Kaawakan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Ambox warning pn.svg Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Kecap kaawakan mangrupa hiji falsafah urang Sunda anu jero tur pohara pentingna dina kahirupan. Kaawakan téh hartina pas, klop, saimbang, saluyu atawa mantes jeung diri. Jalma nu kaawakan dina hiji perkara hartina pantes jeung bisa mawa diri. Merhatikeun kaawakan- henteuna penting pikeun kontrol kahirupan. Manusa sakuduna ngalakukeun hiji perkara téh nu kaawakan ku dirina. Mikahayang nu teu kaawakan bakal teu mantes kana diri, cawérang, diseungseurikeun ku batur, euweuh ajrihna, kadituna mah cilaka ku pamolah sorangan.

Hanjakalna, dina kahirupan sabudeureun urang, réa jalma mikahayang atawa nyandang nu sabenerna teu kaawakan ku dirina. Hasilna lain alus, tapi kalah kagoréngan nu teu karasa. Mun urang peka ngalenyepan kahirupan, saéstuna bakal kasawang jalma-jalma nu kaawakan-henteuna dina rupa- rupa perkara. Aya jalma nu teu pantes maké mobil, pantesna maké motor. Sabalikna, aya nu sabenerna teu kaawakan maké motor, pantesna maké mobil.

Aya jalma nu teu pantes jadi jalma beunghar, pantesna jalma biasa-biasa, ogé sabalikna. Aya jalma nu kaawakan jadi doktor, loba ogé nu henteu. Nu kaawakan mah, kadoktorana téh katingali, ngajiwa kana dirinya. Katingali academic attitude jeung integritasna, diakui karyana, katempo wawasan jeung percaya dirina. Sabalikna, nu teu kaawakan mah, gelar doktorna téh ngan saukur formalitas, teu mawa pangaruh, teu ningkatkeun ajrih dirina. Biasa-biasa euweuh paningkatan elmuna. Aya deui jalma nu teu pantes pamajikana hiji, pantesna téh dua da kaawakan pisan. Sikepna adil, duitna loba, kapamingpinana alus, wiwahana aya, jeung pamajikana bisa narima. Sabalikna, loba nu teu pantes, euweuh cupat jeung teu kaawakan sanajan miboga ogé. Nu kitu mah pasti riweuh na teh, loba masalah, jajauheun tina kesenangan poligami. Aya deui nu pantesna jadi pamingpin, teu pantes jadi rahayat. Loba nu teu pantes jadi pejabat, pantesna jadi bawahan. Buktina, nalika jadi pejabat kalah loba kagorengan nu kabuka, kanyaohan kualitas aslina, ragrag harga dirina. Aya jalma miboga mobil alus, barangna mahal, duitna loba. Tapi, nu kadéngé kalah omongan batur: “Asa ku teu pantes si éta beungharnya.” Rarasaan batur kitu téh tong dianggap sapira, salama jujur jeung tanpa kapentingan, bisa jadi ngagambarkeun sajatina. Ayana nu ngomong kitu lantaran meureun sok kadéngé jeung katingali, sikep jeung ucapan sapopoéna teu némbongkeun kaajrihan jalma beunghar: penampilan jeung omongan teu saluyu, dedegan awak teu ngadukung, sikep méntalna jiga nu sangsara, teu ngarti kana téknologi. Komo bari tara barang béré (bahasa Indiana mérégéhésé alias korét cap jahé), dipéntaan pedit, kajeun méré itungan, kana barang lebaran. Jadi, nu karasa ku batur téh teu mantes. Teu kaawakan beunghar. Aya deui nu teu kaawakan dina élmu. Jalma sakolana luhur, gelarna profésor doktor. Ngan karasa ku batur jeung lingkungana téh asa teu pantes, asa cawérang. “Si pak éta geus profesor? Euleuh? Maenya? Profesor naon?” Bari kagétna téh, kagét anéh, mirakukeun, teu manteskeun. Ayana caritaan kitu téh, lantaran batur ngarasa euweuh kaajrihan tina gelarna: elmuna teu kadéngé, sikep kritisna teu katingali, gagasana euweuh, mun ngomong pabaliut malah teu kaharti, tara nulis komo dina jurnal ilmiah. Kitu deui ngeunaan jabatan. Aya jalma nu ceuk haréwos bojong, asa teu pantes si Astahiam jadi pejabat atawa pamingpin. Rék dipapantes ku batur kumaha, da caritaana teu jiga pamingpin, kamampuan na teu katingali, kanyahoan loba kasieun, disentég murungkut, teu boga kategasan, jabatana teu nambah wiwaha na, ku bawahan kalah pada ngomongkeun. Sagala rupa dina kahirupan teh kudu kaawakan, kudu saluyu jeung diri, kudu mantes, nyetél, jejeg, karasa wiwaha tur komara na. Lain ku dasi, tapi dina kecap, integritas jeung sikep méntal. Nyandang nu teu kaawakan kalah ngaririweuh diri, cawérang karasana. Mun urang saréréa bisa ngalenyepan tur maké falsafah ”kaawakan,” sigana bérés kahirupan teh. Carana urang apal kaawakeun- henteuna hiji perkara ku jalan loba méré nung, introspéksi, ngahirupkeun haté jeung kapekaan diri. Hayu urang silih rojong, silih ingetan!

Sumber Rujukan[édit | édit sumber]

http://www.sundamedia.com