Ki Tapa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Ki Tapa atawa Kiyai Tapa (ngaran aslina Pangéran Nagarajaya), ulama, pahlawan Nasional ti Banten.

Ki Tapa téh teureuh ménak Banten, dibabarkeun di Karaton Surasowan, putra Sultan Muhammad Zainal Abidin nu nyangking kakawasaan di Kasultanan Banten taun 1690-1733, dina mangsa Banten geus kaeréh ku Kumpeni Walanda nu puseurna di Batavia.

Ku sabab Ki Tapa mah leuwih kataji ku élmu agama jeung darigama batan kahirupan karaton, anjeunna ngumbara ka sababaraha wewengkon pikeun ngadegkeun pasantrén. Mun pasantrénna geus maju sarta loba santrina, Ki Tapa masrahkeun éta pasantrén ka santrina anu punjul, lajeng anjeunna mah muka deui pasantrén anyar di wewengkon séjén. Anu panungtungan téh di Gunung Munara, Tangerang, anu santrina jul-jol ti saban nagri di Nusantara (kiwari urut wewengkon pasantrén téh jadi lembur nu ngaranna Kampung Karamat).

Rujukan[édit | édit sumber]