos Yésus dikurebkeun, aranjeunna mundut ka Pontius Pilatus, gupernur Yudéa, kanggo ngadastaan meterai sareng pangjagi pajaratan éta dugi ka dinten ka-3.[6]

Kronologi Gugahna[édit | édit sumber]

Opat Injil nyatet sapertos manten murid-murid-Mantenna sareng jalmi-jalmi anu sanésna mendak wiréh lalayon Yésus henteu nyondong deui dina Pajaratan geusan Mantenna dikumurebkeun saparantos ngantunkeun.

Mojang-Mojang ti Galilea[édit | édit sumber]

  • Sawatawis istri anu ngiring nyacatna Yésus ti Galiléa ka Yerusalém, utamina Maria Magdalena sareng Maria tuang ibuna Yakobus, sareng Salome, nyandak inisiatif kanggo nyiapkeun rempah-rempah sareng lisah mur kanggo engkinna dicandak jengkar ka pajaratan kanggo ngalisahan Yésus.[7] Saparantos leleson dina dinten Sabat miturut hukum Taurat,[8] sawaktos nyaketan sumpingna fajar dina dinten munggaran minggon éta (Dinten Minggon énjing-énjing), énjing-énjing kénéh, Maria Magdalena sareng Maria nu sanésna (numutkeun Markus, Maria tuang ibuna Yakobus) jengkar kanggo ngalayad éta pajaratan.[9] Injil Yohanes nyatet wiréh Maria Magdalena jengkar waktos dinten nuju wengi kénéh,[10] sedengkeun mitumut Injil Markus, mojang-mojang éta jengkar saparantos (=nyaketan) meletékna srangéngé.[11]
  • Dina lalampahan aranjeunna nyarios ka saurang jalmi anu sanésna: "Saha anu badé ngagulingkeun éta mungkal kanggo urang sadayana tina lawang pajaratan?",[12] ku margi pajaratan Yésus dituruban ku batu ageung. Sajabi ti éta, éta pajaratan ogé dimeterai sareng dijagi ku para tangtawis Romawi ku margi timbalanna Pontius Pilatus, gupernur Yudéa, dumasar kana kahoyong para ahli agami Yahudi.[6]
  • Waktos mojang-mojang éta kalebet Maria Magdalena dugi ka pajaratan, aranjeunna ningali wiréh batu anu émang kalintang ageungna éta téh parantos kaguling tina lawang pajaratan.[10] Maria Magdalena gura-giru lulumpatan ngéngingkeun Simon Pétrus sareng murid anu sanésna anu diasih ku Yésus (=Yohanes), sareng nyarios ka aranjeunna: "Gusti parantos dicandak jalmi ti pajaratanna sareng abdi sadaya henteu terang di mana Mantenna disimpen." [13]
  • Lanjang-lanjang anu sanés masih kénéh di éta pajaratan caket batu anu parantos kaguling ti éta pajaratan, sareng saparantos lebet ka lebetna aranjeunna henteu mendakan lalayon Gusti Yésus. Samentawis aranjeunna ngaradeg kaliwung-liwung ku margi éta perkawis, terang-terang nyondong dua jalmi anu ngadeg caket aranjeunna nganggo raksukan anu ngabaranang caang. Aranjeunna kalintang rejagna sareng ngaluuhan mastaka, nanging kalih jalmi éta nyarios ka aranjeunna: "Naha anjeun milari Mantenna anu jumeneng, di antawis jalmi anu pupus? Mantenna henteu nyondong di dieu, Mantenna parantos gugah."[14] Matius nyatet wiréh sateuacan éta pasamoan, saurang malaékat Gusti lungsur ti jomantara sareng sumping ka éta batu kalayan ngagulingkeunna teras linggih di luhurna.[9] Pameunteuna sapertos gelap sareng raksukanna bodas sapertos salju. Markus nyatét wiréh éta mojang ningali saurang anu anom nganggo jubah bodas linggih di palih tengen éta pajaratan nu mawi aranjeunna kalintang kagétna.[11] Ku margi éta pajaratan saleresna kaadeg tina taman sareng liang, nu mawi para pakar nginten-nginten wiréh éta mojang-mojang saparantos lebet ngalayad ngalangkungan lawang liang, sareng ngadeg di payuneun lawang éta pajaratan, teras ningali di palih tengen nyondong saurang anu anom anu teras dipikakenal minangka malaékatna Gusti. Henteu nyondong catetan anu tétéla wiréh malaékat(-malaékat) éta aya dina lebet liang pajaratan. Pangintenna mah, éta malaékat ngadeg (atanapi linggih dina luhur batu ageung) di sajabieun liang pajaratan, nanging masih kénéh dina lebet taman. Lukas nyatet nyondong 2 jalmi di ditu, nanging rupina mung sajalmi anu nyarios sareng para mojang (malaékat anu sanésna rupina mah teu percéka nyarios, nu mawi nembé diémut dina dinten anu salajengna ku para mojang éta sawaktos nyarios sareng Lukas). Nyondongna 2 malaékat ieu ogé dicatet dina Injil Yohanes. Yohanes nyatet wiréh sawatawis waktos salajengna, saparantos dugi deui di pajaratan, Maria Magdalena ningali nyondong 2 malaékat dina lebet liang pajaratan. Ieu kajantenan saparantos Pétrus sareng Yohanes parantos ningali pajaratan anu seweng teras jengkar nilarkeun éta pajaratan, nanging sateuacan Yésus anu ngadeg di sajabieun pajaratan nyampurasunan Maria.[15]

Tingali sakantenan[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. John Drane. 1996. Memahami Perjanjian Baru. Jakarta. BPK Gunung Mulia. Hlm. 111.
  2. T. Jacobs S.Y. 1981. Siapa Yesus Kristus Menurut Perjanjian Baru. Yogyakarta. Kanisius. Hlm. 248.
  3. (id)Karel Sosipater. 2010. Etika Perjanjian Baru. Jakarta. Suara Harapan Bangsa. Hlm 67-68.
  4. a b Adji A. Sutama. 2008. Yesus tidak bangkit. Jakarta. BPK Gunung Mulia. Hlm. 196-197.
  5. Norman Geisler. 2006. Ketika Alkitab Dipertanyakan. Yogyakarta. ANDI. Hlm.142.
  6. a b Matius 27:62-66
  7. Markus 16:1
  8. Lukas 23:56
  9. a b Matius 28:1
  10. a b Yohanes 20:1
  11. a b Markus 16:2
  12. Markus 16:3
  13. Yohanes 20:2
  14. Matius 28:1; Markus 16:2; Lukas 24:4
  15. Yohanes 20:12

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Pangrojong Kagugahan
Anti-kagugahan