Injéksi Uap

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ilustrasi injeksi uap

Injéksi uap nyaéta hiji prosés pendesakan minyak sakumaha siga injéksi cai.[1] Uap diinjéksikeun sacara tuluy tumuluy ngaliwatan sumur injéksi sarta minyak anu didesek bakal diproduksi ngaliwatan sumur lain anu padeukeut.[1] Ieu métode kapanggih ku pausahaan minyak Chevron jeung Texaco keur manaskeun minyak dina jero bumi sangkan leuwih gampang ngalir anu engkéna bisa disedot kaluar.[2]métodeuieu diterapkeun di ladang minyak bumi di Duri, Riau lantaran minyak Duri mangrupa minyak kentel.[2] Lamun minyak kentel ieu maké sistem biasa, minyak ngan bisa kasedot tina jero bumi kurang leuwih 15-20% tina cadangan nu aya.[2] Tapi lamun disedot maké sistem injéksi uap, kira-kira 70-80% cadangan minyak bisa disedot kaluar sanggeus jadi cacai uap panas diinjéksikeun kana beuteung bumi.[2]

Mékanisme Injéksi Uap[édit | édit sumber]

Zona anu miboga uap jenuh bakal kawangun waktu uap diinjéksikeun di sabudeureun sumur injéksi keur ngadorong zona anu ngandung hasil kondénsasi uap.[1] Temperatur dina jero zona uap ngadeukeutan harga temperatur uap tina generator.[1] Turunna temperatur anu leutik bakal gerak ka arah anu ngajauhan sumur injéksi anu dibalukarkeun ku turunna tekenan dina arah aliran.[1] Temperatur bakal turun tina temperatur uap kana temperatur reservoir, mimitina mah tina zona uap anu kakondénsasi.[1]

Minyak nu ngandung komponen nu tangtu aya dina jero zona invasi uap bakal ngalaman prosés distilasi nyaéta panguapan sabagéan minyak anu tinggaleun akibat ayana zona cai panas anu gerak di muka zona uap.[1] Distilasi sabagéan minyak ieu dina komponén-komponén ringan, hal ieu disababkeun ku minyak hampang nu miboga tekenan panguapan anu leuwih luhur dibandingkeun jeung minyak beurat.[1] Pangaruh panas di jero zona cai panas dina produksi minyak nyaéta turunna viskositas minyak, ékspansi thermal minyak jeung saturasi minyak sarta robahna perméabilitas relatif dina temperatur anu luhur.[1]

Réspon reservoir minyak sanggeus dilakukeun injéksi uap mangrupa hiji gejala alam anu bisa digambarkeun kalawan pendekatan sacara matematik ngaliwatan anggapan-anggapan jeung idéalisasi guna kaperluan peramalan sarta optimasi kondisi operasi anu dibutuhkeun sangkan ngahasilkeun paningkatan recovery anu maksimum.[1]

Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Injéksi Uap[édit | édit sumber]

Kaonjoyan Injéksi Uap[édit | édit sumber]

  1. Uap miboga kandungan panas anu leuwih gedé tibatan cai nepi ka efisiénsi pendesakan leuwih éféktif.[3]
  2. Recovery leuwih gedé dibandingkeun jeung injéksi cai panas pikeun jumlah input énergi anu sarua.[3]
  3. Dina jero formasi bakal boga wangun zone steam jeung zona cai panas, di mana masing-masing zona ieu bakal miboga peranan kana prosés pendesakan minyak kana sumur produksi.[3]
  4. Efisiénsi pendesakan nepi ka 60% OOIP.[3]

Kahéngkéran Injéksi Uap[édit | édit sumber]

  1. Panas bakal ngaleungit dina sakabéh transmisi nepi ka kudu dipasang isolasi dina pipa.[3]
  2. Spasi sumur injéksi jeung produksi kudu rapet, lantaran ayana panas nu leungit dina formasi.[3]
  3. Ayana masalah korosi, skala, atawa émulsi.[3]
  4. Lantaran ayana bébédaan gravitasi, formasi nu aya di bagéan luhur bakal kasaturasi stéam, nepi ka éfisiénsi pendesakan bagéan luhur alus pisan.[3]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j Taruh, Priant. "Priant Taruh: Injeksi Uap (Steam Injection)" (dalam bahasa en-US). Priant Taruh. http://www.prianttaruh.com/2017/07/injeksi-uap-steam-injection.html. Diakses pada 2017-11-22 
  2. a b c d Marbun, M.A (2004). Ensiklopedia Geografi. Bogor: Yudhistira. p. 123. ISBN 979-746-308-7. 
  3. a b c d e f g h Satriawan, Stevano. "Injeksi Uap". Steamflood. Academia Edu. Diakses tanggal 22 November 2017.  Archived 27 Séptémber 2018 di Wayback Machine