Lompat ke isi

Jukut létah hayam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jukut Létah hayam
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Plantae
Divisi:
Tracheophyta
Kelas:
Magnoliopsida
Ordo:
Rosales
Kulawarga:
Urticaceae
Génus:
Pouzolzia Gaudich.
Spésiés:
Pouzolzia zeylanica (L.) Benn. & R.Br.
Ngaran binomial
Pouzolzia zeylanica
Sinonim

Jukut létah hayam; Pouzolzia indica nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Urticaceae. [1][2][3][4]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Tangkal na ajeg, rupa-rupa boh tina ukuran anapon kabiasaan hirupna.[4] Jangkung 15-30 cm; Daun panjang 2-3,8 cm; buleud endog aya ogé anu lonyod atawa-lanset.[4] Kembang laleutik, ngumpul ngawujud androgini aksila leutik. [5] Ciri mandiri tina kulawargga urticaceae salah sahijina, tangkal jeung daunna mibanda bulu anu mérang.[5] Dina basa ilmiah disebut sél-sél épidermis anu racunan sarta tungtungna heuras (disilisifikasi).[1] Kembangna héjo miboga kelamin tunggal, ogé dilimpudan ku bulu-bulu anu matak arateul. [1]

Guna jeung manhpaat

[édit | édit sumber]

Jukut létah hayam di India, dimangpaatkun pikeun ngubaran misalah tulang (misalah/tipalitek). [6] Daunna anu mibanda sipat anthelmintik sareng rentan, dimangpaatekun pikeun ngubaran cicatricial pikeun borok gangrenous, dina sipilis sareng gonorrhea sarta balukar tina peurah oray (Chopra et al. 1956).[5] Daunna anu digaringkeun, tuluy dibebek nepi ka bubuk. Dicampur cai kalapa, tulut diinum sapoé dua kali, mangpaatna pikeun ngubaran barusuh.[3] Tangkalna diduruk, terus lebuna diala. Dipaké ngubaran borok atawa inveksi, sipilis dina kulit. Tangkal jeung daunna di Godog, cai godoganna dipaké kekemu. Pikeun ngubaran nyeri huntu jeung barusuh. [3]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 Sambamurty, A. V. S. S. (2010). Sambamurty. Indonesia: I. K. International Pvt Ltd. hlm. 582. ISBN 9788188237166. Disungsi16 Januari 2022
  2. HEYNE, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Linrary New York Botanical Garden: Ruygrok & Co BATVIA. hlm. 79. Disungsi14 Januari 2022 Salah ngutip: Parameter dalam tag <ref> tidak sah;
  3. 1 2 3 Global, biodiversity gllbal (2022). Global. Indonesia: Gbif. hlm. 1. Disungsi 16 Januari 2022
  4. 1 2 3 Base, Electronic data (2022). Base. Indonesia: Nature info. Archived 2022-01-18 di Wayback Machine Disungsi 16 Januari 2022
  5. 1 2 3 Kumar Gaur, Nikolay Manchev Petrov, Basavaprabhu L. Patil, Mariya Ivanova Stoyanova, Rajarshi (2016). Kumar Gaur, Nikolay Manchev Petrov, Basavaprabhu L. Patil, Mariya Ivanova Stoyanova. Indonesia: Springer. hlm. 114. ISBN 9789811014062.. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Disungsi16 Januari 2022
  6. Pullaiah, K. V. Krishnamurthy, Bir Bahadur, T. (2016). Pullaiah, K. V. Krishnamurthy, Bir Bahadur. Indonesia: CRC Press. hlm. 175. ISBN -. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Disungsi16 Januari 2022