Iskandarwassid
Prof. Dr. Iskandarwassid, MPd, Iswas, kitu nénéhna sapopoé lahir di Cimahi, Bandung 10 Mei 1939, agamana Islam Ngaran istrina Siti Jenab.[1] Anak-anakna nyaéta Sonny Wijaksana, Rinni Hanaria, Fitri Ganjari, Riana Surtikanti, jeung Arismaya.[1] Pikeun Iswas ngarang téh sarua jeung ngawujudkeun hasil observasi pasif sanggeus diadumaniskeun jeung imajinasi.[1] Kungsi dicoba, anjeunna nulis karya ukur ngandelkeun hasil imajinasi, tétéla hasilna teu nyugemakeun.[1] Minatna kana sastra mimiti timbul nalika anjeunna sakola di kelas lima SD.[1] Jaman harita, guruna, Ardiwinata sering ngadongéng di hareupeun kelas.[1] Ari anu didongéngkeunana biasana meunang nyutat tina buku-buku basa Sunda terbitan Balai Pustaka saperti Nunggul Pinang jeung Trésna Séna jeung Nyi Putri Sedihasih.[1]
Atikan
[édit | édit sumber]- SR Cipageran (1953)[1]
- SGB (1956)[1]
- SGA Negeri 1 Bandung (1959)[1]
- Sarjana Muda Bahasa dan Sastra Sunda/ Indonésia IKIP Bandung (ayeuna UPI) (1964)[1]
- Sarjana Bahasa dan Sastra Indonésia IKIP Bandung (1973)[1]
- S2 Pendidikan IKIP Bandung[1]
- S3 UPI Bandung (2002)[1]
Karir
[édit | édit sumber]- Guru SD (1960)[1]
- Guru Bahasa Inggris SMP BPI[1]
- Guru SMA Negeri XI Bandung (1967-1979)[1]
- Wakil Kepala Sekola (1974)[1]
- Dosén FKSS IKIP Bandung (ti 1978)[1]
- Dosén Program Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda, UPI Bandung (ti 2009)[1]
- Rédaktur Majalah Sangkuriang.[1]
- Rédaktur Majalah Campaka[1]
- Rédaktur Majalah Pitaloka[1]
- Kolabolator Dr. H. Chambert Loir EFéo (L’Ecole Francaise d’Extreme-Orient) (1972-1976)[1]
Karya
[édit | édit sumber]- Halimun Peuting (Kumpulan carita pondok, 1989)[1]
- kamus Istilah Sastra (1992)[1]
- jeung sajabana
Panglélér
[édit | édit sumber]- Hadiah Sayembara Menulis Pantun ti Majalah Teruna, Jakarta (1955) ros.
- Hadiah Sastra Manglé pikeun tulisan judulna "Pernahna Dayeuh Pajajaran ceuk Pantun" (1976)[1]
- Hadiah Rancagé pikeun buku kumpulan carpon Halimun Peuting.[1]
Ngeunaan sawaréhna tina sipat dirina, Iskandarwassid ngajéntrékeun kieu:
"Ari pangna bisa dalit jeung Kang Karna, jalan-jalanna mah pédah kuring rada ngangkrang.[2] Duka naon lantaranana harita kuring boga sipat kitu.[2] Dina diskusi-diskusi, kana gagasan jeung pamanggih batur téh sok hayang ngaduan waé.[2] Pédé, sakapeung operékting, duka kompénsasi tina naon.[2] Ka Kang Karna gé kitu.[2] Hayangna mah meureun harita téh dilayanan.[2] Tapi da Kang Karna mah teu biasa kitu.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |